Assalamualaykum warahmatuLlahi wabarakatuh, Punten sadayana, punten Kang Oman, sanes bade mipinteranan, mung kaleresan aya pemendak abdi nu rada benten.
Perkawis pamadegan yen upami sadaya jalmi nyepeng sareng ngalaksanakeun papagon agami sewang2an aya kamungkinan dipiwelas sareng dihampura Gusti (lebet sawarga). Atuh leres Kang, kamungkinan eta mah mah tangtos aya wae da eta mah prerogatip Allah SWT. Jalmi pangsolehna oge moal tiasa lebet sawarga ku ibadahna, tapi samata- mata ku piwelas sareng piasih Gusti tea. Janten perkawis surga menyurga mah moal bade dipanjangkeun. Mung punten, abdi mah teu sapamadegan sareng emutan yen sadaya agama teh sami. Alesan paling kiatna mah tina masalah teologisna, nah leres Pangeran nurunkeun agama benten2? komo deui Inyana Maha Uninga yen manusa bakal pacogreg hebat dugi ka saling tandasa? Abdi mah alim gaduh pangeran "iseng" siga kitu, ngahaja nyiptakeun beda2 agama padahal apal bakal ribut. Alesan kadua sami dikaitkeun kana kaadilan Pangeran. Pangeran ayeuna nyata2 nurunkeun syariat benten2. Malah ka salah sahiji kaum langkung beurat tibatan kaum nu sanes (misalna syariat kanggo muslim pan beurat pisan: sholat, zakat, puasa, halalan thoyiban food jrrd). Pami Pangeran ngahakiman tiap kaum ku syariat masing2 nu benten2 tea, atuh panginten teu adil Pangeran teh?. Keur naon misalna ayeuna abdi cape2 nahan teu nuang babi atanapi urang Hindu cape2 teu tuang daging sapi tapi sakompetkeun ku Pengeran tur sami2 ka sawarga? Teu adil atuh Pangeran teh, tos we abdi milih syariat pangentengna didunya, lakonan we da sami2 bakal ka sawarga? Janten numutkeun pamadegan abdi, agama teh diturunkeun hiji di kawitan zamanna nabi Adam dugi ka ayeuna. Teologisna sami mung syariat tiasa benten2. Tiasana agama benten2 salasahijina disababkeun ku kalakuan samentawis jalmi nu ngarobih ajaran nu hanif tea. Salah sawios conto nu abdi terang, dugi ka tahun 300-an AD, Yesus teu acan diangkat Tuhan (doktrin trinitas teu acan lahir). Mung ku rembuganna pejabat2 gereja harita (Konsili kitu?), aya kaperyogian politis (alesan pastina abdi kedah maca deui) nu nyababkeun Romawi meryogikeun ngadaulatkeun Yesus janten Tuhan. Janten numutkeun si kuring nu deet elmu agamana tangtos Pangeran nurunkeun agama teh mung hiji kanggo sadaya umat manusa. Tah didinya jalmi sadaya kedah motekar uteukna milarian agama nu sajati tea. Eta oge nu janten alesan pilosofis ayana dakwah sareng missionaris. Perkawis benten2 kayakinan nu kadangkawis ngakibatkeun pacogreg hebat dugi ka perang jst (ceuk urang Indo mah realitas sosial) numutkeun abdi mah teu tiasa janten alesan pikeun yakin yen sadaya agama sami. Nu kedah di rojong mah kumaha carana sanaos tiap umat yakin yen agamana teh pangbenerna, cara nyampekeunana (dakwah atanapi misi) kedah diatur ngangge kontrak sosial nu jelas antar komunitas2 agama nu kedah dihormati ku sadayana (misalna undang2 penyebaran agama jst). Tah didieu sadaya umat beragama kedah dirojong supados ngangge cara2 damai sareng cara2 nu berpendidikan dina raraga nyebarkeun kayakinanna. Pami ieu dilanggar, hukumanana sanes ku lantaran ngalanggar kayakinan agama sanes tapi lantaran ngalanggar kontrak sosial eta tea. Mangga sakitu kasanggakeun, AstagfiruLlaah al adziim mudah2an seueur lepatna supados seueur nu ngalereskeun ... wassalamualaykum warahmatuLlaahi wabarakatuh baktos, yudi ----------------------------------- --- In [email protected], "Oman Abdurahman" wrote: Baraya sadaya, Padungdengan ngeunaan agama upama marebutkeun bebeneran, moal aya anggeusna. Jalaran masing-masing baris ngaku pang benerna. Si kuring seja mairan jejer anu sarupa kieu upama sadayana aya kasadrahan yen numutkeun kaadilan Pangeran, masing saha bae jalmi, agama naon bae lahiriahna, upama anjeunna nyepeng agama kalawan prak ngalakonan naon anu jadi papagon agamana sewang-sewangan, aya kamungkinan eta jalmi kenging piwelas jeung pangampura Gusti pangeran saestuna(ceuk basa populerna mah asup sawarga tea). Sabab, aya sababaraha alesan nyoko kana hal anu bieu teh. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

