wa'alaikumsalaam w. w. Aya nu teu panuju kana pamanggih urang mah atuh wajar bae, Kang Herdis, ulah matak jadi pundung. Mun dina gunem catur ngan ukur saarah: nu hiji ngocoblak nu sejen heueuh2 bueuk; moal rame. Sok bae da masing2 jelema nyuhun sirahna sewang2an...
Cikan, hayang milan... Kuring mah katarik ku pamanggih ngeunaan teu "keuna"na konsep agama (nyeta Islam) pikeun pamarentahan, ambeh gampang paseana, nya Bah Willy? hehe... Mun urang nyokot conto2 pamarentahan nu sebut wae---sugan rada-rada---ngawakilan Islam, cikan urang "evaluasi" Arab Saudi (AS); kuring teu panuju mun pamarentahan AS ieu dianggap saluyu jeung pamarentahan Islam. Kahiji masalah raja, Nabi SAW mah lain raja. Kapamingpinan Islam ti Nabi ka Halipah nu opat, disebut demokrasi lain, atuh jajauheun ka monarki. Afganistan jaman Taliban; kaleuleuwihi mun Pamarentahan Islam prakprakanana nepi ka ngurus masalah ngurud jangot mah... Iran; duka tah ieu mah, kabeneran kuring teu manggih hal nu nyolok nyimpang/kaleuleuwihi. Ceuk nu ngadukungna mah memang ieu cenah nu ngaharib-harib pamarentahan Islam teh. Pamingpin/Imam dipilih ti golongan ajengan/ulama anu memang geus kauji. Tapi da nu ngaranna pulitik & kakawasaan mah loba unak-anikna, aya kongkalikong (sama dengan kongkong), intrik2 jeung sajabana. Ngan kuring mah nekenkeun teh hiji hal. Yen nu nyimpang, mun tea mah nyimpang, lain ajaranana, tapi nu prak migawena. Nyimpang ieu bisa alatan kapangaruhan (malah disetir) ku kapentingan batur atawa panatik kana salasahiji golongan (alatan kurang jembarna elmu meureun lamun dirunut leuwih jauh mah), atawa kasetir ku hawa napsu kakawasaan diri sorangan/golongan. Jadi, lain konsep Islamna. Terus deuih, lamun urang nyarita ngeunaan konsep Islam. Aya tanda tanya nu rada gede dina sirah kuring, ari konsep pamarentahan Islam teh nu kumaha? Geus aya kitu citak bulaona anu bener2 geus diaku saluyu jeung ajen-inajen Islam? Asana mah acan. Eta oge kuring kungsi ngadenge, draf konstitusi, hukum & sistim pamarentahan Islam teh keur dikeureuyeuh, mung teu acan rengse keneh. Komo deuih taun kamari kabejakeun aya "counter" atawa (lemesna) koreksi tapsiran dalil-dalil utamana nu patali jeung wanoja. Nu puguh (puguh teu puguh), bawarasa yen Gusti Alloh geus nurunkeun tungtunan2 nu sipatna prinsip pikeun ngaping urang hirup di dunya, pon kitu deui dina hal pamarentahan. Tina prinsip2 eta meureun urang kudu ngagali naon2 aturan nu kudu ditanjeurkeun dina pamarentahan Islam: ti rumusan konstitusi (mun memang aya) nepi ka bubuk leutikna, misalna ngeunaan miceun runtah kana wadah/tempatna. Kapan hirup beresih & berseka teh parentah Rosul... On Thu, 3 Feb 2005 03:01:12 -0800 (PST), herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualakum wr wb > Hapunten anu kasuhun nembe tiasa ngempel deui. > Baruk diskusi di milisi urang sunda teh gening tos > dugi ka alam transendental kieu (struktur agama, dsb) > Rame gening!!!!. Manawi teh wargi-wargi tos bosen rada > di ajak serius kanggo ngemut eksistensi urang di alam > dunia ieu (kaleresan sim kuring rada mangkel ku salah > sahiji posting di mailist ieu anu terkesan ngalelewe > kana pencerahan-pencerahan sapertos kieu. Biasa > berhala modern mah di sembah ku masyarakat scrizopenic > anu sok paham kana realitas sosial. Sok bangga kana > dasi anu di pake tur ngantor di gedung-gedung pencakar > langit). -- sikandar ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

