benten ari cacariosan inohong mah.
satuju pisan kana pamadeganna kang Manar. Anu didugikeun ku kang Waluya oge teu leupat. Nanging kedah lengkep atuh kang Waluya, ngaguar kajadian sajarah mah kedah komplit, nyaeta ditingalian tina sagala segi. Tina elmu agamana, elmu politikna, elmu sosiologina jst. janten moal aya pamadegan haji Mustapa teh leupat milih kanca.
kitu cenah cek guru si kuring mah
cag heula ah bade ka kelas 

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hatur nuhun Bah

Pedaran ngeunaan SH ieu kalintang manfaatna kanggo pieunteungeun
urang sadaya sangkan salawasna kudu ati-ati. Janten emut kana guaran
hiji ulama ayeuna, saurna: "Agama Islam teh agama anu dikawitan
ku 'heunteu' (Bhs Arabna: "Laa")". Sumuhun, mangga bae, apan dina
tahlil atanapi syahadat, urang teh ngawitan ku kecap "laa": "Heunteu
aya pangeran, anging Alloh" atanapi "Abdi nyakeseni, yen satemenna
HEUNTEU aya pangeran, anging Alloh". Rumus "sagala rupina dikawitan
ku 'heunteu' teh bawiraos aya saena dilarapkeun oge dina kahirupan
urang sapopoe, utamana lebah kayakinan. Kumaha prak-prakanana...?
Nyanggakeun, da sadayana oge parantos papada jembar ieuh.

Di sagigireun kalintang mapagna kana pedaran-pedaran sajarah model
ieu, namung dina kasus SH ieu urang oge kedah asak jeujeuhan.
Bawiraos, HHP oge heunteu samanea dina maturan SH kaditu-kadieu teh.
Sim kuring yakin, aya kawijakan anu heunteu dilisankeun ku HHP
kunaon anjeunna kersa nyarengan SH. Pon kitu deui dina kasus Kalipah
Apo caket sareng SH. Ras emut ka salah saurang perawi hadist anu
kawentar, anu ngagaduhan strategi sari sarupi jeung kasus ieu.

Dina mangsa nyutat sareng nyalabarkeun hadist-hadist tinangtu
dihulag ku anu keur nyekel kakawasaan duniawi (pamarentah) harita,
anjeunna ngasupkeun hadist-hadist anu dimaksud kana buku kumpulan
hadistna kalawan sapotong-sapotong. Ieu ahli hadist kapalih-
dieunakeun janten kontroversi. Ceuk dina hiji mazhab, heunteu jujur,
ceuk mazhab anu hiji deui, kalintang ageung jasa anjeunna. Dina
lebah tuduhan heunteu jujur karana hadist anu sapotong-sapotong
tadi, si kuring ngabantun sisi panyawang yen anjeunna nyandak
strategi kitu teh ngahaja, sangkan aya anu neuleuman langkung teleb
di jaman pikahareupeun. Kukituna, kalintang ageungna jasa anjeunna h
dina widnag hadist teh.

Aeh hapunten Kang, na bet dicandak ngacapruk nyarioskeun "Musthola
hadist" sagala rupa, nya? Teu aya sanes, tina bakating kapincut ku
sajarah. Nambihan ngandelan kayakinan, yen bebeneran teh kalintang
nyumputna ana dikotektak. Nyaitu, tina riwayat SH jeung HHP oge
kapendak, yen satemenna bebeneran teh heunteu "hitam-putih".

Ngeunaan "Fathun Muin" upami teu lepat, anu leres nyeratna teh
nyaeta "Fathu al-Mu'in", diaosna "fathul mu'in". Ieu teh gabungan
dua kecap "Fath" (hartosna: kajugalaan, anu mukakeun; B. Ind:
kemenangan, pembuka) sareng "Mu'in" (pitulung, pertolongan). Eta dua
kecap dikantetkeun janten "idhofat" alias anu nerangkeun aya di
payuneun anu diterangkeun. Babandinganana sarupi
sareng "dzikrulloh". Janten upami "dzikrulloh" hartosna,
diantawisna, "mieling Alloh", "Fathul Mu'in" rupina tiasa
dihartoskeun: "panto kana pitulung" atanapi "anu mukakeun pitulung"
(pembuka pertolongan). Mung Alloh anu langkung uninga kana bebeneran.

Baktosna,
manAR 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dina Sajarah Indonesia nami Dr. Snouck Hurgronje (SH) henteu
bireuk deui,
> kulantaran manehna cenah nu bisa ngamelempemkeun ngalawanna Rakyat
Aceh ka
> Walanda ku cara dideukeutan agama jeung budayana. Pamarentah
Walanda,
> ngangkat SH sabage panasehat dina urusan Islam jeung Arab. SH
ngarti pisan
> dina soal ieu kulantaran manehna wani ngarobah agamana jadi Islam
(arrana
> dirobah jadi Abdul Gaffar), jeung mukim di Makkah keur naliti
kahirupan
> urang indonesia anu mukim di Mekkah. Di Mekkah manehna diwawuhkeun
jeung
> salah saurang urang Sunda nu mukim didinya, ngajar di Masjidil
Haram, nyaeta
> Hasan Mustapa nu kadieunakeun katelahna Mama Panghulu Haji Hasan
Mustapa
> (HHM). HHM harita oge geus kaasup ulama, malah nyieun sababaraha
buku nu
> diterbitkeun di Mesir diantarana Fathun Muin (Kuring henteu terang
naon
> hartosna eta teh).
>

> Tos ah sakitu ,  hapunten bilih aya nu lepat .............
>
> (Bahan tina Buku Manusia Sunda, Ayip Rosyidi jeung tina sumber-
sumber lain)
>
> -WALUYA-





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke