Kang Yaya di Seoul.
Alhamdulillah sim kuring mah nuju walagri, sehat sadayana sakulawarga, di
Bandung ayeuna nuju usum ngijih pedah eta nembe pabaru Cina sigana mah.
Cileuncang di Bandung nuju ngeyembeng, komo di jalan Kiaracondong palebah
pasar mah antawis cileuncang sareng kokotor pasar teh ngahiji, siga leutak
pangguyangan munding.
Saur batur Bandung teh Kota Kembang, duka palebah mana kembangna, da tos
teu aya geuning, sareng padahal mah di Bandung teh tos arang langka nu
disebat kebon jagong, tangkal kalapa, kebon sayuran kayaning kayaning
engkol, daun sampeu sareng sajabana, tapi geuning ari runtahna naha bet
sagala aya, runtahna pasar, runtahna kulawarga sareng runtah nu sanesna.
Kahoyong mah da di Bandung teh teu aya kebon, atuh kedahna runtahna ge teu
aya, tapi ieu mah enyaan bru bro dimana mendi. Lamun tea mah urang pasar
rada ngajaga kana kabersihan, tilas jualan teh heug runtahna diberesihan
diangkut deui ku inyana, moal ngagunduk teuing siga kitu.
Naha nya ari di urang bet kana ngaruntah teh siga nu tos ngabaju, teu
ngarasa jarijipen kotor lingkunganana, siga nu betah ngahiji jeung runtah.
Ku alatan runtah di Bandung banjir cileuncang, ku alatan runtah di Jakarta
aya nu janten milyarder.
Di Seoul sigana runtah tos teu janten masalah, da eta we ari ningal dina
gambarna jalan sakitu leucirna, sigana teu aya susukan pamiceunan cai
kapendet ku runtah.
Palebah dinyana mah asa sirik.
Tapi ketang dihenteu-henteu ge Bandung teh lemah cai, tempat anu
ngagedekeun sim kuring, tempat panyaluuhan dina umur nu geus sakieu
cueutna, kuring tetep mikanyaah.
Kang Ya...saur kang Sidik mah kaping 19 Peb bade ka Bandung..?
Tos ah...titip salam we ka Urang Sunda nu laleber wawanen, nu nuju nyiar
kipayah di Seoul.

MSasmita.
urang Ciawi Tasik.


At 01:28 AM 2/17/2005 -0800, you wrote:
>     Baraya daramang?
> 
> Hatur nuhun pami damang mah, ieu aya lalakon ulin
> jeung TKI, tanggal 8-9 Februari di Korea libur. TKI
> ngajakan ulin maen ski, cenah sok reureug mun
> dibarengan ku kang Yaya teh hehehehhe......ceuk kuring
> teh heug asal kudu balageur jeung narurut cekeng teh.
> 
> Ceuk Kang Rizal (urang Kusnet nu di PJTKI), teu nanaon
> kang Yaya gaul jeung para ponggawa? Ceuk uing teh
> ih..naha make nanaon...puguh resep. Aya deui nu
> nyeletuk, ih..dadaekanan kang Yaya ulin jeung TKI
> sakitu doktor....emh..deudeuh teuing anaking cekeng
> teh....
> 
> Sarebu carita pikatugenaheun salila babarengan jeung
> TKI, moal dicatitakeun, pikasediheun....urang nu
> pibungaheunana bae nya, ieu carita maen ski.
> 
> Ampir 100% kakara maen ski teh, kuring jeung Kang
> Rizal mah teu maen ngaping bae da ngarannage ngasuh.
> 
> Kumaha Kin maen ski teh? Ceuk jang Kinkin urang Garut:
>"....asa leumpang na galengan sawah nu kakara meunang
> nemplok kang Yaya, saruapan asa bari nanggung
>" heuheueheuehu...
> 
> Kumaha Asep ari ilaing (urang Pangandaran): Asa
> sosorodotan na gawir make upih tea geuningan kang
> Yaya.
> 
>" Asa guyang na leutak
>"
> 
>" Ceuk uing mah asa keur
>"
> 
> Jeung sawidak carita, carita ti jalma-jalma anu gede
> jasana pikeun devisa nagara, ti jalma-jalam anu sok
> disapirakeun..deudeuh..anaking.
> 
>& Kang Rizal
> Seoul
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke