|
Baraya sadaya, Sim kuring oge kantos
nampi imel nu eusina ngajentrekeun khasiat peuteuy (katuangan paporit urang
sadayana tea…). Malah ngarasa bungah kulantaran dugi ka ayeuna masih
keneh nyepengan kartu anggota PFC (Peuteuy Fans Club). Eta imel teh malah
di-porwad sagala ka babaturan. (Nu kieu ulah diturutan, kedah diparios heula
sagala rupina, soheh henteu na). Tapi, tetep we sim
kuring ngarasa panasaran. Saha nu teu panasaran,
cobi we tingali ku baraya sadaya : ……FDA
Amerika mengizinkan perkebunan pete untuk melakukan klaim resmi mengenai kemampuan
buah ini…. (sanajan ieu teh buah tropis, di urang oge hese neangan kebon
peuteuy… komo deui ieu di Amerika… wake up, Mann!) ….200 siswa di
Twickenham (Middlesex) tertolong dengan mudah melalui ujian pada tahun ini
karena memakan pete pada saat sarapan, istirahat, dan makan siang ….. (sapopoe
dahar peuteuy? Urang KUSNET enya ge beuki tapi henteu kitu-kitu teuing, meni
unggal poe…) ….menyembuhkan "penyakit" mabuk adalah
milkshake pete, yang dimaniskan dengan madu (Nu aya mah, sarengsena nginum
milkshake peuteuy… anjeun mabok… he..he..) Dugi ka dina hiji waktos, sim kuring kenging kiriman imel
ti rerencangan, anu numutkeun sim kuring mah ieu teh waleran tina kapanasaran
kuring. Hapunten upami baraya sadaya kirang sreg dina manah….. Sumangga klik : http://www.karinya.com/bananas.htm Wilujeng emam peuteuy, THR ------------------------------------------------------ aminuddin <[EMAIL PROTECTED]>wrote: Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Sakali deui, ngeunaan Peuteuy.... THR-Tunas Haryanto

