beres ngobrol sareng ua sas oge kang soni, balik ka imah rajamantri, kotrat-kotret nyieun jilid calon majalah basa sunda nu baheula kungsi dibahas. calon ngarana aya dua US atawa Sunda Gaya. kang Ush Kompas -dipenta jadi panasihat rumpaka/redaksi jeung kang Maman Gantra. kahayang kang Ush mah, Sunda Gaya. nu gaya, oge rada gaul, kaci mahiwal. hehe
ieu kutrat-kotret, pikeun rubrik "Ngacapruk" Ngilikan Soal Nyandung Istilah nyandung teh sarua jeung ngawayuh nu hartina boga pamajikan leuwih ti saurang atawa leuwih ti hiji. Maksud leuwih ti hiji teh lain hiji satengah, tapi dua, tilu nepi ka opat nu ceuk basa nu make poli mah, nya poligami, lain politik atawa poliurethane. Numutkeun ajaran Islam �pasti geus papada apal- jumlah pamajikan kaci nepi ka opat. Sarat nyandung teu pira tapi sigana arang langka nu bisa nedunan eta sarat, nyaeta mun bisa adil, mun teu bisa nya hiji bae. Da asana hiji oge moal beak. Urang baroga katerangan atawa cara ngahartikeun soal eta ayat, siga aya nu nganggap yen nyandung kaci mun kaayaanana memang loba parawan kolot atawa loba randa alatan salakina maraot ku perang atawa bencana alam. Jadi paham ieu ninggang kana aspek sosial utamana soal ngurus jeung ngajaga. Nu lain keukeuh yen kaci nyandung sakumaha eta katerangan, sanajan katerangan �mun bisa adil� seseringna diliwat atawa api-api bisa adil. Loba urang Sunda -asana mah- bareuki kana nyandung teh. Loba US nu ngutamakeun pangabutuh bi rahi oge mang rahi eta, sabab loba nu percaya yen ku jalan eta karasa hirup kaharti. Matak pangabisa Ma Erot payu. Mun noong ka sajarah Islam asup ka Tatar Sunda, kabeh geus nyaho yen Islam ditarima ku urang Sunda kalayan kabingahan, pangpangna, meureun, ku para menak. Nu soleh mah (lain nu ngarana Soleh, tapi pikiranana soleh) mere katerangan sabab-musababna nyaeta: alatan urang Sunda geus ti baheula mula ngagem kapercayaan monotheis (mono=hiji, theis=pangeran), lain politheisme (poli=loba). Kalolobana urang unggeuk kana eta katerangan, sabab saluyu �malah dualuyu- jeung kanyataan sajarah hirup-hurip US. Agama Wiwitan atawa Agama Asli US memang ngagem ka hiji pangeran, Sang Hyang, Nu Maha Keresa, jeung sajabana. Sanajan loba ngarana tapi eta ngan ukur gelar atawa sesebutan pikeun pasipatan pangeran, maksudna mah pangeran nu eta-eta keneh alias hiji (mono tea, lain stereo). Tapi tangtuna kaci deui neangan alesan sejen nu sukur mun ngaharib kana kahirupan duniawi sapopoe. Sing horeng salah salima alesan Islam ditarima ku US (kalayan kabingahan) teh aya deui, ku dikacikeunana nyandung nepi ka opat! Ke heula ulah waka ambek. Urang toong heula sabab-musababna. Soal nyandung atawa boga pamajikan leuwih ti hiji teh lain ukur kamonesan US, tapi oge kum saalam dunya. Patali jeung paternalistik (teuing naon atuh maksudna, ngan sigana baraya jeung cara hirup patrilineal: hirup didominasi ku lalaki). Cara kieu �boga pamajikan leuwih ti hiji, kaasup dina ngaran atawa istilah nu beda, harem, selir, jeung sajabana loba dilakonan ku para raja kaasup turunanana nu disarebut menak. Ceuk si cenah malah kungsi aya bupati Bandung jaman tai-kotok-dilebuan boga selir nepi ka opat puluh (duka kudu nyebut naon yeuh, edun atawa edan :) Adat jelema tea, naon bae oge nu anyar bakal ditarima salila teu ngarugikeun, komo mun malah nguntungkeun atawa matak tugenah kana manah! Tah palebah dieu eta alesan asup akal. Mun teu asup akal nya di dorong we sina asup, mun keukeuh henteu bisa asup, nya asupkeun we atuh kana panto oge da teu nanaon. Di pihak kolot wanoja nu dicandung, loba nu memang ngahaja anakna hayang dicandung. Tapi ku saha heula. Nya ku para inohong, menak, ajengan atawa kyai jeung jelema punjul sejenna. Ari alesanana mah nya, jaman harita tea (boa ayeuna oge masih), saha nu embung boga minantu raja, bupati, ajengan atawa jelema beunghar? Saha nu embung boga incu bapana raja, inohong bin gegeden, kyai kahot atawa jelema beunghar? Nya kaci disebut jurus meuntas. Susuganan kabawa hirup senang atawa kasimbeuhan kaningratan atawa banda pakaya. Alesan ieu oge asana nu jadi jalan pikeun wanoja keresa diwayuh. Dicandung ku raja, bupati, gegeden, ajengan/kyai, jelema beunghar, dina itungan kahormatan model kitu jeung banda pakaya, nya nuhun pisan. Komo mun make teori yen wanoja kalolobana nurut kumaha salaki, atawa keur jaman wanoja teu kaluar imah milu kasab, dikawin sanajan dicandung kaitung lumayan, saheunteuna aman pikeun urusan beuteung, pakean, perhiasana, imah, jeung saterusna. Mangpaat Nyandung Sabenerna, nyandung loga jeung