nyeta atuh kang. kumaha nya. kadang-kadang sok jadi
leutik hate. ceuk petugas nu harita nganteur, cenah
toropong bentang zeis nu aya di bosscha teh panggedena
sa asia. tapi kaayaanana geuning jiga kitu. 

ninggal di lembur tatangga, planetarium teh tos gaduh
jadwal khusus pikeun narima pengunjung secara berkala.
biasana barudak sakola, sok ditugaskeun gu guruna
pikeun wawanohan jeung dunya astronomi. 

salam,
mh

--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Pami teu lepat Panaropongan Bintang Bosscha teh taun
> kamari geunjleung. Kahiji aya paributan tanah
> sabundeureunana nu matak ngancam lingkunganana. Mun
> teu salah mah rek jadi real estate (beh dituna
> Geuning geus ngajleg Lembang Highland Resort).
> Kadua, lingkungan daerah lembang geus ruksak, oge
> sakuriling bandung jaradi padumukan nu caraang mun
> peuting. Padahal panaropongan bintang mah perluna
> lingkungan nu mopoek. Nu baroga duit (oge pangawasa)
> lain marere dukungan keur kaelmuan malah jadi
> anceman nu geus aya.
>  
> salam
> Jalak Pakuan
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> muhun kang tirta lepat ngirim, puguh malaweung,
> bakat
> ku lapar telat ngeusi bensin. 
> 
> upama urang sunda katularan "panyakit" sindrom
> kasaksian jehovah, meureun hade nya. resep nepikeun
> pamadegan jeung bebeneran kasasama manusa sejenna.
> urang sunda baris jadi milisi pikeun nepikeun
> bebeneran, pangpangna ka batur urang anu kaleuwihan
> rejeki, yen ngarojong widang kaelmuan teh oge
> ibadah.
> meureun urang baris boga bosscha-bosscha sejenna.
> 
> upama dititenan teu saeutik baraya urang anu boga
> rajakaya leuwih. salila ieu katinggalna leuwih
> ngutamakeun pulang anting ka mekah unggal tahun,
> nagwangun masjid paaggrengagreng. tapi nu ngarojong
> kana widang kaelmuan, tacan pati katitenan.
> 
> salam,
> mh


=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. 
http://mobile.yahoo.com/maildemo 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke