|
Bangsa urang mah masih katinggaleun dina bidang IT na
jeung nagara lain jadi masih setengah hate lamun make sistem oon-linean
tea. Salah sahijina birokrasi urang anu masih rudet tapi masih
dipikaresep ku tiap instansi mah sabab jadi lahan receh ku manehna, anu
babari di jieun harese lamun geus harese pan urang sok tara sabaran
jalmina artina aya jalan keur manehna kumaha caranya ameh leuwih cepet,
henteu dipersulit, jrrd antukna pake acara "pelicin" tea. Sabenerna
lamun didunia bisnis emang kudu perlu ayana "entertainment/lobi" tea
sasama pelaku bisnis. Sapertos Iklan keur hiji produk tertentu ameh
dipikawanoh ku masyarakat. Tapi hal nu kitu teu perlu di
laksanakeun di instansi pamarentahan sabab tujuana lain profit oriented
tapi social oriented. Duka ayeunamah dina kapamimpinan SBY eta birokrasi
nu samodel kitu bisa hapus duka henteu.
Baktos,
JB
-------Original
Message-------
Date: 02/04/05
15:05:26
Subject: [Urang
Sunda] Perpanjangan pajak STNK online
Ehm...punten rada
serak......sampurasun,...
Bade tumaros, kunaon
nya ari di nagara urang aya sistem anu kacida sae-na sepertos perpanjang
pajak STNK on-line sepertos di nagara2 wetan teu tiasa diterapkeun
didieu, dupi ngan saukur jatah meja-meja anu dihapus atanapi
aya alesan anu masuk akal, punten kang JB nyuhunkeun
pencerahanana,....
Baktos,
Dani
Waluya
Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
|