gede mangpaatna, salian ti ngurus atawa ngarumat wanoja nu asalna nyorangan, jeung mere status hade pikeun wanoja, jadi pamajikan hij lalaki, oge pikeun lalaki nu bi rahina sagede gajah, bisa nyalametkeun hirup tina dosa jeung panyawat kelamin. Nyandung bisa nyegah lalaki ngalakukeun maksiat, nyeleweng, jajan ka wanoja nu dagang (wts, pelacur, gongli, jsb) sabab boga tempat �pamajikan nu kaci nepi ka opat- pikeun nyalurkeun bi rahi. Di sisi sejen, pikeun lalaki nu bru-dijuru-bro-dipanto-ngalayah di tengah imah (maksudna pakayana, hartana, lain banjir) ku nyandung bisa ngamangpaatkeun eta pakaya pikeun jelema loba, ka pamajikan oge ka mitoha, oge meureun dina loba budak oge, bisa kabiayaan boh dahar jeung pakeanana, boh pendidikanana/atikanana, boh lam. Kitu deui ka lalaki nu pamajikanana teu bisa mere anak, ku nyandung boga harepan pikeun boga anak, neruskeun turunan. Nu ieu biasana dipake alesan paling asup akal, tangtuna mun teges-teges yen pamajikan nu kahiji memang teu bisa mere anak. Tapi da sarat dina ajaran Islam mah lain eta, tapi asal bisa adil tea. Siga nu gampang, padahal adil teh asana pagawean nu hese, komo da patali-pajeulit jeung urusan hate, emosi, cinta. Lain ngan ukur urusan duit atawa banda pakaya. Lieur we pokona mah, cenah. Aktualisasi Diri Noong dina soal adat suradat jelema dina alam kiwari, asa na mah ceuk Abraham Maslow �teuing saha atuh eta jelema teh, nu jelas mah Yahudi) mun pangabutuh dasar (barang dahar, pakean hade, imah-sigrong-siga-rorompok-korong, atikan, mobil, hape, panghasilan, sawah, kebon, saham, deposito, pausahaan atawa jabatan) geus kacumponan komo mun loba leuwihna, manusa naek deui kahayangna nu ku Maslow mah disebut Aktualisasi Diri. Pihartieunana, kira-kira, nya ngaanyarkeun karep. Lain ganti kulit siga oray, tapi upaya pikeun ngalakukeun sapuluh perkara nu matak mere harti kana sikep �anyar� diri eta. Nya meureun minangka ciri sukses enggoning ngalakonan hirup di alam dunya. Tah, salah sahiji cara Urang Sunda dina palebah dieu, eta tea, nyandung! Loba lalaki US nu geus ngarasa cukup komo mun leuwih ku sagala rupa, ngarasa butuh ku aktualisasi diri tea, pikeun nembongkeun dirina geus bisa hirup leuwih. Nyandung ka wanoja nu biasana leuwih ngora tibatan pamajikan munggaran, leuwih geulis, leuwih bahenol, denok, jeung sajabana, nu umumna, sacara ekonomi teu leuwih makmur. Di pihak wanoja, aya nu daek dicandung sabab butuh status, era umur geus reuay tapi can boga bae salaki. Antukna rido teu rido, nya pasrah bae, daek dicandung ku lalaki nu statusna alus jeung leuwih, komo mun kasep, gandang jeung ginding. Mudaratna Nyandung Loba kajadian nu nyandung usahana teu junun, boa bongan teu bisa adil tea ka tiap pamajikan, padahal sarat kaci nyandung teh mun bisa adil. Pangpangna lalaki nu pangabisana kaitung pas-pasan dina ngurus pausahaanana, katambah ku boga kulawarga leuwih ti hiji. Antukna pausahaan bangkrut, rumah tangga amburadul. Nu jadi korban biasana, salian ti rumah tangga, nya anak. Loba anak nu kabawa nyeri hate ku bapana alatan nyakseni kanyeri indungna nu dicandung. Antukna loba anak nu trauma, malah keuheul ka lalaki, embung kawin, jeung saterusna. Geus ah bisi disangka hayang nyandung..! Nyandung Cara Anyar Ti beh ditu mula geus loba lalaki nu pikiranana maju (sanajan teu make ban atawa roda) kataji ngeunaan eta pernyandungan tapi dina alam pikir kiwari. Aya kasadaran nerapkeun eta jurus hirup nu memang siga nu ngeunah. Tah palebah prakna, lumpat teh lain nambah pamajikan, tapi nambah pakasaban. Duka bakat ku sieun duka bakat ku bogoh atawa nyaah kanu jadi pamajikan. Sigana ninggang ti pangabutuh nu beuki loba tapi panghasilan teu nambahan. Geus ti jaman Orde Baru mula, loba jelema nu nyandung dina pagawean atawa kagiatan sejen. Contona aya nu jadi anggota dewan tapi bari jadi meri atawa preman, aya nu jadi pajabat tapi bari jadi pemborong, atawa bari jadi garong bin koruptor �pagawean nu di urang sigana leuwih hade atawa aman tibatan jualan atawa make narkoba. Loba cenah guru �alatan gajihna keur leutik teh dipotong ku dunungan- nu ari sore atawa peuting jadi tukang ojeg, dosen nu jarang ngajar dan waktuna beak dipake proyek, tangtara dines nu dikaryakeun jadi walikota atawa bupati atawa pajabat sejena, jeung sajabana. Nyandung palebah pagawean model kieu mah, teu matak nyusahkeun anak pamajikan da tujuanana sangkan anggaran jangka panjang, jangka menengah, jangka pendek oge jangka imah nambahan! (MJ) mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

