Inget jangji ka kang Sastranegara anu nataroskeun sual moderator di milist kisunda, jangji seja posting khusus ngeunaan hal eta. Pamugi janten mafhum ka sadayana, mangga seja ngaguar sual moderator, khususna di milist kisunda.
 
Rupina, babasan moderator teh di milist ieu pikeun lebah urusan teknis bae Kang. Nya diantara tugas moderator teh ngahulag posting anu eusina perkara-perkara anu geus umum pantangan di satiap milist, kayaning soal SARA, pornografi, papaseaan jsb. Dina raraga eta teh kaasup oge nga-"pending" alamat e-mail anu ngintukeunana.  Pikeun hal eta, anu dipaparin akses ka rohangan moderator kisunda teh aya opatan, kalima anu maneuh salaku moderator teknisna pisan. Anu tiluan teh nyaeta si kuring, Kang Kumincir (Iskandar Adnan), Kang Eko sareng Kang Hasan  Eta anu opatan teh aktif oge posting di ieu milist. Anapon anu kapeto salaku juru teknis-na pisan nyaeta Kang Doddi anu heunteu aktif posting ka ieu milist.
 
Anapon moderator dina harti leres-leres ngamoderatoran hiji milist mah rupina teu acan karingkelkeun kalawan rinci. Nya keur dilalanyahan ieu oge, da nyakitu, heunteu gampil geuningan ngurus milist teh. Di sagigireun ti eta, milist (jembarna: internet) di urang teh teu acan dipateakeun pisan salaku hiji alat anu kacida ageung manfaatna pikeun ngawangun masyarakat. Kukituna, organisasi anu ngokolakeun milist oge sifatna masih seueur anu "voluntir" atawa sukarela tea. 
 
Paralun, lain seja balitungan ieu mah, ngan keuna ka diri sorangan mah ieu teh hiji hal anu heunteu suwung tina kabimbang. Upamana, si kuring ditawisan janten moderator, mangga teh teuing, ngan heunteu jaminan dugi ka iraha-irahana mah sabab apan akses internet si kuring teh kawatesan oge. Hiji waktu, upama geus heunteu tugas deui di kantor di widang anu gampang akses ka internet, nya baris ngurangan kasempetan mangku pancen salaku moderator teh. Aya untungna, untung papada surti, anu nugaskeun oge da ningali hal eta, atuh anu narima oge nya ningali kaayaan milist. Kukituna, kalawan papada maklum, nya urang lakonana bae naon pancen anu disanghareupan dina kaayaan anu sami-sami papada maklum. Kaayaan milist dina alam ka-Indonesiaan sarupi kieu.
 
Satemenna, aya alesan sejen anu leuwih merenah, kunaon pancen moderator anu disebut pangkahirna heunteu karingkelkeun teh. Anu kahiji, sabab ari dunya internet mah kacida demokratisna. Aya pangalaman miluan hiji milist migunakeun basa nasional, ngeunaan kabudayaan atawa "peradaban". Eh, da nyakitu, sanajan geus diumumkeun ku moderatorna ngeunaan papagon jejer posting keur ka eta milist, da demokratis tea internet mah, nya tetep bae jejer anu aya teh kumaha anu posting jeung kumaha anu mairan kana posting-posting anu mucunghul. Sigana, tepi ka iraha bae, moal bisa aya hiji "kurikulum" keur di milist mah. Kajaba, upama moderatorna parigel midamel jejer-jejer posting anu komunikatif tur nimbulkeun rangsangan dugi ka para anggotana ngaguluyur mairan satiap posting ti eta moderator.
 
Anu kadua, ngamalir tina alesan anu kahiji anu bieu ditataan, da ari anu ngiringan milist mah parantos kauninga ieuh, sakurang-kurangna sadayana oge tos mikawanoh alam tutulisan katut etikana (kajabi sagolongan jalmi anu ngahaja migunakeun internet pikeun nyieun pasualan atawa provokator tea). Lebah dieu, sakumaha kasaksuan, anu jadi moderator (jejer) teh heunteu sasaha deui, anging para anggota milist ku anjeun. Contona parantos kasaksian ku sadayana di ieu milist, dina mangsana anu merenah, para anggota oge tiasa ngajalankeun pancen salaku moderator (lebah ngusulkeun pikeun ngeureunkeun atawa neruskeun hiji jejer, upamana).  Eta teh memang kitu anu dipiharep, patali sareng sifat asli milist anu demokratis tea.
 
Kukituna, prung ah, mugi heunteu janten pamengan atanapi kaseunggah ayana pribadi-pribadi anu kapeto jadi moderator. Anu disebut moderator mah salaku pancen pasualan teknis bae utamana mah. Anapon jejer mah mangga, ngaguluyur bae salila aya dina etika jeung watesan aturan umum milist anu sadayana oge parantos uninga atanapi gampil mikawanohna. Der posting jejer naon bae, anu kumaha bae, asal pikeun kamajuan kisunda, nurutan kasauran Kang Ilen tea mah.
 
Cag heula bilih panjang teuing........kapayun upami pareng, numbu catur ieu jejer, mangga urang sambung ku guaran ngeunaan kajugalaan internet dina alam kakiwarian.
 
Baktosna,
manAR  
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke