MÃter nyaÃta unit dasar panjang dina Sintim Internasional pikeun Unit,
diwatesan salaku panjang lintasan nu kaliwatan ku cahaya dina vakum
absolut dina selang waktu 1/299,792,458 detik. SamÃter sarua jeung
10000/254 inci, kurang-leuwih 39,37 inci. MÃter dilambangan ku aksara
m.
milimÃter << sÃntimÃter << dÃsimÃter << mÃter << dÃkamÃter <<
hÃktomÃter << kilomÃter
Sajarah
Kecap ieu asalna tina Basa Yunani metron (ÎÎÏÏÎÎ), "ukuran" nu
ngaliwatan basa Prancis mÃtre. Dina basa Inggris munggaran dipakà taun
1797.
Dina abad ka-18, aya dua pendekatan kana watesan ngeunaan unit baku
panjang. Aya nu nyarankeun watesan mÃter salaku panjang pendulum nu
satengah-periodena sadetik. Nu sÃjÃn nyarankeun watesan mÃter salaku
sapersapuluh yuta panjang mÃridian Bumi sapanjang kuadran (saparapat
jarak-kuriling Bumi). Taun 1791, Akademi Ãlmu-Ãlmu Prancis milih
watesan mÃridian, migunakeun mÃridian Paris, batan watesan pendulum
kusabab ayana bÃda gaya graviti di unggal tempat di Bumi, nu bakal
mangaruhan periode pendulum. Taun 1795, Prancis ngadopsi mÃter salaku
unit panjang resmina. Najan prototipe watang mÃteran leuwih pondok
saperlima milimÃter alatan salah itung, panjang ieu jadi baku. Jadi,
jarak-kuriling Bumi ngaliwatan kutub kurang leuwih opat puluh yuta
mÃter.
Taun 1870-an saluyu jeung kamajuan prÃsisi modern, runtuyan sawala
internasional lumangsung pikeun ngabaru baku mÃtrik. Perjangjian MÃter
(1875) ngukuhkeun Biro Internasional Timbangan jeung Ukuran (Bureau
International des Poids et Mesures, BIPM) nu maneuh nu ditempatkeun
diSÃvres, Prancis. Organisasi anyar ieu bakal nyieun sarta nyimpen
prototipe mÃter jeung kilogram anyar, sarta bakal mertahankeun
babandinganana katut unit dasar sÃjÃnna, nonmÃtrik, timbangan, jeung
ukuran. Organisasi ieu nyiptakeun watang prototipe anyar taun 1889,
ngajadikeun International Prototype Metre salaku jarak antara dua
garis na watang baku campuran salapan puluh persÃn platinum jeung
sapuluh persÃn iridium.
Taun 1893, mÃter baku munggaran diukur migunakeun interfÃromÃter ku
Albert A. Michelson, nu manggihan alat katut nu ngajengkeun
digunakeunana panjang gelombang cahaya salaku baku jarak. Taun 1925,
interfÃromÃtri geus dipakà resmi di BIPM. Najan kitu, International
Prototype Metre masih tetep dipakà nepi ka taun 1960, nalika Sawala
Umum Timbangan jeung Ukuran (ConfÃrence GÃnÃrale des Poids et Mesures,
CGPM) ngawatesan mÃter dina sistim SI anyar nu sarua jeung
1.650.763,73 panjang gelombang garis Ãmisi oranyeu-beureum dina
spÃktrum atom kripton-86 dina vakum.
Pikeun ngurangan kateupastian, CGPM ka-17 taun 1983 ngaganti watesan
mÃter ku watesan kiwari, ngaropÃa panjang mÃter dina jihat waktu jeung
laju cahaya:
MÃter nyaÃta panjang lintasan cahaya dina vakum dina selang waktu
1/299792458 detik.
Catet yÃn watesan ieu kalawan tepat nangtukeun laju cahaya dina vakum
299.792.458 mÃter per detik. Watesan nu dumasar sipat fisik cahaya
leuwih tepat jeung bisa diulang sabab sipat cahaya nu bisa dianggap
konstan.
Prototipe internasional mÃter asli disimpen kÃnÃh di BIPM dina kaayaan
nu dijÃntrÃkeun taun 1889.
Tempo ogÃ
* 1 E0 m pikeun perspÃktif ngeunaan panjang samÃter
* Konversi unit pikeun babandingan jeung unit sÃjÃn
* Ãmbohan SI pikeun Ãmbohan nu nandakeun lilipetan atawa babagian
ti mÃter, kayaning kilomÃter atawa sÃntimÃter
Tumbu kaluar
* History of the metre at the U.S. National Institute of Standards
and Technology (NIST) (http://physics.nist.gov/cuu/Units/meter.html)
* Timeline of history of the metre at the NIST
(http://www.mel.nist.gov/div821/museum/timeline.htm)
* Distance unit conversions (http://www.sengpielaudio.com/ConvLeng.htm)
* Bureau International des Poids et Measures - Lengths
(http://www1.bipm.org/en/scientific/length/)
Retrieved from "http://su.wikipedia.org/wiki/MÃter"
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give the gift of life to a sick child.
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/