"sedih, melang, jeung hariwang!" kitu cenah saur abah
surya, nalika kuring sareng kang oman nepungan anjeuna
di markas sundanet. naon anu dipikamelang ku abah
surya teh, taya sanes sanggeus anjeuna nitenan kaayaan
lembur urang sarta baraya urang danget ieu. 

upama dina gunem catur urang sok umaku, rehna urang
sunda teh pinunjul dina sagala hal anu hade. someah
hade ka semah, handap asor, jeung sajabana. tapi
numutkeun hasil panalungtikan anyar-anyar ieu, saurna
warga kota bandung ayeuna teh pinunjul kadua, saatosna
yogya, dina hal anu matak pikamelangeun. nyaeta kota
pinunjul kadua dina masalah pangseueurna ABORSI.

saur pangemut abah surya, rupina metode da'wah danget
ieu tos kedah dilegaan ambahanana. salah sawiosna
ngalangkungan "da'wah kultural". da'wah ngalangkungan
seni budaya lokal. nilai-nilai islam anu sae kedah
diwanohkeun ngaliwatan rupi-rupi cara, sangkan tiasa
dikawanoh ti keur alit keneh. saurna nadoman
ngarupikeun hiji media lokal, anu tiasa dimangpaatkeun
kanggo eta maksad.

kanggo panggeuing, di handap ieu salinan naskah
nadoman perkara aborsi. ieu nahkas yasana abah surya,
ku kuring dijudulan "utun inji gugat", margi judul
aslina panjang teuing. salengkepna, parantos medah
seri nadoman, hasil internalisasi tina juz amma, juz
ka-30 AL-QURAN.

UTUN INJI GUGAT

Dangukeun ieu nadoman, 
sumangga geura lenyepan,
terasna tina At-Takwir, 
kajadian poe ahir.

Waktos kiamat geus cunduk,
cai laut lir nu ngamuk,
ombakna sagede gunung,
ngagolak patinggarulung.

Sangkakala nu kadua,
ngajegur tarik kacida,
harirup deui sadaya,
nyawa asup kana raga.

Harirup deui nu maot, 
arek budak arek kolot,
sakur kangaranan jalma,
sakabeh bisa nyarita.

Orok anu dipaehan,
harudang tina kuburan,
nyampeurkeun indung bapana,
nu tega ngala nyawana.

Kitu deui nu aborsi,
nu ngudulkeun untun inji,
nu wani miceunan bayi,
padahal getih pribadi.

Roh orok teh tingkurunyung,
neangan bapak jeung indung,
daratangna ti jarian,
ti solokan pamiceunan.

Roh orok teh seug tumanya,
nanya ka indung bapana,
kunaon abdi di bunuh,
dipaehan teu pupuguh.

Naon dosa diri abdi,
bapa jeung ema mateni,
diruang kerepes abdi,
jeung dicekek beuheung abdi.

Abdi oge mahluk gusti,
ngagaduhan rasa nyeri,
kacida abdi eungapna,
keur waktu dicekek tea.

Kunaon abdi dicekek,
dibungkus kantong keresek,
dialungkeun ka solokan,
nu caina kotor pisan.

Abdi naon kalepatan,
anu mawi dipaehan, 
geura paparin alesan,
disaksian ku Pangeran.

salam,
mh


=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. 
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke