Soriii.. punten... lain Timbul... tapi si Basuki, nya..!! Geuningan ari keur gede ambek sok rada teu kontrol... Sakali deui hampura aing..!!
Waduuuhh... Punten baraya.. maklum lembur aing kabanjiran..!! Loba dulur-dulur aing nu ngarungsi ka gedong-gedong serbaguna.
Aduuhh... aing salah maca.... Kieu yeuh ari emosian teh...  pang bejakeun ka Timbul aing nu salah maca, kituh..!!
Tapi ka pangbejakeun si Basuki "Ulah macem-macem ka Urang Sunda bisi aing ngamuk, kituh..!!"
Bisi imahna dikiriman banjir... Mangkaning ieu cai lain cai samanea... Tapi cai walungan....
 
Salam baktos ka US,
Om TEDDY
urang Sunda ti Subang
nu dulurna keur kabanjiran cai
 
----- Original Message -----
From: Om TEDDY
Sent: Tuesday, February 22, 2005 1:27 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Korek API

Aing ngarasa sugema maca tulisan Kang EsEr. Manehna masih bisa nahan emosi bari jeung heneg. Mun aing kaparengan nongton.. tuluy ngadenge langsung eta omongan si Timbul.... Duka teuing bakal kumaha? Dasar koplok si Timbul nepi ka kitu patut omongan teh... Maenya aing kudu ngaluarkeun elmu Kasatriaan (Ganteng) aing? Maenya kudu nepi ka kitu?
Karak ngadenge wungkul geus leuwih ti Heneg....
 
Bae, lah... Emang Jawa mah hayang meunang kabeh wae. Padahal manehna teu inget Soekarno nu Jawa mun teu aktip di Bandung (nu Sunda) moal nepikeun jadi Proklamator... Ciik atuh Jawa maenya aing kudu nyebut bari jeung nyupata, mah...???
 
Teuing, ah...!! Kunaon peuting ayeuna aing jadi rada gede ambek, euy..?? Cik baraya... Tulungan aing..!!
Punten baraya...!! Aing peuting ayeuna "uang-aing"...
 
Sakali deui punten... Pedah komputer aing anyar, kitu..?? Pedah 2 poe teu bisa noongan KusNet...?? Ieu kitu epek sampingna teu miluan kusnet 2 poe?
Duka teuing lembur aing keur kabanjiran kitu? Atawa aing sakeudeung deui rek beunghar?
 
Wassalam,
Om TEDDY
nu keur gede ambek
----- Original Message -----
Sent: Friday, February 18, 2005 11:13 PM
Subject: [Urang Sunda] Korek API

Korek api ieu lain korek api anu sok ngajelegur hurung lamun dicekeskeun, tapi salahsahiji acara di TPI anu midangkeun acara audisi pelawak. Ma'lum kaayeunakeun keur usum demam demaman salain DBD oge demam audisi audisian, api-apian, idol-idolan, kadei-kadeian, boa-boa engke mah kdi ge robah jadi kontes dukun indonesia atawa penghuni terakhir diganti hadiahna ku kuburan anu hargana sarua sa-em oge, ngan meureun ngarana diganti  jadi peristirahatan terakhir, anu meunang bakal dibere hadiah kuburan tur kudu cicing salilana didinya. Cing saha nu nek ngilu audisi ?
 
Balik deui ka korek api, basa kang Ibing jadi tim pencela (juri) mun togmol mah geregeteun hayang nanya, naha ti urang sunda euweuh nu ngirimkeun ? Nu jol teh ti jawa deui ti jawa deui jeung ti batawi. Padahal pan urang sunda teh kasohor tukang banyol. Bener ceuk kang Akri komedian urang kulon anu nyantri " Emang enak ngelawak!" celetukna. Enya teu gampang ngabanyol hareupeun batur komo bari jeung dijurian ku para dedengkot pelawak. Leuwih gampang nyeungseurikeun batur tibatan nyieun pikaseurieun. Najan siuing ge anu sok pirajeunan kutrat kotret anu teu weleh dibumbuan ku royko, eh ku humor, asana angkat tangan lamun kudu ngabodor dihareupeun umum. Eta meureun pangna ti tatar pasundan jarang nu ngirimkeun. Matak hanjelu.
 
Peuting kamari kahanjelu ka grup lawak ti sunda asa ka ubaran ku tampilna SOS grup lawak asal Bandung. Bahan lawakanana edun, plesetanana aptudet, jeung geus pasti logat sundana lekoh pisan. Palawak Parto anu kungsi jadi koboy-koboyan di planet hollywood alatan embung diwawancara ge, ngacungkeun jempol tur mere pujian pon kitu deui tim pencela sejena saperti Tessy Kabul alias awewe kajajaden  mere cap jempol oge. Ngan hanjakal kang Ibing harita teu kaparengan ngajurian. Anu matak nyungkelit kana ati komentarna Basuki salaku tim pencela, anu ngucapkeun "ENEK" ningali lawakan SOS lantaran cenah geus nyaho ti sunda hayoh make ngahaleuang lagu sunda. "Emang yang nongton acara ini urang sunda semuah!" Emh matak nyentug, enya gara-garana mah mimiti ngalawak dibuka ku kecap kecap sunda bari dihaleuangkeun. Pikeun anu sok pirajeunan nongton acara "Sasagon" ditivi Bandung mah, hahaleuangan model kitu teh geus teu bireuk deui kawas bodoran Siompong tea. Eta ge meureun meunang ngadopsi tidinya. Keun ngarana ge tim pencela, malah basa aya grup ti Semarang anu ngomong kajawa-jawaan manehna ngomong kitu oge. Tamba Era.
 
Ahirna tim SOS pangpunjulna, aya 37 % tina pengumpulan sms. Hag siah enek enek  tapi enak juga kan !" Mangga ka urang sunda urang dukung baraya urang ieu, kujalan ngirim sms ketik API spasi SOS ka 6288. Mun teu kuurang sunda nya kusaha deui, paling paling batur mah nyebut ENEK maning, ENEk maning !.
 
SR ( Sunda Bangeeet )



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke