Bah Willy kompetisi miss-missan mah eces produk industri. Kulantaran patalina jeung kompetisi nya bebas we saha nu ngawakilan mana. Dina pamilihan Abang None Jakarta ge aya we nu ngawakilan ti Pulo Sarebu, padahal maranehna teh urang kota Jakarta. Dina acara Miss Indonesia kamari mah katingalna seuseuerna mah ti seler Cina. Oge dina pamilihan miss-missan ieu jarang atuh nu ngawakilan Papua/Irian nu rambutna kiriting tur hideung kulitna. Estu nu kieu mah acara "dunia usaha", janten ulah teuing nguruskeun urang sunda atanapi sanes. Nu ngawakilan Prop. Banten teh bet make basa Sunda nu lemes kawas mojang priangan bae, benten sareng neng Imelda nu ngawakilan Jabar.
JP
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eh enya nya aya urang Sunda oge nu ngagem agama sanes. Tapi eta
deuih ujungna Imelda, teu nyunda pisan .......hehehehe. Ari soal
nami baptis sok rada lucu, geura ieu: Salome Elizabeth Sarikem,
Lucia Juminem, Fransicus Xavarius Sukiman, Benedictus Kromol
Baplang ....
Punten ah heureuy .............
WALUYA
--- In [email protected], Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hehehe..
> dulur abdi Bah, namina aya baptisan asli Urang Sunda..
> ngan agamana sanes asli, da ngiring ti akina anu ngiring janten
nasoroh..
> duka tah ayeuna tos janten Muslim deui duka teu acan..
>
> da abdi anu ngaku Muslim ti lahir oge, ari ngaos Qur'an mah eleh,
manehna
> oge ngefans ka Zainuddin MZ deuih..teras resep kana Kaligrafi
Arab...
> tapi siganamah tos lalebet ISlam seuseueurna..da Akina ( pun Ua /
lanceukna
> pun bapa ) saprak nu jadi Ua maot teh anak incuna seueur anu aruih
deui ka
> Islam.
>
> punten ngaheurinan wungkul..mangga ah Bah teraskeun
pedarannana...resep
> yeuh.. padamelan tos beres da, ayeunamah kantun noongan sareng
maosan...
>
> Baktos,
> Cecep Wahyu
>
> -----Original Message-----
> From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Monday, February 21, 2005 8:16 AM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] Re: Imelda urang sunda lain..????
>
>
>
>
> Ningalina namina mah, sanes urang SUnda Kang Panzi........tapi
duka
> ketang. Fransisca lamun teu lepat mah nami Baptis (Katholik)
>
> Baktos,
> WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor ![]()
Get unlimited calls to
U.S./Canada
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

