Perkara kahariwang seler sejen atawa panganut agama sejen leuwih 
anteb neuleuman jeung nyangking kaparigelan basa Sunda ieu anu 
janten kasangtukang Abah Surya midamel tarjamahan Al-Qur'an kana 
basa Sunda dina wangun pupuh (Nurhidayah) sareng Nadoman (Nurul 
Hikmah). Hapunten upami si kuring nyebat-nyebat Abah Surya dina 
leresan ieu, sanes heunteu emut ka inohong Sunda sanesna anu gaduh 
perhatosan ageung kana ngamumule basa Sunda. Namung ieu khusus bae 
jalaran karya anjeunna teh pakait langsung kana usaha sinergi antara 
agama (khususna Islam) jeung budaya (khususna unsur basa jeung 
kasenian).

Abah Surya waktos medar kasang tukang anjeunna midamel eta 2 karya 
teh ngadugikeun fakta / kaayaan anu sabagean parantos ditataan ku 
para wargi sadaya, ngeunaan basa Sunda. Diantawisna, leres kaayaan 
ayeuna di paguron-paguron luhur ngeunaan minat kana basa Sunda wuwuh 
pimelangeun. Nyakitu pisan sakumaha anu disebatkeun ku para wargi, 
anu jawara sareng minat mikawanoh basa Sunda kalayan teleb teh 
geuningan langkung seueur ti seler/agama sejen (kalawan hipotesa, 
Urang Sunda jeung Islam lir gula jeung amisna). Paguron anu 
ngayakeun mata kuliah basa Sunda kalawan SKS langkung ti 4 teh nya 
paguron seler/agama sejen. DI IAIN, di jurusan da'wah, basa Sunda ka 
kantun diajarkeun. 

Atuh kaayaan di masyarakat umum jeung di pasantren oge wuwuh 
pikahariwangeun. PUSDA'I bae ayeuna tos ngayakeun kursus basa 
Inggrism Cina sareng Jepang. Tapi geuningan basa Sunda mah heunteu. 
Padahal PUSDA'I teh aya di jantungna kota US. Anu jadi jawara 
pasanggiri tutulisan atawa pidato basa Sunda anu saripit ti sakola 
non muslim. Kacida pikamelangeunana: para santri tos seueur anu 
mikawanoh basa ummatna anu baris dida'wahanana, pamarentah oge 
kirang perhatosan kana basa Sunda teh, pon kitu deui paguron luhur 
sareng masyarakat umum. Mung di paguron, organisasi, sareng inohong-
inohong khusus anu heunteu seueur jumlahna masih keneh aya 
perhatosan kana kamekaran basa Sunda.

Sajeroning kitu, seler/agama sejen mah geuningan sakitu nyimpen 
kaperyacaan sareng harepan kana basa Sunda teh. Seueur mahasiswana 
anu diajar sareng neuleuman khusus basa Sunda. Hasilna, nya 
diantarana eta da'wah ku cara midamel milist kasundaan. Kalebet 
salib Sunda tea.

Karana kaayan kitu, nya Abah teh midamel Nurhidayah sareng Nurul 
Hikmah. Nurhidayah (NH) parantos rengse 30 Zuz. Pupuh anu digunakeun 
aya opat, anu kalebet sekar ageung tea (Dandanggula, Sinom, 
Asmarandana sareng Kinanti). NH mah lumayan tos populer, malah ku 
RRI mah dianggo salaku panutup acara siaran, meh unggal wengi. 
Dipintonkeun di RRI sareng seni tembang Cianjuranna, ieu gabungan 
antawis ngahaleuang sareng tarjamahan Al-Qur'an NH teh dinamian 
Nurhidayahan. Namung nyakitu, pikeun nyalabarkeun NH ka sakulih 
masyarakat Sunda, tetep teu acan aya tanda-tanda kenging pangrojong, 
boh ti pamarentah atanapi ti organisasi2 masyarakat. Kungsi eta oge 
aya janji ti Pemda Jabar 5000 pasantren anu aya di Jabar, bade 
dibagi NH, tapi teu daek jol bae geuningan anu nedunan janji teh.

