Wa'alaikum salam wr wb.,
Tetela, kaayaan gunung-gunung di Tatar Sunda mah loba anu pakait jeung mitologi atawa carita rakyat. Sabagean ti antarana, sakumaha carita Sangkuriang sareng sasakala Gunung Guntur, lain anu jauh-jauh, nyilibkeun lalakon bituna gunung-gunung, utamana gunung-gunung sabudeureun Bandung beulah kaler (Sangkuriang) sareng Gunung Guntur.
Pakait jeung jejer ieu, ras inget aya desertasi doktor di UGM anu nyaritakeun mucunghul-tilemna karajaan-karajaan di wewengkon Dieng dugi ka Mataram purba pakait jeung motahna gunungapi-gunungapi di eta wewengkon. Anu terus kaemutan teh aya 2 hal: 1) nalungtik sajarah, jeung 2) mitigasi bencana alam.
Anu kahiji, pakait jeung kasangtukangna kunaon di Tatar Sunda teu aya titinggal mangrupa karaton karajaan-karajaan atawa candi-candi/tempat sesembahan, naha pakait jeung pangaweruh tepi ka der-0na pisan mindeng kajadian gunung bitu mangsa ngadegna eta karajaan-karajaan? Atawa eta mah murni bae pakait jeung masalah sistem tatanan sosial karajaan-karajaan atawa jenis agama/kapercayaan anu di anut ku masyarakat Sunda harita anu heunteu merlukeun simbol-simbol mangrupa adegan karataon jeung tempat ibadah anu weweg? Atawa............campuran eta dua kaayaan/hipotesis sederhana?
Anu kadua ieu anu leuwih penting. Sasayogian keur nyanghareupan datangna bancang-pakewuh alam alatan gunung bitu atawa mashur ku istilah mitigasi bencana alam. Nengetan data gunungapi-gunungapi di Tatar Sunda, aya 2 gunungapi anu pikamelangeun dina danget ieu, nyaeta G. Guntur jeung G. T. Parahu. Geus lila ieu 2 gunung heunteu bitu. Paralun, lain miharep eta dua gunung bitu, ngan nilik kana "periode-ulang" bituna mah eta 2 gunung teh geus ngaliwatan waktuna. Lain nanaon, ceuk pangaweruh vulkanologi, upama hiji gunungapi geus ngaliwatan periode-ulang bituna kalawan heunteu bitu-bitu dina mangsana engke bitu (anu bisa bae lain dina periode-ulang anu arek kasorangna) ngabeledug-na teh kana baris mokaha pikamelangeunana.
Mangga Kang Isya, kawuwuh salira mah ahli sareng sadidinten damel di bagian vulkanologi sareng mitigasi bencana geologi (kalebet unak-anik soal bituna gunung), geura dadarkeun perkawis kaayaan eta 2 gunung (G. Guntur jeung G. T. Parahu). Sakantenan papagon kanggo pamarentah oge masyarakat tiasa ilubiung dina taki-taki mayunan bancangpakewuh upama eta 2 gunung ngabeledug. Diantos Kang, pedaranana.
Baktos,
manAR
isya dana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Upami dititenan eta dongeng k. Kumincir teh, sigana persis sareng kajantenan bituna G. Guntur anu tahun 1690 (nu ngawitan ka catet). Saur urang gunung mah wirehna dina tahun harita teh G. Guntur bitu kacida ageungna, dugikeun ka seueur pisan kareksakan sareng seueur pisan korban jiwa di pilemburan nu caket ka eta Gunung. Namung henteu di jelaskeun sababaraha jumlah korbanna, mung disebatkeun teh seueur pisan
Bituna G. Guntur nu sanesna nyaeta :
tahun 1777 teu kacatet sareng teu disebatkeun korban jiwana
tahun 1780 bituna ngaluarkeun aliran lava,
ti kawit tahun 1800 bituna tambih sering, sakali-kali sareng ayana aliran lava nyaeta :
1803, 1807, 1809, 1815, 1816, 1818 rada ageung, 1825, 1828, 1829,1832, 1833, 1834, 1840,1841, 1843,
ti tahun 1843 dugi ka kiwari teu acan aya deui G. Guntur bitu, mung nu ka catet teh ngan linina wungkul. Sa sasih linina kacatet langkung ti sapuluh kali, nawiskeun G. Guntur teh masih keneh aktif. Samentawis ayeuna dina istilah tukang gunung mah G. Guntur teh nuju kulem keneh, mugi-mugi bae sing tibra kulemna eta gunung teh.
ngahaturkeun sapamendak sim kuring eta sajarah bituna G. Guntur.
hapunten ka sadayana ki sunda
Wassalamu 'alaikum Wr. Wb.
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

