mangga ka leubeut kang dian, dupi ayeuna nuju dimana linggihna?
urang mBandung geuningan, janten emut sababaraha taun kalangkung basa abi nuju meser mie kocok di payuneun PALAGUNA. asa raos pisan mie kocok teh, komo mie kocok kota kembang. basa nuju pesen kang mani seueur pisan anu nuju tuangna, mung nyaeta aya di emperan jalan. eh basa bade mayar lan tumaros sabaraha, ...... si emang mie kocok..... lumpat ngadorong gorobak mie. atuh abi teh olohok, teras ngiring lumpat ngudag si emang bari nyandak mangkok, .... tapi si emang teras we teu liren ka arah jl. sunda. tinggal abi bingung sabab upami kaleubeut teu apal. abi teh ngalieuk ka pengkereun abi, eh................ geuningan aya trantib.
mie kocok, mie kocok
die2_burnout <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
die2_burnout <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum..
Sampurasun dulur,,
nepangkeun nami sim kuring dian hari saputra!!
kawit ti Cibiru Bandung!!
mugia tina lebetna simkuring ka milis ieu tiasa nambih tali
silaturahmi diantara urang sunda!!
numapi mung sakitu heula ti simkuring,,
salam kenal,, wilujeng patepang ka sadayana!!
Wassalamualaikum wr.wb.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.