Poe Saptu bada a'sar, ka imah teh aya MJ jeung Kang Soni, ngadon ngawangkong, utamana mah ngawangkong masalah keur engke tanggal 10 Feb 2005 tea, bisi enya jadi presentasi Kusnet dina waktu gelar situs internet Cupumanik di Landmark jalan Braga Bandung.
Ieu acara teh kasempetan hade pikeun ngabewarakeun jeung sosialisasi ayana Kusnet ka anu sejen, sigana dina eta acara bakal hadir sababaraha inohong Sunda, ngan can aya katerangan anu pasti saha-sahana anu di ondang kana eta acara, malum da can paheut pisan jeung pihak Cupumanik.
Lamun nilik kana tempat anu bakal dipake, sigana acara teh bakal rada rongkah, apan Landmark mah kaasup gedong anu representatif keur ukuran acara siga kitu mah.
Sugan we atuh ieu gawe bareng teh bakal ngajadi, bahan keur presentasi mah keur disiapkeun ku MJ.
Lamun ieu acara teh jadi - engke dina waktuna - kahayang mah baraya sa Kusnet teh ngahadiran kana eta acara, kabeneran kapan tanggal 9 jeung 10 pebruari teh poe pere, aya waktu anu longsong pikeun hadir.
 
Anu diobrolkeun teh salian ti gawe bareng jeung Cupumanik, nyaeta nitenan media Sunda anu aya ayeuna, ditataan teh nu aya ngan Mangle, Galura jeung Cupumanik, aya hiji deui ceuk cenah mah terbitna di Purwakarta nyaeta Sunda Manggung (sigana terusna Sunda Manggung nu kungsi terbit di Bandung, da cenah mah nu jadi rengrengan redaksina aya Kang Budi Rahayu Tamsyah), atuh media TV ayeuna geus aya Bandung TV, acarana kalolobaanana ngeunaan Sunda, kaasup basa panganteurna loba ku basa Sunda.
Antara Mangle, Cupumanik jeung Galura asa rek sawanda, ku ningali siga kitu MJ boga kereteg hate mun nyieun Majalah Urang Sunda teh dijadikeun bae, eusina rada provokasi ka Urang Sunda, utamana ngaguar kalemahan Urang Sunda, keur bahan mah kapan geus aya nyaeta analisis SWOT nu kungsi ditepikeun ku Kang Tirta.
 
Aya keneh anu diobrolkeun teh, nyaeta asa geus lila teu ngayakeun acara patepung lawung Kusnet di Bandung, iraha nya....?
 
 
MSasmita
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke