"Ari kang dani teh kawit ti mana ? asa kirang tepat kujaman ayeuna masih
keneh gaduh anggeupan kitu ( sunda = Islam ). plesir  atuh sakali-kali.
plesirna tong ka kota wungkul. sakali kali ka lembur, maksadna kampung, da
pami lembur kuring mah teu aya, aya oge Kampung dhewek.  Sok lah ku sim
kuring dianteur, mung abdi ongkosan he he.."

Yaeta sim kuring teh ngaraos kurung batok lah, dupi kawitna mah di Bandung.
Persisna mah di daerah Kopo namun ayeuna mah di Bogor, ari padamelan di
Jakarta.  Eta geu ngaraos rees ninggal para akang sareng Ceuceu meni aya
dimana-mana.  Geuning tebih nya lalampahan US teh.

Saleresna mah sim kuring teh nuju kapikiran, bedah kamari di mesjid caket
bumi aya rombongan jama'ah anu ngangge raksukan Gamis.  Sugan teh rombongan
di Arab pek teh rombongan jama'ah tablig.  Ari dibandungan maranehna teh
nyarioskeun yen raksukan siga kieu teh "sunah rasul" cenah, pedah
kapungkurna rasul teh nganggo raksukan siga kitu.

Sim kuring janteun mikir, naha da eta mah budaya Arab.  Ari Islam mah nu
sim kuring terang sipatna teh "universal" kanggo jalmi saha wae sareng
urang mana wae.  Janteun kaemutan ari budaya sunda tiasa heunte janteun
budaya islam?

Anu sim kuring kaemutan teh, pasipatan urang baduy anu mercayakeun yen
hirup teh kedah saluyu sareng alam eta oge pasipatan islam.  Anu sim kuring
terang mah islam teh  ngajarkan keseimbangan "balancing".  Gusti Allah
ngawidian urang kagunakeun alam kanggo kaperluan urang tapi ulah kamalinaan
teuing.

Eta oge panginteun anu janten dulur-dulur urang nu asalna di MADRAIS
jantein ngiring ka Katolik teh, pedah naon-naon sok di caram wae.  ieu ulah
itu haram, panginteun da sim kuring mah kirang terang.

Pamendak sim kuring mah, inti dina ajaran islam teh tauhid, yaitu teu aya
deui nu kawasa salian ti Gusti Allah. hal-hal anu berhubungan sareng
syariat tos di atur kalayan jelas, tapi upami anu masalah muamalah kalebet
budaya mah kumaha daerahna wae teu keudah sami sareng budaya arab, da
jalmina geu benteun sareng alam na ge benteun.  Upami teu lepat mah budaya
teh hasil kreasi masyarakat setempat, abdi mah yakin sadayana teh aya dina
maksad kasaeuan da fitrahna manusa mah aya di islaman.  sanes kitu?

Punteun anu kasuhun upami aya dina kalepatan, ieu mah pedah katinggalna
para akang sareng ceuceu teh geuning bahasanna sok rada jero, mugia wae
waleran nana tiasa dipulungan ku abdi.

nuhun.

Dani Ibrahim





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke