Tenang we Kang Agus, ulah selempang da benten pendapat ngeunaan naon
nu dialaman ku Nabi Isa AS mah sanes benten pamadegan nu prinsipil.
Teu kedah diangge sesah manah. Mama ManAR panginten tiasa ngemutkeun
wargi sadaya perkawis ayat2 Al-Qur'an nu ngingetkeun urang supados
henteu seueur teuing ngaributkeun hal2 nu sesah dibuktoskeunana,
misalna dimana Pangeran ayana, siga kumaha rupi Pangeran sareng
kajadian nu dialami ku nabi Isa AS ieu (CMIIW).
Numutkeun abdi mah, situs ieu kintunkeun bae ka ulama Sunda nu tiasa
masihan bahasan tandingan ("counter arguement") ka eta situs, teras
posting di dieu ngarah sakantenan janten pendidikan akidah heuheu.
Aya nu terang atanapi gaduh hubungan sareng Tim FAKTA-na Ustadz Abu
Deedat? Kang Durahman panginten?
Baktos
Yudi
--- In [email protected], "Agus Hermawan" wrote:
>
> Kumaha yeuh? Coba geura klik:
> http://www.the-good-way.com/inz/sunda/salibet0.htm
>
> baktos
> agushermawan
>
> Ieu antawis petikana tina eta situs:
>
> SALIB DI LEBET INJIL SARENG AL QUR'AN
> PAMUKA
> Disalibkeunana Al-Masih Sareng Pangaruhna Kangge Islam
> Perkawis disalibkeunana Al-Masih parantos ngajantenkeun ayana
patukangtonggong pamadegan dikalangan umat Islam. Sanaos Al Qur'an
parantos nyebatkeun pupusna Al-Masih sateuacan munggah-Na ka
sawarga, ahli agama Islam teu gaduh pamadegan anu sami dina
napsirkeun "inni mutawaffeeka" (anu ditapsirkeun "ngadugikeun anjeun
dina dinten ajal anjeun" - Al Qur'an sareng tarjamahna. ed 1971) di
lebet Surat Ali Imran 55. Sapalih nyarioskeun yen istilah ieu aya
patalina sareng istilah "maot", namung sapalih deui teu percanten
yen Al-Masih teh leres pupus. Seueur pamadegan dina hal ieu, anu
muasalna ti sakola-sakola Islam anu kawentar, sapertos ahli-ahli
nyaeta Al Tabari sareng Al Zamkhashri, oge nu sanesna..... (jrrd)
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/