Euleuh euleuh Juragan Hayam nya Kang Panzi teh,..
hayam potong atanapi hayam hirup, he he he..
(eta geuning hayam anu nganggo anting 2,)
 
duka atuh rencang teh masih aya atanapi  henteu  di batam teh,
tos langkung ti dua taun tara teteleponan.
 
nyuhungkeun dua na we sugan tiasa ameng ka ditu.
mangga Kang Dian..
 
 
 
 
 
Ineu
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 28, 2005 2:58 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sushi, Sashimi >>>>> batam

euleuh-euleuh si kang panzi, mani murudul kitu iklan teh..
 
sanes ketang, teh ineu.. eta mah iklan diri kang panzi, tapi milarian korban anu sanes.
kang panzi teh tadina mah juragan hayam, ayeuna hoyong robih janten idola ABG, kitu saurna Teh.. leres kang panzi..
 
abdi caket ti jodoh Teh, kinten-kinten 5-10 menit. ari rerencangan teh ineu masih di batam keneh kitu?
diantos amengan ka batam, teh..
 
permios
Ineu Miasasra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
oh Kang Dian..punten atuh..manawi teh Kang Putra, maklum ieu teh soca tos resak
matak di kaca socaan oge..he he he...
 
eta gaduh rerencangan, pameget sadayana, ti perhotelan SBH anu daramel di hotel sei jodoh.
sami2 urang palabuan kawitna,  ngararadon damel diditu,
nuju ineu masih di bogor rajin pan teteleponan sareng aranjeuna maklum sobat sakola deuih..
 
dupi kitu meuni aya apek2..
sanes empek2?..  favorit eta mah ketang he he he..
mangga upami gaduh brosur Batam pasihkeun we ka ineu
bade di sebarkeun di dieu..
seueur kenalan anu hoyong liburan ka indonesia teh
ari terang kitu mah janten gampil milari info na..
ari ineu mah teu acan tiasa uih da  abot ku ongkosna..he he he sareng deuih upami naek kapal udara teh osok sieun rag-rag da teu gaduh jangjang.
borangan da ineu mah kacida..
eta gara2 namah  nuju ka lombok kapungkur pas bade uih ka jakarta keuna badai mung untung na, teu dugi ka mendarat di walungan bengawan solo..
masih di tangtayungan Ku Gusti Allah panginteun
 
kapungkur oge basa kadieu nyalira bubuhan ngaleeut antimo lima, he he he
atuh sapanjang ngapung teh tibra...
engkinlah pami kenging lotto panginten dijugjug, eta oge mun gaduh  umur sareng tiasa mendakan antimo.
salam we ka sadayana urang sunda di batam
 
 
 
 
 
Ineu
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 28, 2005 7:41 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sushi, Sashimi >>>>> batam

wilujeng enjing para wargi sadayana...
 
teh ineu... eta teh kang dian sanes kang putra,
leres nami tungtungna mah aya PUTRA-an, tapi di Batam mah tenarna KANG DIAN,
sok we pami teh ineu ka batam, teras naroskeun Kang Dian, pasti sadayana arapaleun, komo deui para ABGna mah.. hehehe...
Kang Dian teh juragan Travel di batamna, bilih teh ineu bade ka batam nyandak rombongan,
mangga ngahubungi anjeunna... pasti kenging diskon geura,
da dina plang papan nama travelna aya tulisan.. "KHUSUS URANG SUNDA DISCOUNT 50%"
leres teu kang dian.... hehehe...
 
naha teh ineu terang sei jodoh geuningan...?? padahal teu acan kantos ka batam,
 
di batam seueur urang singapurena, tapi nu "ngadon" wungkul,
malah seueur oge nu garaduh "simpanan" di batam, katelahna "apek2" urang spore teh di batam mah,
padahal mah di sporena teh paling nu daramelna janten supir taxi, atanapi padamel pabrik...
 
mangga atuh... iraha teh ineu bade ka batam..?? tong di ausie wae.... hehehe..
 
Panzi van batam
----- Original Message -----
 

Kang Putra
hayoh atuh kintun abi foto2 batam
teu acan kantos pan abi ka batam mah..
hoyong terang...
saurna sagala rupi arawis nya di batam mah?!
teras seueur urang singapur anu linggihna di batam,
leres ata teh?!...
 
upami ti rorompok akang ka sei jodoh sabaraha lami?!..
 
gara2 foto ti akang..nyandak pangaruh
mangka abi resep pisan kana sushi  teh, janten hoream ayeuna mah...
mung sushi anu topping na asak mah masih keneh dilekeunan
da raos...
 
 
 
 
Ineu
 
----- Original Message -----

 
duhh hapunteeeeen......... teh Ineu
tadina mah eta teh peringatan kanggo nu resep daging atah,
tapi kahilapkeun teu nganggo warning.
ari abdi mah kaleresan, sanajan resep seafood (salah sawios daya tarik batam),
tapi alhamdulillah ari nu atah mah teu dipaparin resep.
 
(ari wombat kenging diingu teu teh..?)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke