haturan kang isya,

sae pisan eta saran akang teh. memang awalna ieu
garapan teh sapertos nu didugikeun ku akang.
transkripsi tarjamah Al-Quran tina tarjamahan basa
sunda anu tos nyampak. namung aya padungdengan ti
baraya, diantawisna masalah HAKI (hak cipta). uapama
migunakeun nu tos nyampak, tangtos kedah aya
kasaluyuan ti panarjamahna. kumargi kitu nya nganggo
tarjamahan versi DEPAG. saparantosna nitenan
Undang-Undang Hak Cipta, garapan urang nganggo
tarjamahan anu mangrupakeun kakayaan nagara (sanes
pribadi), heunteu mengpar dina masalah HAKI. 

di sagigireun eta, aya kauntungan lain upama urang
migunakeun tarjamahan basa indonesia, teras
ditarjamahkeun kana basa sunda. diantarana, tisa
dijadikeun media pikeun ngalatih migunakeun basa
sunda.

supaya tarjamahan urang teu pati mengpar jauh sareng
maksud eusining Al-Quran, teknisna sapertos nu
didugikeun ti payun. carana hasil tarjamahan urang
baris disaring di milis, diparios ku ahli basa sunda,
sarta diparios ku ahli tafsir sareng basa arab.

tah kitu kang. mangga kang atuh sakantenan urang
diajar sasarengan.

salam,
mh

--- isya dana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan kang! sim kuring bade ngiring saran,
> perkawis terjemah bahasa sunda dina milis, teu
> kinten saena malih hoyong ngiring ngarojong, mung
> sim kuring seueur kakirang dina perkawis permilisan.
> kieu saran si kuring.
> Kumaha upami langsung tina terjemahan bahasa sunda
> nu tos aya, naha bade terjemahan sunda anu terbit ti
> CV. Penerbit Diponegoro Bandung, atanapi anu terbit
> ti Alma'arif Bandung, oge aya terjemah Sunda anu
> Judulna Teh Al Qur'an Lenyepaneun atanapi terjemahan
> Sunda nu sanesna, tah engke dimana aya kecap sunda
> nu kirang ngartos nembe di diskusikeun tiasa milari
> dina basa indonesia, urang banding-banding bari
> naroskeun ka ahli tafsir, margina upami tina bahasa
> indonesia kana bahasa sunda sok sieun janten nebihan
> maksadna tina eta ayat Al Qur'an. Sareng deui upami
> nu langsung pan anjeuna tos akhli terjemah (tafsir),
> kumaha upami kitu kang! ieu mah mung saukur saran.
> Hatur nuhun.
>
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hatur nuhun kang yudi kana pangrojongna. ari ceuk
> pangemut sim kuring mah, tong asa-asa kang. tong
> seueur teuing ka rempan perkara bahasa. margi salah
> sahiji maksadna oge memang kanggo ngalancarkeun
> migunakeun basa sunda. 
> 
> janten teknisna kieu kang. tahap kahiji,
> narjamahkeun
> tarjamahan basa indonesia ka basa sunda. tahap
> kadua,
> nyawalakeun hasil tarjamahan tahap kahiji di milis.
> tahap katilu, nyuhunkeun dipangmarioskeun hasil
> diskusi di milis ka ahli basa sunda. tahap kaopat,
> nyuhunkeun dipangmarioskeun hasil tahap katilu ka
> ahli
> tafsir sareng basa arab. 
> 
> tah kitu kang, janten tong asa-asa, hayu urang
> sasarengan diajar. kuring oge sami nuju diajar.
> mangga
> diantos kasanggemanana.
> 
> salam,
> mh


=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke