kulawargi sadaya, 
nepangkeun abdi, Alma Wardi, member anyar di ieu milis , 
sateu acan na mah tos gabung oge di milis kisunda.

kemis, kamari, abdi dongkap oge ka acara di jl braga tea, 
mung teu dugi ka sapinuh acara , janten teu ka agehan baju kaos, tapi 
alhamdulillah kabagean buku "sura seuri siga sero" , nuhun pisan 
kanggo panitia nu tos masihan

( di bumi ,mani ngabarakatak ,ngaos heurey di na buku eta , hebat lah 
urang sunda mah , mani kreatif pisan dina hal ngabodor teh )

di acara eta, abdi nembe terang , geuning aya dua milis sunda teh, 
kisunda sareng urangsunda@yahoogroups.com , geuning milis urangsunda 
mah , langkung rame nya. jeng hebat deui, tos tiasa ngadamel eta 
buku, hebat lah ide na, can aya nu laen mah.

mung sok asa kontras, pas uwih di gd landmark teh, peuting2 di dinya 
sisi rel kareta, mani tos rame "sengseong" (WTS) , ngarora keneh, 
ngadangu hereuy na, da pasti urang sunda keneh , aduh mani waas, kita 
geuning sabagian mojang priangan teh ayeuna mah

( malah ku saking hayang payuna, aya urang jawa/indramayu, nu ngahaja 
ngobrol dialek,sunda, beh diaku mojang priangan )

duh, mani waas, tos heula ah, neraskeun deui perkenalan di abdi, 
ari asal mah ti bandung, mung ayeuna dameul di jakarta , biasa sok 
uwah uwih jkt-bdg nganggo kareta parahyangan ( anggota PJKA , pulang 
jum'at kembali ahad )tea..., sampe aya babarayaan na sagala tah para 
commuter teh.

kapungkur guguru di sakola pasundan jalan balonggede bandung.

( asa aneh ayeuna mah, aya sakola di tengah kota bandung, tapi justru 
eta sakola kedah dilestarikeun, kumargi ka asup monumen pergerakan 
urang sunda ti jaman baheula, sakola pribumi tertua di jawa barat, 
ngadeg th 1935 )

sakitu heula ti abdi

salam baktos

Alma Wardi

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mangga....teu langkung lah naha bade ka YP atanapi ka nu tos biasa
> nyenyepeng artos ( Teh Imas biasana mah), keun ari ka Garutna mah 
da seueur
> urang Garut.
> Biasa we sasieureun sabeunyeureun manawi tiasa mantuan baraya urang 
nu nuju
> kamusibahan.
> 
> Tah acara di Landmark Braga mah basa dinten Kemis 10 Peb 05 teh 
ngawitanana
> tabuh 7an bada magrib, sim kuring, MJ sareng Kang Dansut ti 
Cupumanik tos
> tatahar ti jam opat keneh.
> Dina derna nu nongton teu seueur teuing kitu we lalar liwat 
salangkung
> salangkung da acara teh ngahiji sareng pameran buku Islam.
> Lekasan tabuh 9an, dina eta acara teh nu di panggung aya limaan, ti
> Cupumanik aya Kang Dadan, kang Hawe, ti Kusnet nya sim kuring 
sareng MJ,
> ditambih saurang deui nu janten pangaping acara nyaeta Kang Adun 
penyiar ti
> Radio Kencana.
> Ti Kusnet nu hadir teh mung aya Teh Pupi sareng Kang Kandar, 
ditambih ku
> kang Baihaqi.
> Sadayana  ku MJ dibagi Kaos Kusbet nu aya seratan "Mun Wani ulah
> Sieun-sieun, Mun Sieun ulah Wani-wani.......HALING KU AING..."
> Alhamdulillah nu hadir teh kabagi kaosna
> 
> MSasmita









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke