Baraya,
Tangtangan ti Kang Hendris ieu sabenerna anu ku si kuring kungsi ditatanyakeun ti heula, sabagean minangka lengkah panaratas keur jawabanana kungsi diposting dina jejer anu pakait jeung ajen-inajen poko kasundaan (nilai-nilai pokok falsafah Sunda), kalan-kalan sok miang oge tina guaran jejer sajarah. Ka Kang Hendris oge baraya sanesna, mangga mugi kersa leukeun mukaan deui arsip file di urangsunda, upama memang aya minat ngabaladah urusan filsafat dikaitkeun jeung kasundaan. Pikeun ngandelan kasundaan, diantawisna buku "Kasundaan Rawayan Jati" (KRJ), yasana Abah Surya (R. Hidayat Suryalaga) tiasa oge diilo. Kang Hendris, oge nu sanesna, mangga, aya saena supaya heunteu miang ti enol ngeunaan kasundaan, diaos heula eta buku, sangkan urang tiasa komunikatif dina madungdengkeun sababaraha ikon ngeunaan cecekelan hirup kasundaan. Enya, upama parantos nengetan eta buku mah moal poekeun teuing geura kana istilah-istilah khas Sunda saperti: Buana Panta-panta, Kasiliwangian, SILAS, Parigeuing, Opat Paharaman, jst. Teu mungguhan, geuningan aya anu kasebut ahli kosmologi Sunda oge masih pasolengkrah keneh dina nataan SILAS (untungna lain pituin US, hehehe, jadi moal dicarekan teuing). Baraya, naon anu dialungkeun ku Kang Hendris ka pakalangan, satemenna ngarupakeun hal anu kalintang pentingna. Sabab, ceuk salah saurang ahli filsafat, heunteu aya hiji oge tindakan jelema, sakumaha bae oge leutikna, anu heunteu dikasangtukangan ku hiji cecekelan falsafah tinangtu. Urang bae anu heunteu sadar upama heunteu ngarasa kitu teh. Satiap jalmi, leutik atawa gede, ngimeutan atawa heunteu, neuleuman atawa ukur saliwatan, satemenna merlukeun falsafah. Akal salaku alat keur neuleuman falsafah, numutkeun hiji hadist, eta kalebet utusan anu kadua (disagigireun Nabi as) anu inheren di satiap jelema, sangkan hirup manusa salamet tur papanggih jeung kabagjaan. Kang Hendris teh naroskeun naon anu jadi cecekelan hirup Sunda atawa dina istilah filsafat mah naon anu disebut "weltanschaung" (WS) US. Enya, WS kisunda teh pipikiran urang Sunda sagemblengna ngeunaan ieu alam dunya (B.Ind: pandangan dunia) ngeunaan ieu alam dunya. Naha aya ieu gan WS teh di kisunda?, ? Tuluy, upama aya, naon konsep implikasina anu saterusna ieu konsep teh ngandung implikasi- implikasi sosialna tina eta WS US teh? Tuluy kumaha jawaban eta WS US anu bisa ngigelan jeung ngigelkeun masyarakat anu geus sakitu lilana katebak angin atawa kabajuan ku sekularisme, humanisme, eksistensialisme, jsb? Der ah, geura padungdung pamikiran. Hampura, lain mere jawaban anu atra ieu posting teh, balikta nambahan patarosan. Bener ceuk Kang Hendris, wilujeng sumping ka dunya anu pikasieuneun. Tapi, teu aya jalan sejen, upama hayang kenging buahna anu sakitu matak uruyna, wayahna eta anu pikasieuneun teh kudu disorang. Katambah deui, di TS anu cenah agama Islam jeung kasundaan teh padalit lir gula jeung amisna, ayeuna Islam (sacara pemikiran) geus sakitu di ubrak-abrikna ku sabagean mahasiswa, malah eta mahasiswa teh tug nepi ka di paguron anu mawa ngaran agama. Ulah disasalahkeun teuing pamuda-pamuda anu ngaralakukeun eta "pemberontakan". Bisa jadi kasangtukangna eta kalakuan teh kulantaran ummat Islam sorangan di urang heunteu bisa mere jawaban ka para pamuda anu keur hanaang ku sabangsa filsafat atawa cecekelan hirup...anu pohara pikasieuneunana keur sabagean jelema. Ummat Islam di urang meureun masih ngagegedekeun urusan ritual, tepi ka daek pasea marebutkeun bebeneran tatacara ibadah, mopohokeun utusan sejen anu inheren dina diri manusa, nyatana akal tea; jeung nyapirakeun dimensi anu pang pentingna dina agama Islam: dimensi sosial tea. Baktos, manAR --- In [email protected], herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Filsafat Sunda, filsafat pundungan, hehheheh!!!!! > Ha..ha.., hatur nuhun akh, kana terminologi pundungan > nana. > Wilujeung milari arti kedirian, dulur!!! > > Cing naon falasafah urang sunda teh? ( lamun Jawa > terkenal halus, Batak terkenal berani, Bugis terkenal > ulet, Padang terkenal pinter, ari sunda��?, can you > tell me?). selamat datang di dunia yang menakutkan > Aller Anfang Ist Schewer!!!! > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

