Tadi isuk-isuk, sanggeus apel pagi di rohangan, terus kuring ngiluan survey ka Leuwi Gajah, ningalian ka anu keuna ku longsor runtah tea, miang ti pagawean teh jam 9an, di jalan teh teu lila da bisa liwat ka jalan tol kaluar di Baros. Nepi ka TPA teh tabuh 9.30, geunah lantaran rada isuk keneh can loba teuing jalma anu rek lalajo, jeung can loba teuing anu dagang. Ningali kitu mah asa ngenes, naha bet bisa kajadian siga kitu...naha teu aya antisipasi samemehna, maksud teh naha teu katoong pikitueun kitu..? Geura we tumpukan runtah nu sakitu ngagunungna, ayana ampir disisi gawir, ari dihandap sawah jeung imah penduduk aya puluhna. Eta runtah teh urug bareng jeung longsorna taneuh nu jadi tatapakan eta runtah, puguh we imah imah nu dihandap teh ka urugan pisan. Runtah anu sakitu lobana sigana lolobana runtah ti Bandung, boa boa runtah ti imah kuring ge aya. Waktu tatanya dimana posko bencana, jawabanana can pati jinek, sigana kabeh ge keur konsentrasi keneh kana neangan korban anu kaurugan. Beko diitung teh aya sabelas keur ngararata runtah di tempat urug, sigana bari jeung neangan korban.
Lamun baraya ti Kusnet bade nyumbang ka anu kamusibahan, insya kuring jeung MJ daek ngirimkeunana. MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/