Januari 2005 meh lekasan, hartina ngan kantun 4 sasih deui bakal MPP (masa persiapan pangsiun), kagiatan kanggo ngeusian waktu bade diajar dagang buku (humaniora), tibatan nundutan ngajaga kios buku sigana bade dieusian ku nyieun carpon, atanapi mun teu beres-beres eta carpon atuh nu gampil we maca carpon batur.
Kang Syam nuhun kana perhatosanana, keun nu lepat nyerat urang lereskeun.
 
MSasmita
 
 
-----Original Message-----
From: syam ridwan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, January 26, 2005 2:16 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Carpon

Ua Sas, nembe teh parantos diilo sakadang carpon teh kenging dua balikan.
Cik..cik...ngiring mairan ah....
Carpon nu kahiji :
1.Temana sae, yen kajujuran teh dipilemburan mah masih keneh aya.
2. Dina alinea kadua aya kecap teu lemek teu carek, sapalih deui abdi
sok ngadangu teu lemek teu nyarek, mana nu leres ?
3. Biasana tamu nu anyar pinanggih sok ngawanohkeun nyalira,nami, kawit, dina carios
eta asa teu mendak, panginten kecap awewe/ salaki/pamajikan salajengna tiasa
digentos ku namina si eta tamu.
4. Aya kecap anu kedah diedit deui, sapertos teh diserat the, ceuk diserat cek.
 
Carpon kadua :
1. Upami ditingal tina tokoh tokohna sapertos kang Sobri anu masih janten tukang
ojeg, carios ieu sapertos carnyam (carita nyambung) sanes carpon deui, ngan benten
episod wungkul.
2. Manawi teh, leungiteun kalangkang nu kaalaman ku kang Sobri teh mung ukur kiasan
tapi geuning leres leres kajantenan, naha kalebet fenomena goib kitu.
3. Si ua edun euy ! hehe
 
Tos ah, bilih seueur lepatna hehe
SR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke