bulan-bulan ieu, di lembur urang (api-api lembur urang we, da akteuna mah
geus loba nu dipimilik seler sejen utamana babah) enya, di tatar sunda, 
milu riweuh, hajat siga aceh.

gempa di garut. longsor di majalengka. longsor di cililin, longsor di
deukeut TPA Leuwih Gajah Cimahi. kungsi meunang sms, tanda salah milih
presiden cenah! heureuy sigana. piraku.

mun ditoong ku kang Oman nu geol-log, sigana ieu lembur teh memang rawan
pisan. da biasa, taneuh subur makmur loh jinawi mah kitu. teu ngampar
rata, atawa cadasna dijero, estuning parenjul loba gunung loba pasir nu
luhurna taneuh subur, nya antukna loba gawir loba jurang. hiji mangsa alam
pundung, uget sauetik. bencana alam we.

ieu teh meureun salian ti pepeling kanu keur hirup sangkan kudu bageur ka
alam, muji sukur ka pangeran, tapi oge sadar, hirup teh teu pira. sing
inget paeh- sanajan teu kudu diajar.

enya, kudu eling. kaasup eling pikeun tutulung kanu butuh tatalang kanu
susah.


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke