Kang Eko sareng baraya sunda sanesna.
Aya harewos ti kang Iwan ( da ka balad mah  nanaon ge sok diharewosan)
perkawis galura.
Galura online teh terbitan sasih ieu enya tos teu di up date deui. Naon
margina ?
Dina harewos eta saurna teh kieu :
1. Kumargi anjeuna parantos rengse ngalap elmuna di Bandung nya ayeuna nuju
ngalalana  di Batawi, kanggo sementawis dumuk di wewengkon depok. Saurna
mamanawian ari Batawi mah
padaringan teh enggal pinuh. hehe

2. Kumargi teu dumuk deui di Bandung, nya perkawis Galura online, anu
dikuncenan ku anjeuna rada terbengkalai, da ari kedah bolak balik mah saurna
ABOT.
 Eta ge parantos didugikeun ka pihak galura, namung teu acan aya kaputusan
naha kang iwan masih dipercanten di galura online atanapi kumaha, teu acan
tangtos.

3. Ku kituna, ngalangkungan harewos eta, saurna pangdugikeun ka baraya sunda
anu sok pirajeunan ngalongok galura.com, hapunten nu saageung ageungna
sareng neda
ngama'lum.

Atuh salajengna boh bilih wargi sunda sadaya aya informasi lowongan damel
utamina anu  aya sangkut pautna sareng IT atanapi naon wae, sayaktos kang
Iwan teh
nuju milarian padamelan, da nu ayeuna mah saurna teu acan netep.
Ku kituna disuhunkeun rido manahna, upami parawargi gaduh
informasi perkawis eta, tiasa ngalangkungan japri ka :
[EMAIL PROTECTED]

Sakitu wae nu tiasa didugikeun, heuheuy teu ngeunah buntutna euy ! ieu mah
mamanawian we
da sareng saha deui iwal ka baraya sunda sadaya.
wassalam,
SR ( tos heubeul teu kuam keom )

----- Original Message -----
From: E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, February 02, 2005 1:58 PM
Subject: [Urang Sunda] galura.com -> enggeusan kitu ?


>
> Bieu nyoba asup ka galura.com naha geuning eusina jadi
> basa dengeun boa-boa enggeusan kitu ? saminggu
> katukang teteleponan jeung kuncen galura.com kang iwan
> (urang sumedang) baladna kang syam anu jago nyieun 4S
> tea, eh ketang balad kuring oge heu heu...cenah geus
> henteu di galura deui cenah ayeuna mah di depok
> damelna mah di daerah tebet-jkt mung hilap teu naros
> dimana-mana.
>
> Maenya enggeusan mahnya, ari koran galurana masih aya
> keneh ?
>
> @ERN
>
>
> =====
> -----------------------------
> http://www.urang-sunda.or.id
> -----------------------------
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
> http://info.mail.yahoo.com/mail_250
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke