Leres kang Yudi, kedah puguh heula naon anu disebat Islami teh, da istilah ieu teh kadang-kadang nagbingungkeun. Aya rerencangan mulih ti Eropa, der ngadongeng cenah nagara nu kungsi dicicingan ku manehna teh "Islami" pisan. Korupsi ampir henteu aya, nu miskin ditanggung ku nagara (malah boga hak cuti sagala .....), nagrina tartib jste. Duka kumaha eta teh, naha manehna nepika boga kacindekan eta nagara teh "islami", padahal mah nu geus puguh mah nagara eta teh nagara non-muslim, nagara sekuler malah loba nu atheis.
Meureun, kunaon urang dieu sok nyebatkeun "Islami" ka nagara-nagara maju non-muslim, kulantaran bingung pas ningali nagara-nagara Islam henteu satartib jeung saalus nagara-nagara sekuler ieu. Jadi timbul "paradox" dina dirina, nyieun istilah sapertos nu diposting ku kang AgusHer "Islami" tapi henteu Islam ....... hehehehe. -WALUYA- --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Punten abdi oge sami jalmi bodo balelo perkawis agama, > Jalmi Islam tapi teu Islami leres seueur, moal teu diangken eta mah. > Nu kadua: jalmi "non muslim tapi paripolahna Islami" tah-tah > sateuacan dicobian dipairan, kedah jelas heula maksadna Islami > didieu teh naon? Moalenya non-muslim bayar zakat? > > Samentawis, kulantaran abdi mah urang Akuntansi, sacara umum > logikana kieu: Keur naon urang laku hade di dunya? Ngarah meunang ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

