sigana papada kungsi manggih katerangan, poho deui, qur'an atawa hadist,
yen Islam diturunkeun teh jang nyampurnakeun adat suradat jelema. moral,
akhlak, kalakuan.

ieu hartina, Islam tarik pisan lumpatna dina ngurus hirup hurip jelema. 
aspek budaya oge sosial, dina islam boga tempat nu gede. malah sanajan
dina ibadah ritual siga sholat, komo zakat, boga eusi sosial. zakat jang
naon? lain jang pangeran, da teu butuheun. tapi jang nulungan sasama. tapi
nya can nepi ka nu dipiharep. da masih keneh letter lek. teu diguar nepi
ka jero. nu intina mah, urang kudu boga rasa sosialis dina harti mun urang
dahar, batur oge kudu dahar.

loba ajaran islam nu sipatna training. latihan terus terusan. siga solat.
aya katerangan yen sanajan jelema sadunya teu ibadah ka pangeran, pangeran
mah moal kurang nanaon. ieu hartina solat boga hidden curriculum lain,
nyaeta ngalatih kasatiaan, disiplin, kasetiakawanan, komunal, jeung
sajabana kaasup silaturahmi jeung silatutug. di masjid bisa panggih jeung
sasaha, nu wawuh jeung nu teu wawuh.

-mun ieu geus bener dilarapkeun, sigana moal aya nu kalaparan alatan teu
dahar.  ceuk basa depsos mah, islam teh ngajarkeun kasatiakawanan sosial.
rada mirip jeung basa sunda, sabanda sariksa tea meureun. hartina papada
silih jaga, silih asih, silih asah silih asuh. nya papada mahluk di dunya
nu teu walakaya.

agama kalolobana mela nu leutik, nu susah nu sangsara. atuh ayeuna
prak-prakanana urang can kitu. didinya masalahna. can nepi. di urang mah,
nu beunghar, naik haji unggal taun, umroh unggal bulan (paribasa). tapi
tatanggana atawa dulurna, boro-boro naek haji, dahar ge teu seubeuh atawa
pakean oge imahna barutut keneh, spp budakna can dibayar, jeung saterusna.

loba oge nu katerangan nu dilarapkeun atawa dihartikeun salah. loba agama
nu ngajarkeun hirup kudu sederhana malah prihatin. tapi sigana papada
apal, yen aya katerangan, ibadah, kudu siga isuk rek paeh, usaha, kudu
siga hirup teh lila keneh. oge aya katerangan yen kamiskinan ngadeukeutan
kakupuran. malah Nabi oge apan, nikah jeung Khodijah, nu harita mah
meureun kaitung konglomerat. usahana dagang. sanajan Nabi mah keukeuh
hirup basajan.

--------
enya, sok manggih beja yen di nagara deungeun mah, sanajan agamana sejen,
tapi kahirupanana siga nu islami. kahiji, nu jentre mah, maranehna patuh
pisan kana aturan sapopoe nu teu pira. budaya antri, miceun runtah kana
tempatna, tertib, kabatur ngajenan (demokrasi), hirup egaliter, jeung
sajabana. gereja mah loba nu kosong, ngan ukur jadi tempat wisata. nu beda
teh, kumpul kebo kaci, majalah porno balatak (hehe), inuman keras siga
batu loba di warung. tapi pajabat teu korup. nu mabok teu meres supir
angkot. malah loba ayeuna nagara nu disebut welfare state tea, sigana
nagara islam teh siga kitu, kasejahteraan rakyat nomer hiji, lain
kasejahteraan pajabat. sakola rumah sakit haratis. pajeg memang gede, tapi
da balik deui ka rahayat. jarak beunghar-miskin teu siga jurang.

geus ah, ngacapruk da.

mj

http://geocities.com/mangjamal






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke