Majeungkeun akh!!!
Assalmualaekum wr wb
Sumuhun sadaya borok sunda anu kantos pribados
seratkeun sanes mangrupikeun hiji prototipe utama
ngenaan mentalitas urang sunda. Anapon hal-hal
sapertos eta panginteun  janteun semacam  sarana
kanggo ngadeskripsikeun kumaha salersena �kesadaran
diri�anu salami ieu dipinuhan ku prototife-prototipe
anu endah-endah wae (sunda mah bla..bla..bla�) di
dekonstruksi ku semacam buktos-buktos partikular
(sanes universal lho). Panginteun pribados kalersean
generasi MTV.waktos di Yogja wae ti kawit kaluar SMU
tahun 2000 majengkeun ngangsu kaweruh di salah sahiji
paguron ngeri di ditu di payunkeun kana kondisi
rerencangan  (ieu oge partikular) sunda anu uluketek
menuhan nafsu. Mangga linggih hiji waktos ka alun-alun
utara tabuh 12 weungi kaluhur, pami pareng tur
beruntung bakal mendakan seeur mahasiswa nu kawit ti
sunda anu milarian �selimut haneut�. atanapi misalna
(ieu oge sebagian tur teu ngarepresentasikeun)
kegiatan-kegiatan di asrama sunda anu pinuh ku
hura-hura mania. Sterotif anu terbangun dina emutan
teh, naha saparah keiu wargi-wargi teh?. Memang
pribados oge teu saalit mendakan mentalitas pekerja
keras warg-wargi sunda,mentalitas membanggakan tina
tengah-tengah budaya instan tur dipinuhan ku
kepura-puraan.kalersan ayuen di Jakarta geuning malah
langkung parah!!!. Mangga akh pami aya waktos mah
clubbing di sabaraha tempat nongkrong di jakarta�,hal
ieu oge kapendak waktos pribados dipercanteun babantos
di sabaraha paguron di wewengkon sunda.akur geuning
dulur !!! 
Wilujeng ningali realitas nyata tur ngabolekak.
Kapungkur ping 13 februari kang Oman Abudarhman (jalmi
anu di na mailist ieu dianggap ku pribados sebagai
seorag guru, resi tur mahesa anu jernih ningali setiap
permasalahan anu dipidangkeun) kantos nyeratkeun
dimensi pijeukan awal kanggo miar carapandang tur
cecekelan urang sunda,naha misalna kesadaran diri
sapertos kieu mangrupikeun bentuk pemberontakan tina
nalar anu dianggap normal sedengkeun dina mangsana ieu
manusa geus pojo kana diri na sorangan.nu aya ngan
sakedar eksploitasi diri tur ekploitsi hasrat
(numutkeun kang Yasrar Amir Pilliang tadi siang di
seminar mahasisawa Filsafat UI)
Janteun pami menurut istilah kang asep mah panginteun
asa tengteuingeun urang teh. loba ngajabreug
dimana-mana ngan teu weleh rusak ku eksploitasi tur
kaserakhan (janteun pami menutut kanjeung nabi mah �
hiji mangsa umat islam teh bakal loba tapi mung
sauukur biuh di lautan� panginteun cekap
ngarepresentasikeun kumaha saleresna konsepsi
kediriaan urang sunda teh.
Permasalahan terbesar menurut pribados mah pami
misalna dimensi rasionalitas urang sunda masih
ulukutek sabatas terjebak kana romantisme sejarah maka
nu bakal muncul mun sakedar kebanggaan-kebanggan
palsu. 
Di Tasik (duka di bandung atanapi dikota-kota sunda
anu sanes mah) fenomena nganggo bahasa Indonesia
langkung dianggap keren tur gaul daripada nganggo
bahasa sunda (hal ieu oge kena ka pribados,bahasa
sunda-na kaluar tina kaidah-kaidah kesundaaan). nu
memperparah, di sakola SMU bahasa sunda tos teu di
ajarkeun deui. Naha ieu tanda yeun kebudayaan sunda
bakal hancur/dihancurkeun../
Anging urang anu bakal tiasa ngawaleur.
belasungkawa kanggo para wargi anu ka kengingan
musibah di Bandung. modah-mudahan dipasihan jalan
keindahan tanpa batas
NB:
Baktos kanggo kang Asep, Kang Oman, Kang manar, kang
Hasan, kang Kumincir, Kang Fredi, teh ani,neng mpup
sareng wargi-wargi anu giat ngamumule ieu kabudayaan
luhung. Baktos oge kanggo wargi-wargi anu ngagiatkeun
ieu mailist ku janteun moderator sareng pupuhu.
Mudah-mudahan Gusti nu Kawasa maparinan sadaya
kagampangan tur kaberkahan kana sadaya kasaean
parawargi sadaya..

