Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

III. Keur naon diajar paẽh? mending diajar
hirup!

Keur naon diajar paẽh? Mending ge diajar hirup!
Paẽh mah ceuk bẽja ceuk cenah tina qur�an
gẽ bakal, pernah cenah Allah ngadugikeun
ngalangkungan nabina baheula pisan, qullu nafsin
daikatul maot�. Mending diajar hirup, diajar supaya
hirup guna boh keur pribadi boh keur batur bari bisa
amal kahadẽan bekel engkẽ lamun
paẽh! Komo ayeuna jadi urang sunda nu ngan
saukur kẽkẽsẽd batur di tempatna
sorangan kuduna mah tihohat tẽh supaya hirup
mulya paling saeutikna nyaruaan batur lain kalahka
diajar paẽh. Nu sok nyarita kitu mah cirining
kaum inferior nu ẽlẽh bersaing dina hirup
kumbuh nya sok ngalamun ninggalkeun �tantangan� hirup
ka alam khayal, utopia, lamunan atawa nostalgia.

Eta panalẽk diluhur, heubeul
kadẽngẽ, nu sigana mẽmang bener
pisan ... jang naon diajar paẽh, nu penting mah
diajar hirup nu paling-paling salah sahijina keur
bekel..... engkẽ ... lamun paẽh.

Tapi...tapi ... cenah nu nyarita kitu tẽh
pohoeun atawa teu arapaleun kana caritaan tina qur�an
anu lainna....nyaẽta, diajar paẽh
tẽh supaya bisa hirup leuwih mulya jeung menang
tuduh nu enya keur kamulyaan hirup...naha enya?

Kieu geura.....

Kongas salian ti supaya jadi yakin henteu cangcaya
atawa was was ngeunaan paẽh siga cariosan
Sayidina Ibrahim nuju naroskeun ka Allah supaya
dipasihan terang carana maẽhan jeung
ngahirupkeun deui tẽh, [nu tangtu mun nurut kana
ku caritaan sayidina Ibrahim mungkul mah bakal aya nu
ngajawab..�enya ari kitu tẽa mah tapi ẽta
mah Nabi ..malah bapana para Nabi jeng ulul azmi
deuih...urang mah jalma biasa...urang mah teu perlu...
cukup percaya we kana caritaan cenah tina qur�an da
cenah ti Allah...jeung deui naha bakal bisa?].... bisa
jeung nyaho kana paẽh tẽh diantarana ku
salah sa tilu sabab dihandap ieu:

Kahiji,
Bisa paẽh tẽh.... supaya bisa nganyahokeun
kayakinan/amal/ageman nu geus dipigawẽ ku
pribadi salila hirup ieu kayaning bener henteuna/alus
henteuna. Lamun alus /bener diteruskeun dihadẽan
lamun goreng/salah dieureunan ditobatan.

Dina Mushaf Utsmani surat At Takwir Allah ngadawuh
yẽn cenah Karẽk lamun/saenggeus ngalaman
kiyamat (loba cirina tẽh aya kana 11-na) satiap
nafs/jiwa bakal nyaho kana sagala rupa nu geus
dipigawẽna �aliman nafsun maa ahdarat�.

Jadi... lamun hayang apal pasti kana sagala rupa hal
nu geus dipigawẽ bener henteuna alus
henteuna..boh kayakinan boh ageman boh amal urang kudu
geus kiyamat heula geuning ceuk Allah mah... ari
paẽh tẽh kaasup kiamat leutik..kiamat
gedẽ mah boa moal ngalaman..

Jadi... lamun paẽh ngan dianggap engkẽ
urang moal nyaho (ceuk qur�an) naha enya kayakinan
amal katut sakabẽh nu geus dilakukeun ayeuna
tẽh bener henteuna... misalna wae, naha enya nu
geus dilakukeun tẽh bener keur kamajuan pribadi,
kulawarga, kasundaan katut agama? Boa lain... boa
enya. Saperti loba nu ngomong yakin kana nu salila
ieu dicekelna..tapi karẽk ceuk cenah ceuk
agama.... naon yakinna ari euceuk mah? ....kumaha
lamun salila ieu si euceuk tẽh salah ?..Tangtu
bakal aya nu nyarita ....Ah da ieu mah euceuk gẽ
lain sambarangan euceuk...ieu mah euceuk qur�an nu
cenah.... ceuk batur bener...hẽ..hẽ.. Heug
atuh ari kitu waẽ mah arẽk cukup percaya
ka euceuk mah kumaha dinya tapi... pan ẽta nu
dipercaya tẽh (Qur�an) nyebutkeun kudu
paẽh (kiamat leutik) heula ari hayang �aliman
nafsun maa ahdaraat� mah. Piraku Allah bohong? Cik
rẽk kumaha?

...Lamun geus bisa paẽh (heula) pan ceuk Allah
bisa nganyahokeun kana naon nu geus dipigawe... urang
bisa intropeksi sorangan ku sorangan di sorangan...
keur kahareup nu leuwih alus salila Hirup engke...ti
nimbang di intropeksi ku batur...lah... sok teu
ngeunah ku batur mah

...Lamun paẽh ngan dianggap engkẽ
waẽ lamun waktuna paẽh ceuk umum...
hasilna kayakinan tẽh masih teuing bener
henteuna alus henteuna... da pan karẽk pasti
nyaho lamun geus paẽh (kiamat)
tẽa....Lamun urang mamawa kateuing di akhir
meureun dimana mulyana. Ayeuna gẽ di dunya nu
sagala teuing mah tara kapakẽ... sorangana
gẽ bangbaungeun...rumahuh...engkẽna
tẽh can asak kaburu bẽak.

Kadua,
bisa paẽh tẽh sugan engkẽ
kabẽrẽ Nur (Sunda) ti Allah eukeur bekel
kumelendang leuwih mulya di dunya.

Tina qur�an deui Gusti Allah cenah baheula kantos
ngadawuh:

Naha sarua jalma nu geus paẽh terus ku kami
dihirupan terus ku kami dibẽrẽ Nur (sunda)
nu ku kitu tẽh maranẽhna kumelendang di
dunya ...jeung [jalma] nu poẽk lolong bonconong?
(QS, 6:122) � ieu tẽh bari langsung
dibandingkeun/aya hubunganna jeung para pamingpin jjrd
dian ayat satuluyna

Tah ieu maksudna kudu bisa paẽh heula tẽh,
ku cara diajar paẽh, sabab lamun geus ngalaman
paẽh..kapasihan Nur (sunda) ti Allah
...pan kongas Iman ogẽ lain pamẽrẽ
guru/ulama/nabi/rasul atawa manẽhna ngaku geus
iman hayang asup kaom mukminin tapi...Iman nu ku urang
ditẽangan hayang boga tẽh mangrupa Nur
(sunda) ti Allah (Qs 42:52). Ari iman tẽh lain
nikmat nu panggedẽgedẽna ?? jeung pan ku
modal Sunda ieu tẽh jadi bekel urang nanjeur
heubeul jaya di buana boga dangiang sunda (Nur) caang
lain jadi kẽkẽsẽd deungeun
waẽ!!!!.
Pan kongas dina musthaf utsmani disebutkeun... kitab
gẽ mangrupa Nur (sunda) (42:52) lain mangrupa
tulisan dina kertas...sabab lamun kitab tẽh
mangrupa tulisan dina kertas bakal rẽa nu
nganggap mangrupa sihir... (QS 6:7) jrrd..jrrd
KASUNDAAN nu ngan khusus bacaeun ahli waris ambiya.

Katiluna,
Lamun geus apal kana paẽh, prosesna, cara cara
na nu jadi cecekelan nana....meureun engkẽ dina
waktuna ninggalkeun ieu alam tẽh lugina
pisan...moal ngahẽsẽkeun batur jeung
pribadina...da lain kakara....paẽh na gẽ
geus unggal usik. Ayeuna keur hirup gẽ naon
lebarkeuneunana. Siga aya caritaan kampung lamun aya
urang kota maot sok nyarita kieu... EULEUH EUY KARUNYA
TEUING MANGKANING MAOTNA KAKARA !!! untung teu
kadarẽngẽeun ku kulawargana...da lamun
kadẽngẽeun mah tangtu disebut kurang
ajar...atawa disebut heureuy ...padahal ceuk nu surti
mah enya karunya lamun kakara bari teu apal mah...saha
nu ngeunah ngalaman sagala lupa nu kakara komo
sakarat. Cacak ka tempat anyar gẽ ti kota ka
kampung ngarumas komo deui pindah ti dunya ka
ahẽrat.

Sapertos biasa lamun pareng engkẽ bagian
sanẽsna urang kintunkeun. Cag


---------
IV. Kumaha carana diajar paẽh teh ? tong sok
kalahka omong mungkul.....





__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/





Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke