muhun da leres pisan ayeunamah ciparay teh benten pisan sareng kapungku, komo basa abdu nuju sakola smun keneh ti taun 94 dugi ka taun 97 meni asri pisan karaos na teh, komo deui abdi nuju smp mah pan upami upacara 17an teh sok di lapang barujati, ti alun alun dugi ka barujati nu tebihna kirang langkun 2km teh sok mapah wae da raos teu hariwang estuning aman, sareng deuih sok aya raramean upami upacara teh nyarandak opak saageung nyiru tapi taun gentos taun teh tradisi eta malah ngaleungit duka naon masalahna., duka teu aya modal atanapi emang jalmina tos marales deui ngarayakeun nana panginten sumanget kemerdekaan na tos ngirangan, alun alun teh raos keneh di angge ngiuhan da aya tangkal nu ageung payunenu pegadaian sareng kantor polisi tea, na saatos na pasar ciparay kahuruan alun alun teh di jantenkeun pasar sementawis nu antukna ngajantenkeun ciparay tambih pabaliut teu puguh, gersang wah pokonamah matak teu pikabetaheun pusan. muhun saatosna abdi kuli di majalaya taun 2001 eh malah sanes langkung merenah malah tambih ancur , muhun eta palebah apotek dewi tea beuki ancur pisan ti ngawitan angkot,ojeg pasolengkrah ditambih pemuda pemuda nu kirang bertanggung jawab tea... tapi aya saena oge, bangunan anu barutut teh di palugar di jantenkeun toko toko nu mancing perekonomian ciparay tambih majeng, sanaos seu'seueurna urang padang nu garaduh eta toko teh... tapi sapanjang aman mah sawios nya saha we nu gaduh tokonamah. komo upami ninggal majalaya walah..... tos sesah nyarioskeun nana perobihan na teh matak teu raos pisan, keretek,beca sareng ojeg malah nambihan macet, komo di jalan tengah majalaya mah tos we etamah di kuasai pisan ku keretek nu alim ngarelehan sareng mobil nu ngalangkung estuning macet wae. ditambihan ku PKL nu teu tiasa di atur pisan dugi ka sisi jalan nambih heurin pisan. toko toko seu'eur nu katutup ku PKL ah tos ah moal aya seep na nyarioskeun kaawonan majalaya sareng ciparay teh tapi dalah kumaha oge tetep we etateh lembur kuring keneh bade awon bade sae abdimah tetep nineung pisan.. duh iraha nya tias nganjang?!!
baktos "nenny" --- Hernawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Para saderek, abdi mah sok ngenes upami milangsaraya ka > jaman kapungkur komo upami ngeunaan "ciparay" mah pedah > ciparay ayeuna mah benten ti jaman kapungkur. > Ayeuna mah anu maradat mahabu di ciparay mah > Oge anu marabok patulayah (tah gigireun apotik dewi > tempat marabokna teh) > jrrd pokonamah anu mines-mines bae lah > > On Wed, 2 Feb 2005 18:13:47 -0800 (PST) > Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Lembur awi teh, pami sateuacana ciparay belok ka palih > >kanan sanes? ngalangkungan sawah teras naek ka daerah > >paawian, he he pami teu leupat sok seueur anu nyeupeungan > >wae bedog. hampura teh neny pami kirang teupat. Mung > >perkawis beca, andong, angkot ciparay-majalaya, angkutan > >karyawan, ti beuheula teu acan robih keneh > > Nepangkeun abi Nana, kawit ti Brebes, istri abi pun rama > >ti Majalaya (Panyadap) > > > > ===== "Nineung Ka lembur Kuring" http://nenden.multiply.com __________________________________ Do you Yahoo!? The all-new My Yahoo! - What will yours do? http://my.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