Wassalam wr wb
Baktos ti Depok 
Herdis 

> Anapon mentalitas pundungan, panginten anu langkung
> mendasarna
> mah "perasaan nya halus", anu akibatna janten gampil
> kasigeung.
> Tah, mun kirang-kirangna mah janten weh teras
> pundung tea. Tapi,
> eta ge masih keneh sipat turunan tina dasar
> "perasaan nu kacida
> halusna" tea. Janten pundungan oge kalebet
> kasuistik, sami
> sareng mental budak tea.
> 
> Katiluna, aya deui sipat urang sunda : "Batan
> dihina, kajeun
> perang bebeakan", contoh terkenalna : kasus Perang
> Bubat.
> 
> Kaopatna,
> Kuemutan sim kuring, perobahan jaman tiasa
> mangaruhan pilsapat
> hiji bangsa atanapi suku bangsa.
> Jigana peryogi aya data statistik anu langkung
> relevan berlaku
> kanggo generasi "ayeuna" lahiran taun 1900 kaluhur,
> maenya kedah
> wae nyontokeun generasi ratusan taun kapengker ?? 
> 
> MAngga, nyanggakeun...
> 
> Baktosna,
> Frendy.
> 
> 
> --- herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > 
> >  
> > Filsafat Sunda
> > 
> > Baktos ka para wargi, hapunten weleh terlambat
> jeung terlambat
> > weu pribados ngiring icuk kibung kieu teh. Manah
> mah hoyong
> > unggal dinteun bermesraan di Mailist teh tapi
> dalah
> > dikumahakeun, tos terjebak kana banalitas
> keseharian ku kedah
> > milari recang sangu di jalanan (biasa di urang mah
> elmu teh
> > teu aya hargaan), kutan kieu nasib buburuh teh
> (wah janteun
> > emut Schopenhauer, �hirup teh geuning
> pikasieneun�, terus Marx
> > anu nyarios �anu dialektika teh sanes Roh tapi
> materi�,
> > ngabalikeun tesis Hegel ngenaan historisitas
> manusia modern),
> > kecuali para wargi bade ngabantosan ngadamel
> �posko peduli
> > pribados� ku masihan kesempatan /informasi kanggo
> menikmati
> > indahnya hidup lewat kerjaan sambilan (ha..ha�,
> janteun emut
> > si Foucoult sareng Habbermas anu nyebatkeun yeun
> �urang teu
> > lepas tina kepentingan-kepentingan, sehingga niat
> suci teh
> > rada ka bentur tembok pangabutuh� (sok asa panas
> hate, dulur
> > urang anu Katholik mah mempelajari setiap ilmu,
> terutami
> > filsafat teh di cumponan sagala
> >  kaperyogianana, mung si individu kedah
> konsentrasi diajar,
> > maca, jeung nulis. Mun urang mah kedah adug
> lajeur�tarik
> > jabrik)
> > 
> > Balik deui kana hanca bahasan, �agama, filsafat
> katut cara
> > hidup urang sunda� pribados ngaraos etnis sunda
> teh lir ibarat
> > buih ombak di lautan. Loba tapi teu aya bekasna.
> Jumlah
> > penduduk sunda kirang langkung 37 Juta, tapi
> minimal (tina
> > parameter kekuasaan) gening sok kaselek ku
> etnis-etnis lain.
> > Punten ah, sanes bade ngabangkitkeun unsure-unsur
> cahuvanistic
> > ala sunda tapi ku margi berehan teuing kabatur
> urang mah noyod
> > weuh di pe�ngker, janteun budak tur teu weleh
> janteun
> > pecundang (waduh mani sarkas). Handap asor teuing
> dugi ka, teu
> > wantun ngarebut hak pikeun nanjeur. Ngelehan
> teuing dugi ka
> > terus we di ekspoitasi pikeun kepentingan
> non-sunda. 
> > 
> > Nu paling mendasar saleresna aya semacam prototype
> anu
> > bersifat deterministic (given/takdir pami di
> sederhanakeun
> > mah) yeun urang sunda mah religius teuing dugi ka
> hilap
> > ngabahas masalah-masalah dunya. Irasionalitas
> Sunda di bawah
> > Suku Jawa (teu sapertos kejawen anu janteun urat
> nadi
> > kahirupan sehari-hari), tapi geuning terus-terusan
> aya dina
> > kelek penguasa dengeun (suku anu sanes, kahade
> sakali deui
> > sanes bade promosi chauvinistic ala sunda).
> > 
> > Aya anekdot anu lucu, kalresan guru pribados ahli
> dina
> > filsafat Klasik di kampus kantos nyarioskeun:
> > 
> >  
> > 
> > �Waktos pemimpin tertinggi Indonesia milari
> wakil-na, fit and
> > proper test mulai di galakeun meski bersifat
> pribadi jeung teu
> > di ekspos ka luar (sapertos fit and proper test di
> wakil
> > rakyat anu hilir mudik ku duit tur selimut
> haneut). Ibu negara
> > kaleresan anu nyeleksi calon wakil-wakilna.
> Dongkap si X,
> > teras di taros 1+1 sabaraha?, kumargi si X lulusan
> luar negeri
> > si X ngawaler 1+1 = 2 gagal, teras si Y ku
> pertarosan anu sami
> > waleranana oge sami 2, teras sapertos kitu dugi ka
> dongkap si
> > Z anu kawit ti sunda. Waleran si Z yeun 1+1 nyaeta
> �kumaha ibu
> > wae� janteun credit point dugi ka manteuna
> diangkat janteun
> > wakil eta pemimpin�
> > 
> >  
> > 
> > anekdot teu lucu di luhur saleresna mung bade
> ngabedah yeun
> > mentalitas urang sunda teh mangrupikeun mentalitas
> anu ngajaga
> > keselarasan kosmis ku �ngiringan bae�. Janteun teu
> lepat
> > panginteun pami salian berehan, handap asor, getol
> ibadahna,
> > urang sunda oge gaduh mentalitas Budak (ieu mah
> nambut bahasa
> > si Nietzche) anu �kumaha ibu bae� ditambih ku
> pribados sareng
> > mentalitas �pundungan�. Kumaha lur, akur teu?
> > 
> > Bravo, Laa TAkhzan Innallaha Ma�ana
> > 
> > BAktos 
> > 
> > Pun Adi 
> > 
> > Herdis 
> > 
> >  
> > 
> > 
> >             
> > ---------------------------------
> > Do you Yahoo!?
> >  Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
> 
=== message truncated ===



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke