Anehna, pan aya dua pamenta nu bakal ditedunan teh ?
Naha lain hiji sewang we atuh si Abah jeung Ambu teh menta na ?
Hehehe...dasar jalma mah sarakah bari emosional, meureun nya ?

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Jaman Baheula, di Jawa, duka Jawana di lebah mana, aya hiji
> kulawarga 
> nu kacida sangsarana, katelahna Abah jeung Ambu Kromol
> Baplang. Ieu 
> salaki jeung pamajikan cicing di imah nu siga saung butut anu
> geus 
> doyong, papakeanana oge geus bararutut. Pangcabakanana henteu
> puguh, 
> buburuh di tatanggana, sakasampeurna. Hiji waktu, Abah Kromol
> Baplang 
> ngadenge beja, cenah mah lamun hayang beunghar, kudu tatapa di
> 
> basisir laut kidul ngalap berkah ti Nyai Loro Kidul. Ceuli
> Abah 
> Kromol Baplang mani rancung ngadenge beja ieu, sabab manehna
> geus 
> ngarasa bosen hirupna ngan sangsara jeung sangsara wae.
> Manehna 
> tatanya kaditu kadieu, dimana tempat tatapa teh. Sanggeus aya
> nu 
> ngabejaan dimana tempatna, manehna ngajak Ambu Kromol Baplang
> indit 
> tatapa ka tempat anu dituduhkeun tea.
> 
> Teu dicaritakeun dijalanna, tepi weh maranehna ka basisir laut
> kidul, 
> terus tatapa jeung pamajikanana di salah sahiji guha di
> basisir, 
> menta-menta supaya Nyai Loro Kidul mere berkah ka maranehna. 
> Kulantaran Abah jeung Ambu Kromol Baplang teh jelema sangsara
> tapi 
> hirupna jujur jeung bageur, Hate Nyai Loro Kidul karunyaeun,
> terus 
> nembongan kanu keur tatapa. Kacida kagetna Abah jeung Ambu
> Kromol 
> Baplang ningali aya istri nu geulis jeung seungit ujug-ujug
> mucunghul 
> aya hareupanana bari terus nyarita : " Hey Kromol Baplang,
> kami nyaho 
> maksud andika. Kami arek nedunan pamenta maneh, tapi ngan DUA 
> pamenta. Ayeuna mah jig we heula baralik ka lembur maneh,
> pikirkeun 
> we naon anu rek dipenta".
> 
> Sanggeus nyarita kitu, les weh Nyai Loro Kidul teh ngaleungit
> deui, 
> tinggal Abah jeung Ambu Kromol Baplang nu colohok mata
> simeuteun. 
> Sanggeus sadar tatapana diijabah, gancang maranehna gura-giru
> balik 
> ka lemburna. Geus tepi ka imahna Abah Kromol Baplang nanya ka
> Ambu 
> Kromol Baplang:" Ambu naon atuh anu arek dipenta ka Nyai Loro
> Kidul 
> teh?".
> 
> Ceuk Ambu Kromol Baplang :" Deuh, kami mah hayang pakean anu
> alus, 
> emas jeung inten. Saumur-umur acan ngajaran make emas jeung
> inten"
> 
> Si Abah langsung nempas:" Ulah waka menta eta, urang menta
> heula 
> sawah jeung kebon anu lega, imah anu sigrong, gampang emas
> jeung 
> inten mah".
> 
> Si Ambu langsung nyorongot: "Gampang-gampang kumaha, ti
> baheula oge, 
> kami teh teu disenangkeun ku salaki teh, kari-kari ayeuna aya
> jalan 
> boga emas inten, naha abah make ngahalangan kahayang ambu?"
> 
> Tungtungna Si Abah jeung Ambu Kromol Baplang pasea
> pacental-cental, 
> keukeuh ku pamenta masing-masing. Bakating ku keuheul ka 
> pamajikanana, Abah Kromol Baplang ngomong sakecemplungna :
> "Cik Nyai 
> Loro Kidul, ieu pamajikan anu teu nurut ka salaki teh,
> beungeutna 
> sing sina jiga monyet. Rasakeun siah Ambu!"
> 
> Saatosna nyarita kitu, jleg we beungeut si Ambu teh robah jadi
> siga 
> monyet. Abah Kromol Baplang kacida kagetna waktu ningali
> beungeut 
> Ambuna nu robah siga monyet. Sanajan manehna keuheul ka
> pamajikanana, 
> tapi ari beungeut pamajikannya robah siga monyet mah, manehna
> heunteu 
> tega. Gancangan we manehna teh menta deui ka Nyai Loro Kidul
> supaya 
> beungeut pamajikanana robah deui saperti biasa. pamenta anu 
> pangakhirna nu bakal ditedunan ku Nyai Loro Kidul.
> 
> Tah kitu dongengna kunaon Abah jeung Ambu Kromol Baplang
> sangsara wae 
> saumur-umur.
> 
> 
> (Ide carita tina Majalah "Window on The World" nu diterbitkeun
> ku CV 
> GANACO Bandung di taun 1970'an. Ieu Majalah Bahasa Inggris
> keur 
> bacaeun barudak SMP jeung SMA. Kabeneran baheula kuring
> langganan) 
> 
> -WALUYA-
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke