mangga kang sukamto ka leubeut, sok calik dimana we aya rohangan anu lowong. sok sanaos akang urang Jawa Tengah sawios da sunda keneh.
abi teh sumuhun Nana, kawitna sami ti Brebes, tepatna mah daerah Salem, sami sareng akang. Dunya teh caket nya kang. Akang ti salem tapi nuju ngumbara di Jepun. si kuring oge ti Salem nuju ngumbara di nagara sorangan, di batawi.
Perkawis sajarah sunda di Salem,  parantos lami aya sunda di Salem.
 
Numutkeun Buktos anu aya di Gn Sagara ( di lembur Akang ) basa sunda di Salem aya patula patalina sareng sajarah Kabuyutan sunda di Ciburuy Bandung.

Pasualan buktos di gn sagara, abi oge terang ti urang walanda, he he.... maksadna arsip. saur urang walanda : aya gulungan daun lontar anu ditulis nganggo basa sunda, mung sunda heubeul, ke pami abi salse ku abi di attacht. Gulungan lontar sadayana aya lima. Tapi ku kaayaan iklim anu tiasa diaos mung dua.
Eta arsip teh eusina mah mung nyarioskeun pasualan agama Hindu, lan dewa, lan anu sejena sakitar pasualan kahirupan waktos harita. Ti dieu janten kasimpulan yen di Salem teh aya dina pangaruh hindu anu asalna ti bandung.
Upami ningali tina bentuk huruf sareng basa anu dianggo dina eta lontar jentre pisan yen eta tulisan teh di serat awal abad ka opat belas.
Sementawis sajarah teh nyatet yen jaman harita  karajaan majapahit  can lami nangtung ( tahun 1297). 
Janten hubungan Salem - Sunda, tulisan lontar awal abad 14, ngadegna majapahit, aya patula patali sareng sajarah perang Bubat.
didieu ngandung hartos yen teu sadaya maot rombongan Ratu Pajajaran anu ka Majapahit 
 
Dugi ka danget ieu pasualan Kabuyutan Ciburuy anu ngaluarkeun lontar si kuring oge teu acan panggih, hayu urang tanyakeun ka baraya US.
 
Numutkeun catatan sajarah pemda Brebes, yen di Salem utamina desa Gandoang dugi ka awal abad 20 masih keneh ngagem anu sami sareng abad ka-14. Malihan dugi ka ayeuna di Gandoang mah masih keneh aya upacara mutih ( teu motong lan teu tuang anu salna tina sasatoan).
cag heula
 
sukamtowrn <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ass.wr.wb.
Punteun sateu acana....nuju aya waktos tadi tech nembe leubeut kana
mailing list urang sunda, kuhayang terang carita/sejarah sunda di
Salem. Ehhh....malah tos aya urang sunda anu ti Salem.
Nepangkeun...saya teh..lahir sareng sakola sampe SMP mah di Salem.
Ieu teh...Nana ...urang Salem oge ?
Hapunteun sateuacana.

Wassalam,
Sukamto Wiharna




Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke