Di handap ieu artikel ti Mangle-online (http://www.mangle-online.com/view.php?id=040721232243&kategori=Berita&klasifikasi=Tamu), medar ngeunaan AGAMA SUNDA. Kade ati2 dina ngahartikeunana, sabab nu dimaksud AGAMA SUNDA dina artikel ieu hususon ka hiji kelompok nu ngagem kapercayaan nu sacara resmi disebut AGAMA SUNDA, lain agama urang Sunda dina harti agama nu asli kungsi diagem ku urang Sunda jaman baheula..
Nempo dina komentar2na, sawareh warga milis sigana geus kungsi maca ieu artikel, da geus rada heubeul ongkoh. Nyanggakeun! sikandar ----------------------------- Dr. Abdul Rozak, MA Naha Enya Aya Agama Sunda? Agama Sunda dipikawanoh minangka Agama Kuring, Agama Traju Trisna, Agama Pancasila, Ilmu Sajati, Jawa Jawi Mulya, Agama Yakin Pancasila, Aliran Kebatinan Perjalanan, atawa Permai (Persatuan Masyarakat Marhaen Indonesia). Naha enya aya agama Sunda? Saha tokohna jeung kumaha ajaranana? Dekan Fakultas Ushuluddin IAIN Sunan Gunung Bandung, Dr. Abdul Rozak, M.A, boga hasil panalungtikan nu hade patali jeung Agama Sunda. Ieu panalungtikanana teh mangrupa disertasina basa ngarengsekeun S3-na di IAIN Syarif Hidayatullah, Jakarta, Januari 2003. Judul disertasina: "Teologi Aliran Kebatinan Perjalanan atau Teologi Agama Sunda". Nurutkeun pangakuan Abdul Rozak, nu lahir di Losari, Brebes, Jawa Tengah, 11 Juni 1952, nu jadi kasangtukang dirina nalungtik Agama Sunda teh, salah sahijina, sabab salila ieu nu aliran kabatinan sok dianggap aliran Kejawen. Nu nyebutkeun kitu teh, di antarana Prof. Kamil Kartapradja. Ku sabab sok diidentikkeun jeung Kejawen, atuh tangtuna aliran kebatinan teh kuduna mah ayana ngan di lingkungan masarakat Jawa wungkul, sabab inti-intina Kejawen mah pan ngalestarikeun budaya Jawa. Nu jadi kapanasan teh, ceuk Abdul Rozak, tapi naha di Sunda oge aya aliran kabatinan? Tina kasang tukang samodel kitu pisan, nya Abdul Rozak, ngangkat kahemengna jadi disertasi. "Basa diteliti, breh we katembong, geuning bener aya aliran kabatinan asli Sunda. Malah tokoh-tokohna oge kabeh Sunda," ceuk Dr. Abdul Rozak, M.A basa ngobrol jeung Mangle di Rohang Dekan Fakultas Ushuluddin, Kemis, kamari ieu. Ieu panalungtikan teh, nurutkeun Abdul Rozak, sakaligus ngagugurkeun tesis Pa Kamil Kartapradja nu boga anggapan yen aliran kebatinan teh Kejawen. "Aliran kabatinan mah, nya aliran kabatinan we, hiji organisasi sosial nu aya niley-niley spiritualna, nu dikembangkeun ku masarakat. Landasanana kultural, dina hartina leuwih ngembangkeun aspek budaya," tandesna. Aliran Kabatinan Agama Sunda mangrupa salah sahiji aliran kabatinan nu aya di Indonesia, diadegkeun ping 17 September 1927, di Desa Cileuleuy, Cimerta, Kabupaten Subang. Tokoh-tokohna teh aya tilu urang: Mei Kartawinata, M. Rasyid, jeung Sumitra. Sabadana, eta tilu tokoh taya di kieuna, kapamingpinan Agama Sunda diteruskeun ku Dewan Pimpinan Musyawarah Pusat jeung Daerah (DMP/DMD) sacara kolektif. "Di Jawa Barat, meh di saban kabupaten jeung kota nu ngaranna DMD teh geus ngadeg. Ari kapamingpinan puseurna aya di Jakarta, dicepeng ku I Rustama Kartawinata, putra Mei Kartawinata. Alamatna di Minangkabau Dalam, Jakarta Selatan," ceuk Abdul Rozak ngajentrekeun. Aliran kabatinan teh, pokna, teu saukur mekar jeung berkembang di Jawa Tengah. Tapi oge, di wilayah Jawa Barat. Malah lamun nurutkeun data PAKEM (Pengendali Aliran Kemasyarakatan) mah, di Jawa Barat teh 63 aliran. Nya di antarana nu disebut Agama Sunda. Nu jadi kasang tukang lahirna Agama Sunda, ku sabab turunna sapuluh wangsit nu ditarima sacara lisan ku tilu tokoh nu ngadegkeun Agama Sunda. Sapuluh wangsit eta nu disebut Dasa Wasita tea. Ajaran Dasa Wasita teh, ceuk Abdul Rozak, nyaeta: 1. Teu meunang ngahina jeung dihina bari taya alesan nu jelas, 2. Ajaran silih pikanyaah jeung akhlak nu mulya, 3. Teu meunang ngagunakeun potensi nu aya dina diri manusa pikeun kapentingan hawa napsu, potensi kudu digunakeun pikeun tutulung ka sasama manusa, 4. Ajaran sangkan gawe soson-soson minangka darma, 5. Kabeh karunia datangna ti Gusti nu kudu disyukuran. Kadieunakeun, ceuk Abdul Rozak, ajaran Agama Sunda teh nambarkeun. Nyaeta ngajarkeun nyembah ka Gusti Nu Maha Tunggal ngaliwatan heneng, hening, eling, awas, waspada, jeung ajaran sejenna semedi dina tanggal 17 September. "Sabenerna, dua ajaran ahir ieui lain tina ajaran Dasa Wasita. Tapi ceuk pingpinan pusatna, ieu dua ajaran teh memang asalna tina wangsit oge," ceuk Abdul Rozak. Dina konsep Ketuhan, Agama Sunda ngajarkeun yen Tuhan teh aya, tapi aya-Na teh teu sarua jeung ayana sagala kaayaan dunya jeung alam semesta. Agama Sunda oge ngajarkeun yen Gusti teh Maha Esa. Wujud ke-Esaan-Na geus aya samemeh dunya jeung saisina aya. "Agama Sunda oge ngajarkeun dina konsep teologina yen Tuhan teh Maha Kawasa, Maha Mandiri, Maha Tunggal, Maha Uninga, Maha Mendengar, jeung sabangsana," ceuk Abdul Rozak. Ku para panganutna, minangka Dzat YME Tuhan, remen disebut make aran nu beda-beda. Diantarana Hyang Maha Agung, Hyang Maha Murba, Hyang Sukma, Hyang Widi, Hyang Manon, Hyang Maha Adil, Hyang Maha Pemurah. "Pikeun kagiatan ritual, panganut Agama Sunda henteu nangtukeun sarana jeung lokasi. Ritualna bisa dilakukan di mana wae nu pantes, nu dipentingkeunana teh kabersihan batin," pokna. Acara ritualna, diwujudkeun dina bentuk Heneng, Hening, Awas, Eling, jeung Waspada. Heneng hartina cicing bari ngalepaskeun diri tina sagala pikiran jeung ingetan kana masalah kadunyaan sangkan bisa ngarasakeun nikmatna anugerah ti Gusti Nu Maha Esa. Ari Hening hartina ngabersihkeun batin saolah-olah jadi eunteung nu bening. Awas hartina awas hate nurani, lain awasna bagian tina pancaindera. Potensi awas baris bisa ngabedakeun mana urusan nu wajib jeung mana urusan nu nu teu wajib dilakukeun, boh pikeun dirina boh keur manusa sejenna. "Eling ngandung harti ngupayakeun hirup jeung kahirupanana didadasaran ku cinta kasih. Manusa minangka Kaula Gusti wajib kumawula ka Tuhan YME kalawan eling," ceuk Abdul Rozak ngajentrekeun. Atuh ari nu disebut Waspada, tandes Rozak, ngandung harti kaayaan dina introspeksi salawasna. Tujuanana sangkan dirina meunang kaberuntungan. Sabab, ceuk ajaran Agama Sunda mah, waspada teh kacida nangtukeunana pikeun hiji jelema. Wangsit Munggaran Wangsit jadi sumber utama pikeun para panganut Agama Sunda. Wangsit munggaran, ditarima tanggal 17 September 1927, jam 12.00 beurang. Eta wangsit teh, cenah mah, ditarima ku tiluan, nyaeta Mei Kartaprawira, M. Rasyid, jeung Sumitra. Eta wangsit teh mangrupa sora-sora nu jentre kadengena. Tapi, eta wangsit oge, cenah mah, mangrupa tingkah polah pihak sejen nu dilakukeun di hareupeun tilu urang tadi. "Wangsit nu munggaran turun waktu tiluanana dumuk di Kampung Cimerta, Subang, Jawa Barat. Turunna pas Poe Juma'ah Kliwon, 