Kang Tirta,
Sigana rarangkay kopdar di alam terbuka bari kemping kudu diasakeun. Seueur pisan sigana anu keur nganti-nganti kemping kahiji warga Kusnet. Soal patempatan jeung alat tong salempang, ongkoh di wewengkon lahan Kang Idrus di Panaruban oge aya lokasi outdoor anu tos beroperasi, sapalih atraksina teh di lahan Kang Idrus pisan. Atuh bilih hujan, di lantai 2 gudang Hydrasil Kang Idrus aya rohangan paragi rapat. Ti kapungkur anjeunna tos talatah, bilih wargi Kusnet bade nganggo eta patempatan mangga, dibageakeun pisan. Kulantaran kitu, anu diperlukeun teh sigana ngawahan tea, kudu rada ti anggangna, sangkan sagala rupana tarapti. Kaasup embe anu gogolepakanana sayogi. Mangga geura susun bae panitiana sareng naon rupi kaperyogianana. Pikeun bahan guareun, perkara ekonomi kerakyatan, tos aya narasumberna, nyatana Kang Idrus tea, ngarangkep narasumber mitologi kasundaan (keur bahan carpon atawa carnyamna Neng Wida oge sayogi tah geura). Kanggo narassumber ngeunaan seni-budaya, kantun milarian bae inohongna. Mangga diantos. Baktos, manAR --- In [email protected], "widzar_alghifary" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wahhh... Kemping?? > Enya, hayu atuh urang kemping. > Mun tiasa mah, mendingan langsung weh kopdar teh di alam terbuka. Mun > enya tea mah tos aya rencana kanggo kopdar di alam terbuka teh bulan > maret. Lamun bulan februari aya kopdar heula, ke bulan maret teh > wargi US tos carape tipayun. bulan maret jadina sakedikan. > > Mending langsung weh, ngke kaping 27 teh di alam terbuka. > Eta ceunah rada sesah kanggo nyadiaan peralatan nana, nya pan aya > tempat nyewa peralatan. Bilih eta teu aya tanagi kanggo ngurusna, > abdi siap turun. Masalah leuweung mah, gampang. Ongkohna deuih, aya > kang Oman anu siap naek gunung deui. hehehe... > > ieu mah ukur saran, > hatur nuhun. > > wassalam, > > widzar. > *) keur hayang kemping. > > > --- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun ka asupan para wargi sadaya. > Kunaon panglawungan rek diayakeun di hotel teh kieu alesanana: > > 1. Praktis, panitia nu singset, tempat nu babari diakses, jeung teu > riweuh ngurus akomodasi > > 2. Jajaga bisi Kang ERH atawa inohong US rek datang, aksesna babari > jeung fasilitasna rada merenah; > > 3. Alam terbuka....nya eta teu katebak mikiran saha nu rek ngurus > paralatan, lalawuh, darbeu (dahar beurang) jste. padahal US Kusnet > teh geuning sakitu pada pakepuk kana pagawean. > > 4. Kuota? he...he...eta mah saleresna kangge etang2an panitia, > ssstttt.....off the record nya, eta teh kangge ngetang kinten2 > sabaraha kaos polo nu kedah diical, mun 15 urang sabaraha omzetna, > mun 20 sabaraha omzetna jst. -:)) > > Ulah janten panghalang, der we daratang......urusan kuota mah > urusan teh Imas ehh...panitia. Saleresna mah ieu acara teh > teu "tertutup" khusus keur US nu di Jabotabek. Mangga wae ka wargi nu > bade ngaluuhan da "spirit"na mah silaturahmi. > > > > Oge waktos di Panaruban abdi sareng Kang Oman jeung Teh Tien gaduh > rencana rek ngayakeun panglawungan nu rada gede nu rek diayakeun di > Panaruban - Lembang. Urang meuting dina kemah (tenda), aya api unggun > jeung kambing guling. Atuh isukna aya acara "tea walk". Atuh nu rek > mandi dicurug nya tinggal gebrus. Waktosna teh diperkirakeun Maret > kaditu, sanggeus ngaliwatan usum hujan. (gumantung ka konfirmasi > urang Subang & associate). > > > > Janten......bade dikawitan ku Kopdar Kusnet di Jakarta atawa rek > langsung di Panaruban, atawa aya ide sanes? Sakali deui mangga urang > sasarengan badantenkeun tempat & acarana da waktosna ge masih rada > panjang. > > > > > > Cag ah > > Jalak Pakuan > > > > > > > > > --------------------------------- > > Do you Yahoo!? > > Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

