Engke wengi di antv jam 23.30, oge nanggap urang Sunda, acarana Kang Purwacaraka eta mah... Na koran Media Indonesia, kabejakeun MK (Mahkamah Konstitusi) keur ngalalanyahan narjamahkeun konstitusi urang, UUD 45 nu geus diamandemen tea, kana rupa-rupa basa urang Indonesia (Sunda, Jawa, Batak, Padang, Madura, Bali, jsb?). Lengkah ieu dina raraga sosialisasi atawa leuwih ngawanohkeun konstitusi nagara ka rahayatna. Mun jadi, meureun jiga kieu...
Undang-undang Dasar Nagara Republik Indonesia taun 1945 Bubuka Yen satemenna kamerdikaan teh mangrupa hak sagala bangsa, jeung kusabab kitu mangka pangjajahan di marcapada ieu kudu dihapus, sabab teu saluyu jeung rasa kamanusaan jeung rasa kaadilan.... On Thu, 27 Jan 2005 08:08:55 +0700, rony krisnadhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kamari peuting ningali acara :Lepas Malam" nu di Mc an ku kang Farhan > nu ngaku urang Tangerang cenah, pernah kuliah di UNPAD. bintang tamuna > Desi Ratnasari nu kamari mah katingalina bersih tur caang, sareng hiji > deui Kang Erry US nu di KPK tea. Resep ningali acara eta. Samemehna > kuring bungah oge basa Desi nyebutkeun wah ieu mah acara kumpul urang > SUnda. Aya rasa reueus dina hate, gening US teh maraju. > Dina acara eta aya nu matak helok basa Kang Erry ditanya, iraha cenah > Indonesia bisa lepas tina budaya kprupsi nu siga kiwari ngarusak > sagalana. walerana nu matak si kuring reuwas , pami ningali malaysia > mah peryogi 37 taun, lamun ka SIngapura mah komo deui 50 taun. Tapi di > urang cenah bisa ngan 10-12 taun merangan ieu budaya korup tea. Nya > cenah ngan nurunkeun peringkat indek persepsi korupsi tina nu ayeuna > 136 (ti 145) jadi ka 50 besar. Gening masih jauh keneh perjuangan teh. > Jauuuuuh pisan ka nu rek dituju mah. mereun urang mah sibuk merangan > korupsi heula, nagara deungeun mah geus lalumpatan ngudag teknologi > jeung kasajahteraaan rahayatna. JAdina terus tingaleun wae. Mugi2 wae > nagara urang tiasa sajalan, korupsi ngurangan, jeung sisi nu lain oge > teu katingalan ku batur komo tingaleun ti nagara tatangga mah maenya > teuing... > Kuring reueus lah.. teraskeun kang Erry mugi2 sagala targetna tiasa > kacumponan... > salam oge kangge Desy Ratnasari ti kuring kitu, saha nya nu bisa > ngajak manehna ka lembur KUSNET??? > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > -- sikandar ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