Nurul Hikmah (NHk) nembe digarap satengahna tina 30 Zuz Al-Qur'an. 
Sae pisan hasilna. Kamari si kuring di Ciamis nyobi-nyobi 
nganadomkeun ka barudak santri di desa, aranjeunna kataji pisan. 
Hoyong gaduh bukuna cenah, wiridkeuneun salami pupujian memeh 
netepan wajib (ngantosan anu bade berjemaah) atanapi ngantosan 
ajengan sumping kanggo ngawurukan. Kalintang hiji transformasina, 
upami kapungkur, paling luhur pupujian teh ku riwayat Rosul saw anu 
dinadomkeun, ayeuna aya alternatif ku nganadomkeun tarjamahan al-
Qur'an dina basa Sunda.

Disagigireun pikeun ngudag tujuan ngamasyarakatkeun basa Sunda 
ngalangkungan Seni, atawa sabalikna, NHk teh kacida pisan pentingna. 
Sabab, oge ngamsyaraktkeun cara diajar migunakeun otak katuhu tea. 
Sok komo deui anu diajarkeun (diapalkeun) teh eusining (tarjamahan) 
Al-Qur'an. Cobi bae emut, upama tiap dinten barudak diajar 
ngapalkeun eusi Al-Qur'an ku cara anu matak pikarsepeun (seni tea, 
nadom), apan pisakumahaeun teuing engke hasilna. "Diajar keur mangsa 
budak lir ibarat nulis dina batu", kitu ceuk hiji papatah. Komo deui 
ieu, anu dirangsang teh otak kanan (da make seni tea), tangtu bari 
nambahan lemesna rasa, oge ngabentengan generasi ngora ku eusi jeung 
barokahna Al-Qur'an (anu diwiridkeun ti bubudak).

Ngan nyakitu atuh, sakumaha NH, NHk oge teu acan kagarap pisan alias 
butuh waragad pikeun nyitak jeung nyalabarkeunana. Kamari oge 
pamenta pasantren anu di lembur si kuring di Ciamis can katedunan 
sadayana. Atuh Abah oge teu acan tiasa nyitak NH atawa NHk kalawan 
seueur. Cikan baraya, kumaha carana urang sangkan tiasa nyeueuran 
karya-karya samodel NH sareng NHk ieu? Tiasa kitu rereongan 
ngalangkungan milist? Keur generasi ngora arurang, jembarna keur ka 
sadayana bae: mulasara agama jeung budaya. Mangga diantos.

Baktosna,
manAR

  
  
--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ih, ulah lepat atuh, Bah. Kapan Mikihiro Moriyama nu kenging gelar 
PhD
> kanggo panalungtikanana ngeunaan Sunda ge pan ti universitas mana?
> (poho deui kuring ge, hehe...). Eta bae di Bandung, puseur Nagara
> Pasundan, kapan universitas Kristen aya sabaraha?
> 
> On Tue, 15 Feb 2005 02:13:48 -0000, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ari sim kuring mah katarik teh sanes ku soal Nabi Isa AS Disalib
> > atanapi henteu tapi eta ku maca situs ieu nganggo basa sunda nu
> > sakitu hadena, nu ngabuktoskeun urang Nasrani diajar budaya sunda
> > kalawan serieus benten jeung urang Islam nu jigana teh teu pati
> > malire kana kasundaan. Abah Surya kapungkur kantos ngawartosan 
cenah
> > di Sastra Sunda UNPAD kantos aya mahasiswa Nasrani nu 
dibeasiswaaan
> > kanggo diajar basa Sunda (leres henteu Neng Empup?).
> 
> > Kuring oge kungsi helok jeung kaget waktu kuring juma'ahan di 
Masjid
> > di dareah Ciawi Bogor jeung di Cibadak Sukabumi. Helok jeung 
kagetna
> > teh eta ku pedah khotbahna make basa Arab ti mimiti tepi ka
> > anggeusna!. Atuh kuring teh ngarasa jadi "Cina dipangwayangkeun",
> > teu ngarti sapotong-potong acan naon nu dikhotbahkeun. Balik
> > juma'ahan, kuring sura-seuri sorangan, inget ka dongeng pun aki.
> > Cenah mah jaman baheula, kulantaran khotbahna kudu make basa 
Arab,
> > pas nu biasa khotbah gering teu bisa datang, anu jarumaahan pada
> > bingung, untung aya Arab mindring ngaliwat (Arab rentenir tukang
> > nginjeum-nginjeumkeun duit di pilemburan), langsung ditarewak,
> > dijagragkeun dina mimbar sina khotbah!
> 
> -- 
> sikandar





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke