Assalaamualaikum, damang Wa Oman teh? hapunten sim kuring tos joledar, langki ngalongokan lembur... ngeunaan agama sunda ari sakaterang kuring mah , kapungkur nalika masih SMA sim kuring gaduh guru anu ngagem agama SUNDA WIWITAN naha leres eta teh ayana atanapi sim kuring anu lepat dadanguan? mangga dipedar upami aya nu uninga mah, kang Kandar oge, sim kuring ngantosan infona, hatur nuhun , Baktos Irfan
--- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Baraya sadaya, > > Padungdengan ngeunaan agama upama marebutkeun bebeneran, moal aya > anggeusna. Jalaran masing-masing baris ngaku pang benerna. Si kuring > seja mairan jejer anu sarupa kieu upama sadayana aya kasadrahan yen > numutkeun kaadilan Pangeran, masing saha bae jalmi, agama naon bae > lahiriahna, upama anjeunna nyepeng agama kalawan prak ngalakonan > naon anu jadi papagon agamana sewang-sewangan, aya kamungkinan eta > jalmi kenging piwelas jeung pangampura Gusti pangeran saestuna (ceuk > basa populerna mah asup sawarga tea). Sabab, aya sababaraha alesan > nyoko kana hal anu bieu teh. > > Anu kahiji, soal distorsi agama Islam anu dugi ka urang. Upamana bae > disebutkeun yen agama Islam teh agama pang benerna. Namung, teu acan > tangtu Islam anu dipikawanoh ku urang teh Islam anu dimaksud ku anu > nurunkeunana jeung Nabi saw anu janten utusanana pikeun nepikeun eta > agama ka manusa. Apan nyakitu, aya bae distorsi, upami urang nilik > kana sajarah tepina agama Islam ka urang (soal komunikasi). > > Anu kadua, nyoko ka hal anu kahiji, heunteu satiap jalmi kenging > akses kana agama Islam anu saestuna. Jelasna, seueur jalmi anu nampi > agama Islam teh Islam anu tos kakotoran tea, alias terkontaminasi. > Kusabab kitu, munasabah upama seueur jalmi anu ningal Islam teh > Islam realitas anu aya, anu ceuk emutan aranjeunna heunteu luyu > pikeun kahirupan. Sok komo upama realitas anu katingal ku aranjeunna > teh sanes leres-leres inti ajaran agamana, namung perilaku ummatna > anu seueur heunteu luyu kana papagon Islam anu dianutna. > > Anu katilu, kulantaran harti "ad-dien" teh sakitu jembarna. Mangga, > uningaan bae geura dina artikel ngeunaan makna ad-dien di alamat > ieu: http://www.muthahhari.or.id/community/articles.asp?id=71. > Tetela geuningan, numutkeun anu nyerat eta artikel (anu notabene > anjeunna teh muslim oge) panganut agama naon bae upama anu nganutna > tos pasrah jeung ngarendahkeun hatena kana bebeneran, kamungkinan > tiasa kalebet golongan anu nganut ad-dien. Sawangsulna, anu nganut > agama naon bae, upama kalakuanna patojaiah sareng laku lampah jalmi > anu sumerah jeung rendah hate kana bebeneran, eta heunteu kalebet > kana warga ad-dien. > > Tina sakabeh anu ditataan, pamustunganana, ari nyepeng agama mah > urusan hate, namung anu nandakeun jalmi beragama atawa heunteuna mah > nya teu aya lian: laku lampah tea. Kusabab kitu, munasabah, upama > urang nitenan Al-Qur'an, dimensi pangpentingna dina agama Islam teh > geuningan sanes dimensi ideologi, ritual, intelektual, sareng > mistikal, balikta dimensi sosial tea. 90% ayat Al-Qur'an > madungdengkeun sareng ngatur urusan sosial. > > Jadi, sakumaha sadaya tos seueur anu sapuk, eupas tina naon bae > sesebutan agama anu diaku ku satiap jalmi, anu kudu dibalitungkeun > teh taya lian ti lakulampahna bae. Sabab teu saeutik jalmi anu > migunakeun agama atawa cecekelan hirup salaku alat. Atas nama agama, > lain pikeun agama. Hiji hal anu patojaiyah jeung kamanusaan. > Kukituna, diskusi ngeunaan agama anu kami seja ngahaminan, taya lian > ti diskusi ngeunaan kumaha carana pikeun ningkatkeun laku manusa anu > hade, pikeun ngaronjatkeun sumbangsih urang keur kamanusaan, pikeun > tambah nguatan sikep urang lebah "pikeun agama", tinimbang "atas > nama agama", alias keur nambahan sumerah diri jeung rendah hate > urang kana bebeneran tea. > > Cag heula, hapunten bilih seueur teuing lepatna. > > Baktos, > manAR > > --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Di handap ieu artikel ti Mangle-online > > (http://www.mangle-online.com/view.php? > id=040721232243&kategori=Berita&klasifikasi=Tamu), > > medar ngeunaan AGAMA SUNDA. Kade ati2 dina ngahartikeunana, sabab > nu > > dimaksud AGAMA SUNDA dina artikel ieu hususon ka hiji kelompok nu > > ngagem kapercayaan nu sacara resmi disebut AGAMA SUNDA, lain agama > > urang Sunda dina harti agama nu asli kungsi diagem ku urang Sunda > > jaman baheula.. > > > > Nempo dina komentar2na, sawareh warga milis sigana geus kungsi maca > > ieu artikel, da geus rada heubeul ongkoh. Nyanggakeun! > > > > sikandar > > ----------------------------- > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

