Ua Sas oge baraya sadaya,
Kirang langkung sasasih kapengker, sim kuring kungsi posting dina jejer "Bewara" anu eusina ngagero ka sadayana sangkan urang, di dagigireun merhatoskeun dulur urang di Aceh, oge wargi-wargi urang di Garut. Ayeuna dikuatkeun deui ku Ua salaku kuncen #2 di milist Urangsunda, kalayan ditambihan ku panggero bantosan kanggo ka korban kajantenan musibah di Kuningan, kalintang nganuhunkeunana sareng ngarojongna. Heunteu sawios ngeunaan aya sari heunteu pati nyambung atawa ngadaunngora-ngadaunngora deui jejer posting mah. Da memang kitu kayaanana sifat padungdengan di milist mah, mindeng ngabuntut bangkong. Oge, heunteu sadayana warga milist gaduh akses ka internet kalawan lalugina, boh alat atawa waktuna, dugi ka heunteu kaimeutan sadaya posting anu lebet. Panambihna, aya sifat milist sanesna anu hese dipungpangna: milist mah kacida demokratisna. Urang bebas bade mairan hiji posting atanapi heunteu. Hasil tina panggero pikeun nyumbang ka warga Garut anu kenging musibah, ayeuna di si kuring (candakeun ka bank) aya dana sakitar $50, sumbangan ti warga milist urang anu nuju di Amrik. Mangga, bilih ieu dana bade dihijikeun sareng anu ti warga-warga Kusnet sanesna, kanggo disanggakeun ka Garut atanapi Kuningan, sim kuring seja ngiringan. Baktosna, manAR --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya sadayana, aya nu naroskeun saurna kumaha ka Garut/ Kuningan ka anu > nuju balangsak alatan gempa/ longsor tea..naha bade muka kencleng deui > sapertos kanggo ka Cililin sareng ka Kang Mahfud..? > > MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

