Sami-sami... Ka sadayana Umat Islam wilujeng Warsih Enggal Hijriyah. Ngeunaan Taun Anyar Hijriyah di Pamanukan mah rame pisan. Unggal taun sok aya pawai obor dina malem 1 Muharom. Kamari mah malah ratusan kaum muslimin nu diluluguan ku BPI Al-Falah ngayakeun Pawey Obor jeung Lampion nu rupana Bentang, Bulan, jeung Masjid. Sabot keur pawey, kabeneran pisan hujan Badag.... tapi ntetep wae jalan.. bari ngahaleuangkeun shalawat jeung takbir. Mani waas, teh malah keur ngadangu takbir mah asa murinding... Jeung basa kuring ngurilingan Pamanukan jeung Legonkulon, eta acara teh ampir bareng lumangsung dina peuting harita. Ceunah ceuk panitia ti BPI Al-Falah acara harita mawa misi "Ngahijrahkeun Masyarakat jeung ngamasyarakatkeun Hijriyah" Dina harti pinda ti nukurang alus kanu alus atawa mawa cita-cita jang ngarobah umat sangkan jadi leuwih alus boh taqwana, imanna, jeung kakuatan sejenna.... Kumaha di nu sejen? Cikan dongeng, ah..!!
Baktos, Om TEDDY Pamanukan ----- Original Message ----- From: "joko tingkir" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Cc: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Thursday, February 10, 2005 3:57 PM Subject: Re: [Urang Sunda] wilujeng TAHUN BARU HIJRIAH 1426 H > > Haturan ka sadaya kaum muslimin + muslimat, khususna > para wardi KUSNET & GL, simkuring oge ngahaturkeun > Wilujeng Taun Enggal 1 Muharram 1426 H. > Hayu urang maca bismilah, > dina ngamimitian lengkah lumampah taun anyar hijriyah, > dibarengan ku kabungah jeung manah sumerah, > miharep hirup hurip meunang hidayah, > Ti nu Agung nu Maha Mikanyaah, > Sangkan genah tumaninah, > Jembar rizqi tur barokah, > Amin. > > Jaka > > > --- teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Wilujeng Tahun Enggal hiji Muharam 1426 H, oge kang > > Iyan... Mugia urang sadaya dipasihan umur panjang , > > rizki, sareng kahirupan anu barokah......amin > > > > Teh Tien > > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. > http://promotions.yahoo.com/new_mail > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

