Kang Rahmat, posting kuring soal Juragan Holle, dina kisunda sanes di Kusnet. Tapi keun we da sami wae ketang, ngan hanjakal postingan kuring henteu dilampirkeun. Ku kuring dilampirkeun, kanggo kanu sanes member kisunda :
"KOMPAS sapuluh taun kapengker atawa langkung, kantos ngamuat carita nyambung novel urang walanda, nu nyaritakeun lalakon juragan kebon di Priangan nyaeta kulawarga Hoelle jeung Boscha (Dua kulawarga ieu aya hubungan kulawarga). NGan kuring macana sapotong-sapotong, jadi teu anggeus jeung paroho deui. Anu kainget teh dicaritakeun kumaha salah saurang Hoelle nu kapengpeongan ku gamelan Sunda. Manehna henteu ngurus kebon tehna, unggal peuting nabeuh gamelan, pikakeuheuleun kulawargana. di Pendopo kabupaten Sumedang manehna lar sup, mamake pakean kumaha we urang sunda. Manehna oge anu nyandak gamelan Sari Oneng ti Sumedang kukurilingan di Amerika jeung Eropa. Malah kantos ditabeuh waktos peresmian Menara Eifel di Paris ( Gamelan Sari Oneng nu ngalalana tea ayeuna tiasa ditingali di Musium Geusan Ulun Sumedang). Di Kota Garut upami teu lepat mah aya tugu pamgimget-nginget jasa tuan Hoelle ieu. Panginten kang Hasan langkung terang. Malah kuring kungsi maca, duka di milis, duka dimana, cenah mah, Hoelle oge nu nganjurkeun para menak Sunda nganggo deui basa Sunda, ninggalkeun basa Jawa, nu dianggap basa "luhung" ku menak jaman harita. Baktos, WALUYA --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kuring nuju kubat-kebet disertasi doktor anu diserat > ku T Fatimah Djajasudarma taun 1986, sakolebatan > kabaca nami Holle. Teras ningali ka daftar Pustaka, > enya aya nami K.F. Holle, nyerat buku judulna "Het > Schrijven van Soendaacsh met Latijnsche letter" tahun > 1873. > > Boa-boa si Holle ieu, urang walanda anu didongengkeun > ku Bah Willy, juragan anu resep ngulik kabudayaan > sunda. Dina disertasi eta teh, cenah tuan Holle teh > salah sahiji ahli bahasa anu nalungtik naskah Sunda > Kuna, utamana mah naskah "Tjarita Parahyangan". > > > baktos, > > mrachmatrawyani > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. > http://info.mail.yahoo.com/mail_250 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

