Wilujeng Teh Tien,- mudah-mudahan janten dorongan kana wujudna inovasi-inovasi sanesna ku neng Tien, sareng neng Tien sanesna; tangtos dina widang anu sanesna oge.US tangtos reueus kana kajayaan Teteh.Sakali deui Wilujeng.

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Urang meujeuhna reueus ku prestasi dulur urang, indung peuting tea,
Teh Tien alias Ibu Tien Kartina, SPd., anu linggih di Surabaya.
Anjeunna anu ngawulang fisika di SMUN 16 Surabaya parantos
ngengingkeun juara kahiji lomba inovasi metode pembelajaran dina
raraga marebutkeun "Hibah Peningkatan Kualitas Pembelajaran
Matematika dan IPA Tingkat Nasional untuk Guru SMA Tahun 2004" anu
diayakeun ku Universitas Surabaya (Ubaya). Indung peuting teh sanes
bae ngengingkeun eta hibah, oge janten juara kahijina dina eta
pasanggiri.

Anu dipidamel ku Teh Tien teh hiji alat pikeun "pembelajaran"
fisika, khususna ngeunaan gaya berat jeung cara ngamanfaatkeunana
keur kahirupan sapopoe. Aya dua alat anu dipidamel ku Teh Tien teh,
malah alat anu kahiji mah nganggo sinar laser sagala. Kulantaran ieu
alat teh nyoko kana pentingna eksperimen, otomatis pembelajaranana
oge ngalangkungan eksperimen. Kukituna, Teh Tien teh parantos
kreatif nyiptakeun alat anu nambihan gampil ka para siswa dina
raraga mahamkeun elmu fisika, khususna bab ngeunaan gaya berat.

"Ari teteh mah inovasi pembelajaran lewat inovasi alat, janten
otomatis upami aya alatna, metoda pembelajaran nana oge janten robih
tina ceramah/diskusi janten metoda eksperimen...Kanggo fisika mah 
teu aya deui motode anu sae sajabi ti eksperimen, nya alat tea kedah
di ciptakan....kitu kang...Anu sanes anu ngiring lomba-manAR), teu
tiasa menciptakan alat tapi, mengubah pola ngajar...anu biasa janten
anu teu biasa..", kitu kasauran Teh Tien waktos ku si kuring
diwawancara via chatting.

Warta ngeunaan Teh Tien anu ngengingkeun prize kahiji dina lomba
fisika-Ubaya ngajengjreng dina harian Republika, 12 februari 2005,
kaca 6. Dina koran KALAM anu sumebar di wewengkon Jatim aya
diwartakeun oge ngeunaan Indung Peuting Kusnet anu jadi jawara lomba
fisika ieu.

Teu sangki nya Teh, tina ancrub di milist, urang patepang, teras
kungsi ka Panaruban sasarengan ningali konsep alat misahkeun runtah
anu migunakeun teori gaya berat, Teteh kailhaman midamel alat keur
diajar fisika para siswa. Pamugi ririungan di ieu milist tiasa teras
ngocorkeun manfaat ka sadaya anggotana. Amin.

Baktos,
manAR










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke