Karajaan Banten harita (1600-an) mangrupiken karajaan ageng, sabab anjeuna ngagaduhan palabuhan internasional. Palaut timana we asalna di tampi ku tuan rumah, ditambih oge Banten ngagaduhan pasar kanggo ical-meser kabutuhan rahayatna, lan ical meser barang anu bade di ekspor kaluar nagara.
Dua hal eta anu janten kaunggulan Banten tinimbang wilayah anu sanes di P Jawa / P Sumatera. Salain ti eta Banten oge gampil dilabuhi kapal sagala macem ukuran, gampil disorang bade timana we asalna. Bade ti Selat Malaka tiasa, bade ti samudera Hindia tiasa, ti laut cina selatan tiasa, ti laut jawa tiasa.
 
Kulantaran anjeuna palabuhan internasional dina hiji waktos aya palaut walanda anu jeneng Cornelis de Houtman ( 1595) di tampi ku handap asor lan kusomeah raray sunda.  Panangan namprak bari jeung bubungkukan nyambut tamu bangsa deungeun. Palabuhan Banten tos biasa nampi palaut bangsa deungeun.
Sulthan teh bingah pisan aya palaut walanda meser pedes anu jumlahna seueur ( kinten-kinten aya 4 kapal dagang).
 
Naha ayeuna palabuhan Banten sanes palabuhan internasional deui ?
 
Anu janten sebab sanes kulantaran padagang Islam teu aya deui anu leubeut ka Banten, atanapi sanes diakibatkeun ku perang karajaan Pajajaran (Hindu) sareng karajaan Banten ( Islam), nanging kulantaran strategi walanda ngelehkeun bangsa urang (Indonesia).
Basa (1602) walanda netepkeun Sunda Kalapa (Batawi) janten kantor pusat VOC, anjeuna teh parantos merhetangkeun kedah ngalahkeun Banten supados moal deui janten palabuhan internasional.
Batawi (tina Bataaf = wangsa-wangsa raja walanda) waktos ditetepkeun janten palabuhan teu ngagaduhan kaunggulan nanaon kanggo syarat palabuhan anu sae, utamina kajeroan (kedalaman) laut. laut di Batawi teh deet, pami aya kapal anu ageng moal tiasa lebet.
 
Kumaha carana ngalahkeun palabuhan Banten ?
 
1. Ngawangun palabuhan di Batawi sangkan minuhan syarat palabuhan internasional, utamina laut dijeroan deui.
2. Ngawangun bengkel kapal kanggo ngadukung palabuhan anu tos aya. Tah kanggo maksad eta ahirna walanda ngawangun Pulo Onrust, urang batawi ayeuna mere ngaran pulo Kapal. Danget harita pulo Onrust diwangun janten hiji bengkel anu pang lengkepna lan pang agengna sa Asia kacuali Jepang. didieu anu janten teras ngelehkeun Banten, sabab di Banten teu aya
3. Nyegat kapal-kapal anu bade ka Banten ti ngawitan selat sunda, kapal urang mana wae, padagang timana we asalna,  kumaha carana sangkan labuhna di Batawi (priok), nganggo sanjata oge dianggo pami kapal ngotot bade ka Banten
4. Devide et impera sultan Ageng Tirtayasa - sultan Haji
 
cag heula
 
 


Pupi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

DAJEUH BANTEN BAHEULA

Loba pisan nagara ngan kari oeroetna bae, kitoe deui dajeuh Banten noe baheula oge geus meh euweuh. Ajeuna mah tiiseun pisan sakitoe oeroet ramena teh, kebon noe baheula paranti soeka-soeka teh ngan kari batoe-batoe bae djeung tatangkalan noe geus karolot.

Nagara Banten noe baheula pisan, ajana djaoeh ti sisi laoet, ngaranna Banten Girang.

Tjek noe njarita, katjida pisan mashoer ramena keur waktoe kabawah koe Padjadjaran; kira-kira dina taoen 1530, waktoe mimiti aja agama Islam ti Tjirebon, nagara Banten aja soenan sarta geus teu kabawah parentah ka Padjadjaran.

Katerangan noe geus heubeul pisan pasal Banten, nja eta ti oerang Portugis, njeboetkeun mimitina ngadeg nagri Banten dina taoen 1510. Waktoe eta aja deui nagara diseboetna Soenda Kalapa, toeloej diganti Djakatra, noe ajeuna djadi nagara Batawi, noe sakitoe ramena; sabab djadi palaboewan kota Padjadjaran. Tapi sanggeus dajeuh Padjadjaran, nja eta Bogor ajeuna, diroeksak koe bangsa Islam ti Banten, Soenda Kalapa teh djadi tiiseun, ti harita ngan palaboewan Banten bae noe dioeroes koe oerang priboemi teh, nepi ka djadi gede.

Dagangan noe madjoe pisan nja eta pedes. Dina boekoe Tjina katjatoerkeun, maranehna mawa pedes ti Banten memeh taoen 1500.

Kota Banten ajana deukeut laoet di tengah-tengah 3 moewara Tjipeuteuj, dina tanah noe loba pisan rawana. Sakoerilingna eta kota make baloengbang; noe beulah kaler dingaranan Karangantoe. Tapi loba pisan kasakit, sabab tjaina kotor, datang ka dina taoen 1701, Soeltan miwarang njijeun solokan, ti paranti soeka-soeka Taman Tasikardi nepi ka kota. Eta solokan teu djero ngan 3 atawa 4 kaki bae djeung lamoen peuting ditoetoep koe awi noe kandel.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke