Assalamu'alayakum warahmatuLlaahi wabarakatuH,
Kaleresan abdi ayeuna dumuk di Bradford, Inggris. Di dieu (pusat kotana) muslim nu kawitna ti Kashmir & Pakistan janten mayoritas. Masjid pabalatak, supermarket Islam aya dua. Sacara kasaluruhan umat Islam di Inggris diperkirakeun aya 1,6 juta tina 65 juta penduduk Inggris. Leres seuseueurna imigran. Tapi aya oge bule nu janten muslim, mayoritasna elmuwan (contona Abdullah Elison ti Univ London). Malah aya oge bangsawan (kaum Lord) nu lebet Islam. Aya nu naksir yen urang bule muslim di Inggris lumayan seueur, kinten2 10.000-an, mung angka ieu sanes hasil panalungtikan ilmiah.
Kaayaan umat Islam di dieu sacara umum dipiajen. Alesan nu pangkuatna numutkeun abdi kulantaran Inggris sareng Eropa mah tos teu patos percanten ka Agama, benten sareng Amerika. Guru kuring urang dieu nyebatkeun kinten2 60% urang Inggris sareng Eropa teh Atheis, sesana Agnostik sareng relijius. Kulantaran teu percanten aherat janten we palsapah hirup di dieu teh individualis-liberal - asal maneh teu ngaganggu kula, kula moal ngaganggu anjeun. Conto nu sae, kamari walikota London Ken Livingstone mere ijin pawey jilbab, pami teu lepat pikeun ngarayakeun Idul Adha. Ieu paham teh kababawa dina Undang2 jeung legislasi nu lian. Kabar nu panganyarna umat Islam di dieu keur sataker kebek ngagolkeun Undang2 anti diskriminasi ku sabab-sabab kaagamaan.
Tapi, nu namina asimilasi dua kabudayaan mah teu salamina mulus. Seueur pisan conto kasus diskriminasi di dieu. Kasus pangpopulerna nyaeta dilarangna muslimah nganggo jilbab ka sakola umum di Perancis dugi ka aya murid katurunan Turki nu ngagundulan maneh sabab alim katingal rambutna. Di Inggris aya muslim digebugan nepi ka maot, aya rencana murid kedah dahar nu disadiakeun di sakola bari jeung teu jelas halal haramna, ISRA (yayasan amal Islam) dituduh ngamodalan teroris sareng dibatalkeunana wakil Mahasiswa muslim di Senat Univ Birmingham, padahal eta teh hasil pamilihan umum.
Sabab2 diskriminasi di dieu numutkeun kuring memang bisa jadi ku sikap ceuceub sabagian urang Eropa ka urang Islam, aya nu terang-terangan lewat gerakan politik tapi seuseurna mah sesah dibuktoskeun. Di sisi sejen, salah sahiji sabablian nu penting nyaeta kahirupan muslim nu kadangkawis mere gambaran salah ngeunaan Islam. Conto panghebohna kasus dipaehanan seniman Theo van Gogh di Walanda ku imigran Maroko gara gara nyieun film nu ngahina Islam (Nabi Muhammad pedofilia jst). Atuh kaum radikal bule teh asa dibere jalan pikeun nyerang Masjid jeung sakola Muslim (OOT, di Inggris seueur sakola muslim nu janten jawara dina kualitas, contona Feversham School khusus keur muslimah dinobatkeun janten sakola nu mere nilai tambah (added value) pangageungna sa Inggris, 2004)
Kasimpulanana, nasib umat Islam teh nyata aya di tangan umat Islam sorangan. Eropa bisa jadi benua Islam, lain ku cara heuras tapi ku elmu jeung akhlak. Kukituna dina lingkup pribadi jeung kulawarga, urang Islam kudu mulai jadi muslim nu sajati. Dina lingkup komunitas ukhuwah jeung elmu kudu jadi prioritas.
Seueur keneh bahaseun, tapi bilih panjang teuing. Mangga dilereskeun da pasti seueur lepatna..
Baktos Yudi
Wassalamu'alaykum warahmatuLlaahi wabarakatuH
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]...> wrote:
> Ceuk kuring mah Islam di Eropa, bisa jadi wacana jeung panalungtikan pikeun urang Islam di Indonesia. Ngan hanjakal, heunteu komprehensif. Upama wae US anu dumuk sareng damel di nagara-nagara Eropa, tiasa ngalaporkeun langkung jero, asana teh urang bakal kenging informasi anu lengkep.
>
> Sabab kuring kenging wartos ti rerencangan anu mukim di walanda, ceunah mah urang Islam di Eropa teh identik jeung Timur Tengah (Arab, turki, Afganistan, jsb), dimusuhan ku penduduk asli Eropa (kelompok skin head kitu?). Jadi lamun aya urang Eropa (asli) anu ngagem agama Islam teh, nya dimusuhan oge ku bangsa Eropa. Sok geura bandingkeun sareng Islam anu ka Indonesia, pan justru "beradaptasi" jeung adat/budaya satempat, malahan mah dina nyebarkeun agama Islam ngangge simbol-simbol budaya satempat. (jiga anu diturutan ku para penyebar agama nashoro ayeuna di Jawa sareng di Tatar Sunda).
>
> Mangkana waktos pergantian abad ka-14 hijriah, warga Islam sa alam dunya ngalieuk ka perkembangan Islam di Indonesia, sabab yakin Islam ala Indonesia anu pinuh katengtreman sumebar ka masyarakat, tiasa jadi model kanggo nagara sanes. Pan harita teh aya Gegeden ti Indonesia anu ngabewarakeun yen peradaban Islam di Abad ka 14 Hijri mah mucunghul ti Indonesia. Tapi ari geletuk teh "peristiwa reformasi 1998", katut sababaraha kajadian sabada reformasi di Kalimantan, Poso jeung Ambon, tug dugi ka ayeuna, sigana mah ngajauhkeun proposisi "Indonesia pusat peradaban Islam dunia abad ka-14 H".
>
> Mangga urang padungdengkeun.
baktos,
mrachmatrawyani

--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.