panginten ieu teh salah sawios anu disebat global dimming. istilah ieu memang teu acan satenar global warming atanapi pemanasan global, mung salah sawios dampak tina global dimming teh nyaeta ayana kamungkinan hujan es.
 
kajantenan global dimming mangrupa akibat tina nguranganna intensitas radiasi panonpoe, tina hasil panalungtikan salami 14 taun tina satelit NOAA, cenah di indonesia tos nurun sakitar 16,6%, langkung ageung tinimbang di kutub nu ngan 3% dina unggal 10 taun. hal ini nembongkeun yen polusi udara dina bentuk aerosol sareng partikel nu sajenis di Indonesia sacara nyata mangaruhan kana nguranganna intensitas radiasi panonpoe di sakuliah dunya.
 
ayana konsentrasi global dimming di indonesia bakal ngakibatkeun langit indonesia bakal poek sapopoe dina mangsa nu bakal datang tur ayana anomali cuacu nu teu tangtu, saperti hujan es tea. wallahualam.
 
baktos,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
From: Nana Tea
Sent: Thursday, February 03, 2005 11:51 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Musibah Garut - Subang

duka aya naon yeuh, di jakarta oge daerah Halim, kampung makasar, dsk aya angin puyuh. Aya rencang abi sakantor, urang cisaga ciamis,  padumukanana kentengna barolong ku hujan es, asbes oge aya 4 biji ngapung, anu hiji karumah tatanggina, anu hiji nyangkut dina tangkal, anu hiji dina curugan, anu hiji deuina balik katempatna mung tos reksak.
tatangkalan sagigireun jalan bade ka Halim Pdksm anu ti arah UKI anu sabeulahna reksak lan jalanna mung tiasa dianggo sabelah.


yud! <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Hayu urang duakeun dulur2 urang dipaparin kasabaran sareng kakitan mayunan ieu musibah.



Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke