Wa'alaikumussalam Wr. Wb.
 
Uluh kang Nana.......aya ku bageur ieu baraya teh, resep lah si teteh ka batawi pada ngabagea keun......keun lah, aya kanggo traktir mah , ....sok hoyong naon?  mung kanggo sahijieun...khusus kang Nana......heuheuheu.....
Nuhun ngawartosan ,  mani jentre  sapertos polantas wae...he he, teteh oge upami ka batawi tataros tara kasasaha, nya Polantas tea..Tos di simpen  malih mah di print eta jalur2 teh, engkin sawaktos2 ka ditu, kantun ningal catetan.....Mung hanjakal si teteh moal tiasa ngiringan engkin kaping 26, da bentrok sareng acara didieu..InsyaAlloh, kapayun  urang tiasa di tepangkeun......
sakali deui nuhun kang..!, mung nuju ujian naon...?
 
Salam
teh tien
 
 
 

Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr. wb.
aduh teteh mah mani... resep nya jalan-jalan, tapi ketang wios nya, apan hadi... juara kahiji aya keneh nya. asik abi di trakti... euy, jangji nya, da ti hotel mah caket ka sop kambing betawi Bang Kumis.
 
tah ieu waleran ti si kuring, pami kirang tepat mah hampura nya teh , sabab si kuring sanes polantas, heu heu.

ari teteh nganggo KA mah panginten lungsur di Gambir nya. saleureusna pami ti Gambir mah teu aya trayek langsung ka jl KS Tubun ( hotel Santika).
sadongkapna di Gambir pami hoyong gancang naik ojeg langsung, paling ongkosna ceban.
Nanging bilih hujan sumangga nganggo Bajay, lumayan kenangan sabab sakedap deui  bajay na moal aya di batawi. Tapi ketang brisik, pami hoyong rada merenah mah aya Taxi, nanging tong hilap anu warna biru, maksadna Blue Bird Group.
 
Tah ti Gambir lungsurna ka arah pengker stasiun ( Monas). ti dinya ka jl merdeka timur (Balai kota), belok ka kenca jl. haji teras belok ka palih kanan ka jl Kebon sirih, lurus we. Engke  tepang sareng lampu merah Thamrin, lampu merah A Muis lurus we teras, naek fly over jati baru, tepang lampu merah Darmokusumo tetep lurus, tah lebet jl KS Tubun.
 
Bilih lungsur di st Jatinegara oge tiasa. Ti st naek mikrolet jur. Kampung Melayu, gentos Bus AC no 104 jurusan cimone, lungsur di Slipi (lampu merah Jakarta Design Center), teras aya mikrolet anu ngalangkung ka KS Tubun.
 
Wilujeng Jalan jalan.
 
Si Kuring padumukan di Tg Priok jakarta Utara, padamelan di Kalapa Gading, kawit ti Brebes ( tapi sanes jawa kowek he he ). Pami teu aya halangan ke urang tepang di HS, nanging duka tah, sabab si kuring nuju ujian.
 
Mangga di antos di Batawi

teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun kang..!, sumuhun caketnya...aya sabaraha kilo deui kitu ti JL Pemuda ka Hotel....? muhun ...ah,  InsyaAlloh......Tapi upami ti Stasion Gambir  kumaha tah..? si teteh mah resep ka bis kota bari jalan-jalan tea...he he
Dupi kang Nana, dimana JKT na...?.
 
teh tien
(asik tiasa jalan-jalan di batawi , )

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke