Haturan kang Yudi damang..?
Baruk kang Yudi milari Istri anu sampurna..? anu kumahanya istri sampurna teh...?

Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Upami moyokan mah sadaya oge tiasa Akang, cobi atuh bari moyokan teh
bari nyodorkeun imel "istri sampurni" tea hehehe ..

Muhun leres Kang, kedah dua sisi ditingal: sae sareng awona, supados
urang tiasa diajar nyandak nu saena sareng miceun nu awona. Pan teu
kenging tijalikeuh dua kali di liang nu sami sanes? Seueur di filem
eta oge nu nunjukkeun awonna para elit teh. Contona taun 1030? al
Hakim ngabeuleum Katedral di Jerusalem nu ngakibatkeun Perang Salib
I (40.000 urang Jerusalem Muslim-nonMuslim dibantei, dina serat
panglima Frankish disebatkeun "mun hayang nyaho siga kumaha kami
digdaya, heug bayangkeun kumaha kuda2 kami leumpang di hawangan
getih satuurna"). Dugi ka tradisi Ottoman nu mateni saderek2 kandung
Sultan Mehmed II (14XX) sateuacan dilantik. Mung upami teu lepah mah
sadaya eta henteu dinisbahkeun kana ajaran Islam.

Abdi mah gaduh impenan: jaman monarki, Islam jaya ngadegkeun
karajaan agung tapi runtag ku kalakuan raja2na nu teu baleg. Ayeuna
jaman demokrasi, sim kuring yakin Islam bakal jaya deui tur leuwih
agung tibatan baheula. Tulangtonggongna rahayat nu ngelmu tur
ngahlak.

Ah da eta mah ngimpen, teu kedah dipirosea.
Diantos seratan bagean 2-na.
Baktos, yudi

--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> heuheuheu.......... kanyahoan ayeuna mah kang Yudi teh bujangan
keneh. Karunya teuing etah milarian "istri nu sampurna" dugi ka
inggris. Hatur nuhun ditambihan ku perkawis sajarah Islam. Kuring
oge sami resep kana sajarah teh. Kaleresan kuring gaduh
buku "Sajarah Islam (Tarikh Pramodern) karangan Prof. K. Ali,
Sejarawan Muslim urang Pakistan. Buku ieu aslina tina bahasa
Inggris. Ceuk penterjemahna dina "kata pengantar"na, buku ieu
ngagampangkeun keur nu macana sakaligus "mananamkan" sikep apresiasi
kana "masa lalu" Islam. Punten, kuring panjang lebar heula, mere
panganteur (pendahuluan) margi bilih lepat hartos, sabab kuring
sanes rek nulis anu sae-sae, da nu saena mah geus pasti pada
tarerang, tapi bade nulis kalemahan-kalemahan naon wae nu aya dina
karajaan Islam ieu, maksad teh kanggo pieunteungeun keur urang
sarerea, mugia umat Muslim nu ayeuna jeung kapayun ulah tigebrus
kana kasalahan-kasalahan nu dilakukeun di jaman kapungkur.





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke