Kemis, 27 Januari 2005 (kalender Masehi) Respati, 10 Paro Caang (Suklapaksa), Kartika (01), 1941 (ceuk kalender Saka Sunda)
Baraya sa alam dunya, Nyelang heula ka internet, ngalongok milist, samemeh ka panglawungan "bersama kita bangkit" tea, anu geus nincak poe ka dua. Teu aya sanes, sono, boh ka baraya anu tos lami sakumaha ka anu nembe lalebet. Wilujeng sumping bae ka sadaya wargi-wargi enggal di Kusnet, hapunten heunteu ditataan saurang-saurangna. Leres, si kuring teh teu gugur teu angin, diondang pikeun hadir dina acara panglawangunan, ceuk cenah, masyarakat Jawa Barat, anu dilaksanakeun 2 poe, 26-27 Januari 2005, lumangsung di pendopo kediaman walikota Bandung, Jl. Dalem Kaum, Bandung. Ieu panglawungan teh judul aslina dina basa Indonesia, sarupa kieu: "Dialog Partisipatif Masyarakat Jawa Barat, Pertemuan Masyarakat Jawa Barat untuk Indonesia 'Bersama Kita Bangkit'". Undangan disarengan ku "kerangka acuan"-na (lumayan kandel, munel upama diguar). Eta panglawungan dilaksanakeun ku 4 organisasi kasundaan, nyaeta: Yayasan Pembangunan Jabar, Bandung Spirit, Gema Jabar, jeung DPKLTS. Tina anu opat teh ukur Bandung Spirit (BS) jeung DPKLTS (Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda). BS mah dipupuhuan ku Kang Acil Bimbo tea, anapon di DPKLTS linggih minangka rengrengan pupuhuna, Mang Ihin (gubernur jabar manten) sareng Kang Mubiar Purwasasmita (ahli lingkungan anu sagala bisa, dosen itb, teureuh sumedang, kasangtukang atikanana: teknik kimia cap gajah). Kasangtukang panglawungan satemenna taya lian ti perkara evaluasi pamarentah jabar dina mayunan Otonomi Daerah, khususna proses transformasi pikeun ngawujudkeun pamarentahan jeung kaayaan masyarakat anyar (khususna Jabar) anu leuwih demokratis, desentralistis, sae, jeung bersih(good and clean government), utamina dina mangsa transisi ayeuna-ayeuna ieu. Nyaeta ngupayakeun, kalawan ngaevaluasi kinerja Pamarentah Jabar (visi, misi, prak- prakanana migawe program) jeung ngaleleran usulan-usulan pikeun pangropea, sangkan otonomi daerah di Jawa Barat sukses jeung jadi conto propinsi-propinsi sejenna. Jadi sok sanajan jejer panglawungan teh ngaharib nasional, tapi eusina mah nyoko pikeun kapentingan warga US di Tatar Sunda (saheulaanan). Rupina sakitu bae heula anu tiasa kalaporkeun, ke kapayun urang sambung ku nyutat kalawan singket maksud jeung tujuan panglawangan, oge sakedik bahan-bahan anu parenting tina "kerangka acuan" eta panglawungan. Anapon hasil panglawungan na mah sigana moal bisa kalaporkeun ayeuna-ayeuna ieu kulantaran ngantosan hasil ringkelan rumusanana ti panitia. Peryogi kauninga, ieu panglawungan teh ngarupikeun bagean tina sababaraha panglawanguna dina jejer sarupi anu bade dilaksanakeun dugi ka sasih Mei 2005. Tujuan akhir tina ieu runtuyan panglawungan teu aya sanes: Pangropea (revisi) Visi jeung Misi katut Renstra Pangwangunan Jawa Barat (naha kahontal? upama teu kahontal naha nuduhkeun kinerja Pamarentah Jabar anu awon atanapi Visi, Misi & Renstra-na anu luhur teuing?). Ieu panglawungan nya sarupi runtuyan panglawungan "Dialgo Jabar 2010" ti payun anu ngahasilkeun lebetan (input) kana Visi & Misi + renstra Jabar ayeuna ieu. Memang, ieu panglawungan ngarupikeun terasna tina Dialog Jabar 2010) kapungkur (Taun 2000-an). Cag. Baktosna, manAR --- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tadi diSMS Kang Oman ngawartosan yen dinten ieu dugi ka enjing aya panglawungan masyarakat Jabar "Bersama Kita Bangkit". Tempatna di Pendopo Walokota. > > salam > Jalak Pakuan > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