19 Rabiul Awal 1858 Taun Saka di sisi walungan Cileuleuy," Abdul Rozak ngadadarkeun kalawan eces. Minangka hiji ajaran, wangsit nu ditarima teh dikumpulkeun dina wujud buku, jeung dijadikeun padoman ku para panganutna. Sacara umum, aya dua buku nu dijadikeun buku utama. Buku kahji, judulna teh, "Budaya Spiritual Aliran Kebatinan Perjalanan," buku nu kadua judulna teh, "Pangeling-ngeling". Buku "Pangeling-ngeling" dicetak dina format leutik, ukuran 10X16X1 cm. Jumlah kacana aya 23 kaca, ditulis ku Mei Kartawinata, salah saurang nu ngadegkeun nu meunang wangsit, tur nu milu ngadeugkeun Agama Sunda. "Ditulis taun 1951, eusina mangrupa nasehat-nasehat ti Mei Kartawinata pikeun para anggota Agama Sunda," ceuk Abdul Rozak. Eusi nasehat-nasehatna ditulis dina wangun dialoh dina basa Sunda antara tokoh Nunggul jeung Nunggal. Nasehat sejenna ditulis dina wangun nyanyian. Nyanyian kahiji judulna teh "Mamanis" dina wirahma Dandang Gula. Nyanyian kadua "Ka Anu Anom" dina wirahma Sinom. Nyanyian katilu "Kasamaran" dina wirahma Asmarandana. Nyanyian kaopat "Mundur Maju", dina wirahma Durma. Eta di antarana mah. Ari buku sejenna nyaeta "Budaya Spiritual Aliran Kebatinan Perjalanan", dicetak dina ukura ukuran rada lebar tur rada kandel. Ukuranana 14,5X20,5X1cm. Jumlah kacana 79 kaca. Buku ieu mangrupa himpunan ajaran-ajaran Agama Sunda. "Ditulis ku I Rustama Kartawinata, Ketua DMP Agama Sunda. Buku ditulis 6 Juli 1987 di Jakarta. Buku ieu teh mangrupa buku padoman pokok warga Agama Sunda. Sabab eusina teh, salian ti rupa-rupa aspek nu patali jeung esensi ajaran, juga mangrupa jawaban-jawaban ka sababaraha urang nu ngayakeun panalitian," Abdul Rozak nandeskeun. Teu Asup Akal Tina hasil panalungtikan, Dr. Abdul Rozak boga kacindekan yen wangsit nu diyakini ku tilu tokoh tadi teh kaasup teu logis atawa teu rasional. Boh ditilik tina jihat teologis boh tina kacapandang ilmiah. "Aya sangkaan kuat, ayana wangsit teh mangrupa upaya ngawangun legitimasi kapamingpinan maranehna," pokna teh. Kasimpulan nu ditandeskeun ku ieu Sekretaris Ikatan Sarjana Nahdlatul Ulama (ISNU) teh, tangtuna oge boga alesan nu kuat. "Dina masarakat nu masih nkeneh sederhana, nu boga kaperyaan kuat kana carita-carita pawayangan, tangtuna kacida percayana kana ayana wangsit nu turun ka pamingpin. Pikeun masarakat samodel kieu mah, aya kayakinan, sing saha nu geus meunang wangsit maka eta tokoh teh kudu jadi pamingpin pikeun golonganana," pokna teh. Leuwih jauh, Abdul Rojak nandeskeun, lamun dianalisis kalawan teleb bisa diungkabkeun yen wangsit dasa wasita teh sabenerna ngan nyaritakeun aspek pikukuh-pitutur sosio-kultural etnik Sunda. "Kukituna bisa ditandeskeun yen sacara sosio kultural etnik Sunda teh ngarah kana kabatinan. Ari ajaran teologina, sabenerna lain pikukuh atawa pitutur sosio-kultural etnik Sunda sacara "genuin". Sabab sacara faktual, ajaran teologi pikukuh-pitutur sosio-kultural etnik Sunda teh cenderung animisme," pokna teh. Agama Sunda, ceuk Abdul Rozak, memang ngajarkeun teologi, nu intina yen Tuhan teh Maha Esa kalawan sababarapa sipat kacida miripna jeung teologi Islam Sunni, oge ngajarkeun semedi, penyembahan ngaliwatan roh-roh nenek moyang jeung sejenna nu animis. "Ku kituna, sim kuring yakin yen teologi Agama Sunda mangrupa rekayasa," pokna mungkas obrolan. [MANGLE 1974] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

