Haturan Kang Nana ti Brebes.
Tuh geuning baraya urang sunda geus ngamimitian harudang deui sok sanajan geus dipisahkeun ku pamaretah (walanda baheula?) tapi ari sunda mah tetep wae sunda, contona Kang Nana ieu ceunah mah urang brebes. Belah mana brebesna Kang? abdi mah nuju ti banyumas. Moal boa kahareup mah tatar sunda teh ngalegaan deui euy....!
 
Perkara Adipati Ukur mah pan jaman mataram tea Kang. Eta adi pati teh asalna mah ti wewengkon banyumas anu diutus numpes anu barontak di tatar sunda (hayang misahkeun deui ti mataram?) tapi terus bumen-bumen diwewengkon bandung/dayeuhkolot, kitu? Adipati ukur teh kasebutkeun henteu mampu numpes "gerakan sunda merdeka (gsm)" anu akhirna eta adipati teh dihukum pati di mataram. 
 
Tah kitu Kang Nana ringkesna mah. 
 
Wassalam, 
dudi_ss 
----- Original Message -----
From: Nana Tea
Sent: Tuesday, February 01, 2005 3:20 PM
Subject: [Urang Sunda] nepangkeun

sampurasun
nepangkeun ka sadaya baraya Kusnet sim kuring Nana, kawit ti Brebes, padumukan nuju di Tanjung Priok, rada resep oge ngabandungan Kusnet, geningan rame pisan. Sakantena bade tumaros, manawi aya anu terang kumaha sajarahna Dipati Ukur sabab aya namina teh dianggo jalan di Bandung, teras naon hubunganna sareng sajarah Mataram?

___________



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke