Sampurasun,
 
Ka kadang wargi anu bade pesen kalender Sunda, kumna bae, tiasa kontak langsung ka sim kuring. "Persediaan" masih aya 10 eksemplar deui di pabetekan. Kanggo teknis pengiriman sareng ngintun biaya kanggo ka/ti luar kota Bandung, mangga ngajapri bae. Kanggo anu di Bandung tiasa langsung nepungan si kuring di : Direktorat Tata Lingkungan Geologi dan Kawasan Pertambangan, Jl. Diponegoro No 57 (sagedengeun museum geologi), Bandung. Saena ngawartosan heula sateuacana.
 
Kanggo panambih, aya bonus kanggo anu ngagaleuh (oge kanggo sadaya warga milist, rencana bade  dipostingkeun ka milist dina waktosna upama pareng aya waktu nuliskeunana), katerangan ngeunaan istilah-istilah anu digunakeun dina eta kalender jrrd bahan kala Sunda. Bahan-bahan dimaksud minangka "hand-out" anu dibagikeun waktos pabaruan atawa  "lounching" kala sunda dina kaping 18 Januari 2005 nu geus liwat. Oge aya cutatan tina majalah Mangle, minangka pangbagea kana medalna kala Sunda (kolom "Katumbiri").
 
Peryogi kauninga, dina ieu pedalan kala Sunda ku alpukahna Kang Roza, pidangan kalender teh dilengkepan oge ku pananggalan sistem Masehi (anu moal tiasa dikantunkeun margi tos umum digunakeun) sareng pananggalan sistem Hijriah. Kukituna, ieu kalender baris kaanggo sok sanajan kasebatna kala sunda. Nya, pikeun ngawanohkeun kala Sunda sareng alternatif "sosok tampilan" kalender anu asli dumasar budaya Sunda kalawan dilengkepan ku ilustrasi foto-foto titinggal sajarah kasundaan, teu aya lepatna urang ngagaduhan sareng masang ieu kalender Sunda di rorompok atanapi tempat padamelan urang sewang-sewangan.
 
Ngeunaan kumaha carana ieu kalender disusun anu lengkepna memang aya dina website-na, sakumaha dipostingkeun alamatna ku Kang Hasan (bahasa Inggris).
 
Baktosna,
manAR  

"Sulkan, Muhamad (AD&D)" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam,

Kang Oman, punten saupamina bade pesen, kedah kumaha sareng kamana ? nyuhunkeun kaweningan galih kang oman supados tiasa di benyeur beaskeun. Hatur nuhun sateuacana.


Hormat sim kuring,


[EMAIL PROTECTED]



-----Original Message-----
From: Oman Abdurahman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, January 27, 2005 8:27 AM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Fwd: Kalender Sunda


--- In [email protected], "Oman Abdurahman"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Sakedik (heulaanan, sugan pareng engke diteruskeun) kahaturkeun
ngeunaan kalender Sunda tea. Sakumaha laporan Ua Sas ti payun, malem
Salasa, 18 Januari 2005 (Anggara, 1 Suklapaksa/paro caang, bulan
Kartika/01, Taun 1941, Saka Sunda), diayakeun "pabaruan". Ari
pabaruan teh taun baruan tea, pikeun "peluncuran" kalender Sunda
sakaligus ngawanohkeun ka balarea yen Sunda ngabogaan sistem
kalender anu leuwih akurat.

Kalender Sunda (Saka Sunda) teh asli ciptaan urang Sunda, nyatana 
Bah Ali tea (Ali Sastramidjaja). Satemenna, pedaran ngeunaan Saka
Sunda ieu parantos sababaraha kali dipintonkeun dina panglawungan
resmi (upama KIBS 2000), oge aya website-na (ti payun Kang Hasan
asana kungsi posting, cobi atuh Kang dipostingkeun deui). Namung
nyakitu, nyitak kalender Saka Sunda ieu nembe hasil kamari-kamari
ieu ku alpukahna pantia anu dipupuhuan ku Kang Oca (Roza Mintareja),
kitu oge kalawan hese beleke neangan dana, ukur bisa nyitak (edisi
kahiji danget ieu) 10.000 exemplar. Nya pabaruan kamari-kamari ieu
minangkana upacara "peluncuran" eta pedalan Saka Sunda.

Salah sahiji kaunggulan kala ider (kalender) Sunda atawa Saka Sunda
tea nyaeta presisina atawa kaakuratanana. Upama kalender sistem
Masehi kudu dijangkepkeun tipa 4 taun (kajadian taun kabisat) jeung
sistem Hijriah teu ajeg jumlah poena tiap bulan dina sataun (malah
kalan-kalan paciweuh pisan dina nangtukeun poe, poean lebaran,
upamana), Saka Sunda mah teu kitu. Dina Saka Sunda, boh anu dumasar
ngiderna panonpoe (Suryakala) atawa kalaider sistem bulan
(Candrakala), kaperluan pikeun ngajangkeupkeun poe teh rebuan taun.
Upamana, dina sistem Candrakala, koreksi keur kalender teh unggal
2400 taun sakali. Hartina, kasalahan anu aya dina sistem kalender
karek ciples sapoe dina jero 2400 taun. Apan lain kacida akuratna?

Teundeun heula keur guareun ka hareup sabab bisi panjang teuing
ngeunaan kumaha carana jeung kaistimewaanana ieu kalender Sunda.
Ayeuna mah mugi kawidian si kuring bade "promosi" (wios da ieu mah
keur nayalabarkeun salah sahiji punclut kaunggulan budaya Sunda).
Mangga, ka anu peryogi kalender Sunda, di si kuring aya keneh danget
ieu 10 exemplar deui (atuh kirang keneh engke bade pesen deui,
enggalkeun bae da "persediaan terbatas", bayangkeun ukur nyitak
10.000 exemplar tea). Pangaos (keur pangganti) : Rp 30.000,-  per
exemplar (tos kalebet nyumbang Rp 5.000 keur ka kroban tsunami).
Mangga, bade dilangkungan teu langkung, pas bae sakitu rido pisan.
Ngan, ongkos kirim sigana kudu ditanggung ku anu mesen (Insya Alloh
poesenan ti luar negeri oge bade dilayanan, bingah pisan).

Keur gambaram ieu edisi ngawitan Saka Sunda: dicitak lux, 12 lambar,
kertasna boh gambar jeung warnana, ageung (ukuran A2 tea). Gambar-
gambarna tina budaya Sunda. Geura ieu gambar ti mimiti lambara
kahiji-ka-12:
Situs Gunung Padang, Cianjur; Prasasti Kawali (matriks Prabu
Wastukancana), Prasasti Cibadak, Kolenjer, Aksara Sunda, Taleot
Baduy, Leuit Baduy, Greater Sunda Island (peta/kar kuno), Soenda zee
(peta/kar kuno), Leuweung Sancang, Makuta Binokasih (Sumedang), Batu
Pangeunteungan (Astana Gede, Kawali). Sadayana dicitak lux, full
colour, sareng ditambihan pedaran singkat pikeun masing-masing eta
foto titinggal budaya Sunda di luhur.

Baktosna,
manAR
--- End forwarded message ---






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




  _____ 

Yahoo! Groups Links
*         To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
 
*         To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
 
*         Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of <http://docs.yahoo.com/info/terms/>  Service.


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke